Mangga nyanggakeun, tambih tiiseun.
Sora samar nyaeta sora nu gelarna ngan ku lantaran katarik ku ngunikeun dua
aksara sora ( aya sora tapi teu ditulis )
Mangga tingali kecap dihandap ieu :
1. Dina lebah i jeung e' ngantet jeung aksara-sora nu sejen, sok timbul sora
samar y :
liat sada liyat, diuk sada diyuk, mios sada miyos, bieu sada biyeu, beak
sada beyak, beo sada beyo, siet sada siyet jste.
2. Lamun o atawa u ngantet jeung aksara-sora nu sejen, ditengahna sok aya sora
samar w :
boa sada bowa, boeh sada boweh, kueh sada kuweh, dua sada duwa, bui sada
buwi, bueuk sada buweuk jste.
Kade bilih hilap :
suweng emas teu bisa ditulis sueng emas
owel ku barang teu bisa ditulis oel ku barang
ngeyong budak teu bisa ditulis ngeong budak
eyang Suta teu bisa ditulis eang Suta jste
Tambi ngalamun
gagak hideung
Yahoo! Mail Kini Lebih Cepat dan Lebih Bersih. Rasakan bedanya sekarang!
http://id.mail.yahoo.com