Terasna, respon kana masalah bencana.

manar

---------- Forwarded message ----------
From: <budiperm...@indosat.blackberry.com>
Date: 2010/4/7
Subject: Re: [Usaha Ngurangan Risiko Bencana di Jawa Barat] - 1 : Uar
Pangajak
To: yusep...@yahoo.com, Cahyana Kominfo <cahy...@gmail.com>, Kisk S <
kiske...@gmail.com>, Kisk <kiske...@yahoo.com>, Aas R <aasruk...@yahoo.co.id>,
Dodi Syaripudin <dodisyaripu...@yahoo.com>, Prof AMR-Law Page <
ahmadmra...@yahoo.com>, Agung wibowo Tritech <agung_wib2...@yahoo.com>, Arry
akhmad arman <ar...@kupalima.com>, Ashwin S Sasongko <
ash...@depkominfo.go.id>, Asep warlan <war...@bdg.centrin.net.id>, Rachmat
Sentika <rsent...@yahoo.com>, BB <akupreside...@gmail.com>
Cc: Oman Sundanet <omana...@gmail.com>, Acil Bimbo <
indirasuma...@yahoo.co.id>, Ridwan kamil <rkami...@yahoo.com>, "Teuku
Abdullah Sanny Prof Dr." <tasanny.b...@gmail.com>, Muchlis Yusuf <
ahma...@antara.co.id>


Aslkm punten abdina saukur tukang solder, ari urang sadayana sok hilap jeung
ribut upami tos aya kajantenan, saur bahasa deungeun mah urang galakeun
preventif action salah sahijina kumaha upami disiapkeun team anu terlatih
upami aya gempa sebagai team yg membantu penyelamatan daerah yg kena gempa,
team ieu dilatih 6 atanapi 8 sasih sakali, tapi team sukarela ada
sertifikat, dan biaya pelatihannya dari sponsor yg berminat dan Insya Allah
dari zakat dan sodakoh urang sadaya tiasa dimanfaatkeun.

Was
Budi Permana

Sent from my BlackBerry®
powered by Sinyal Kuat INDOSAT
------------------------------
*From: * "Yusep Rosmansyah" <yusep...@yahoo.com>
*Date: *Sun, 4 Apr 2010 23:25:41 +0000
*To: *Cahyana Kominfo<cahy...@gmail.com>; Budi Permana<
budiperm...@indosat.blackberry.com>; Kisk S<kiske...@gmail.com>; Kisk S<
kiske...@yahoo.com>; Aas R<aasruk...@yahoo.co.id>; Dodi Syaripudin<
dodisyaripu...@yahoo.com>; Prof AMR-Law Page<ahmadmra...@yahoo.com>; Agung
wibowo Tritech<agung_wib2...@yahoo.com>; Arry akhmad arman<
ar...@kupalima.com>; Ashwin S Sasongko<ash...@depkominfo.go.id>; Asep
warlan<war...@bdg.centrin.net.id>; Rachmat Sentika<rsent...@yahoo.com>; BB<
akupreside...@gmail.com>
*Cc: *Oman Sundanet<omana...@gmail.com>; Acil Bimbo<
indirasuma...@yahoo.co.id>; Ridwan kamil<rkami...@yahoo.com>; Teuku Abdullah
Sanny Prof Dr.<tasanny.b...@gmail.com>; Muchlis Yusuf<ahma...@antara.co.id>
*Subject: *Re: [Usaha Ngurangan Risiko Bencana di Jawa Barat] - 1 : Uar
Pangajak

Bp Cahyana srg Bapa lianna anu dipihormat,

Hatur nuhun kanggo infona. Hoyong oge ngiring kontribusi kanggo masyarakat.
Widang abdi "aplikasi ponsel". Siap dukung kanggo ngadamel aplikasi
ponsel+web kanggo "uar pangajak".
Bingah pisan tiasa maos info dina basa Sunda.

Wslm,
Yusep - Elektro ITB
------------------------------
*From: * "cahyana ahmadjayadi" <cahy...@gmail.com>
*Date: *Sun, 4 Apr 2010 16:07:50 +0000
*To: *Budi Permana<budiperm...@indosat.blackberry.com>; Kisk S<
kiske...@gmail.com>; Kisk S<kiske...@yahoo.com>; Aas R<aasruk...@yahoo.co.id>;
Dodi Syaripudin<dodisyaripu...@yahoo.com>; Prof AMR-Law Page<
ahmadmra...@yahoo.com>; Agung wibowo Tritech<agung_wib2...@yahoo.com>; Yusep
Rosmansyah<yusep...@yahoo.com>; Arry akhmad arman<ar...@kupalima.com>;
Ashwin S Sasongko<ash...@depkominfo.go.id>; Asep warlan<
war...@bdg.centrin.net.id>; Memet RS<rsent...@yahoo.com>; BB<
akupreside...@gmail.com>
*Cc: *Oman Sundanet<omana...@gmail.com>; Acil Bimbo<
indirasuma...@yahoo.co.id>; Ridwan kamil<rkami...@yahoo.com>; Teuku Abdullah
Sanny Prof Dr.<tasanny.b...@gmail.com>; Muchlis Yusuf<ahma...@antara.co.id>
*Subject: *Fw: [Usaha Ngurangan Risiko Bencana di Jawa Barat] - 1 : Uar
Pangajak

Mangga dititenan, urang sasarengan ngarojong ieu program,
Cc Kang Oman, nuhun tos sharing perkawis ieu, waslm

CA-Bandung Art Page
BAKUL50
------------------------------
*From: * "cahyana ahmadjayadi" <cahy...@gmail.com>
*Date: *Sun, 4 Apr 2010 15:57:21 +0000
*To: *Iwan setiawan KaBPLHD Jabar<setiawa...@bplhdjabar.go.id>; Deddy Tb
MetroTV<tb_de...@rocketmail.com>; Okki Jusuf<okki.ju...@yahoo.com>; Erry
Harjapamekas<err...@cbn.net.id>; Iskandar Kreatif<iskandars...@myself.com>;
Iwan herdiwan<surili2...@yahoo.com>; Benny Buldansyah<bennylut...@yahoo.com>;
Lina Sundanet<herliana...@yahoo.com>; Dea Kusuf<graha...@gmail.com>; Dendhi
BG Creative Lab<kharisma.gan...@gmail.com>; Taufandaru Gautama<
tofand...@hotmail.com>; Ari warsodoedi<a...@ptkib.com>; Ludi<
ludi_yu...@yahoo.com>; Ludi Y<l...@ptkib.com>
*Cc: *Oman Sundanet<omana...@gmail.com>; Acil Bimbo<
indirasuma...@yahoo.co.id>
*Subject: *Fw: [Usaha Ngurangan Risiko Bencana di Jawa Barat] - 1 : Uar
Pangajak

Mangga dititenan, urang sasarengan ngarojong ieu program,
Cc Kang Oman, nuhun tos sharing perkawis ieu, waslm

CA-Bandung Art Page
BAKUL50
------------------------------
*From: * oman abdurahman <omana...@gmail.com>
*Date: *Sun, 4 Apr 2010 22:33:17 +0700
*To: *<kisu...@yahoogroups.com>
*Cc: *urang sunda<urangsunda@yahoogroups.com>; milis_tasik<
ta...@yahoogroups.com>; <sub...@yahoogroups.com>
*Subject: *[Usaha Ngurangan Risiko Bencana di Jawa Barat] - 1 : Uar Pangajak

Usaha Ngurangan Risiko Bencana di Jawa Barat [1] : Uar Pangajak



Baraya, minangka laporan, pertanggungjawaban dina hal informasi, jeung
amanah pajemuhan anu akhir kamari, 2 April 2010, si kuring ti simet ayeuna
Insta Alloh sacara rutin seja ngirimkeun seratan ka milist ngeunaan  naon
rupa gerak-lengkah boh di  Pamarentahan atawa di masyarakat anu aya
patula-patali jeung ngurangan resiko bencana, khususna di Jawa Barat anu
kamonitor ku si kuring.



Sanggeus riungan di gedong Sate tgl 12 Maret 2010 ngeunaan bencana, geus aya
2 riungan minangka lajuninglakuna. Anu kahiji tgl 24 Maret 2010, eusina
leuwih nyoko kana ngarautan hasil pajemuhan tgl 12 Maret 2010. Anu kadua,
kamari, poe Juma’ah, 2 April 2010 kalayan diluluguan ku kang Acil Bimbo
jeung anu boga hajatna nyaeta Pak Surono, Kepala Pusat Vulkanologi dan
Mitigasi Bencana (Ka PVMBG), Badan Geologi, tempatna di kantor pak Surono
kuanjeun (PVMBG). Naon anu seja ditepikeun dina ieu kasempetan taya lian ti
hasil riungan 2 April 2010 jeung uar pangajak minangka eusi pang pentingna
tina eta riungan.



Tina riungan tgl 2 April 2010, sababara hal anu jadi kacindekan kl bisa
diringkeskeun kieu:



1)   Jawa Barat teh jawara (pang mindengna) kajadian bencana sa Indonesia
utamana  gempa bumi jeung longsor (gerakan tanah). Potensi gunung bitu oge
gede (di Jawa Barat aya 7 gunungapi anu sawaktu-waktu bisa bitu, pang lobana
sa Indonesia). Dina hal korban bencana, ti saprak kajadian tsunami Aceh
(salaku pengecualian), Jawa Barat pang lobana korban (maot) alatan bencana
(utamana kusabab bencana longsor). Kukituna, masyarakat Jawa Barat kudu
sadar jeung ngabiasakeun hirup “babarengan” jeung (potensi) bencana nepi ka
parigel dina nyanghareupan jeung ngungkulanana (kasauran Kang Acil dumasar
budaya/naskah kuno, carita rakyat, uga; pamadegan pak Surono berdasarkan
bukti-bukti elmu pangaweruh);



2)   Kang Acil yakin yen kajadian bencana ka hareup di Jabar tinimbang
ngurangan balikta (bahkan) baris ningkat atawa nambahan. Kayakinan anjeunna
dikuatan ku pa Surono ku bukti-bukti jeung data ti widang geologi (upamana
wae: 1) Gunung Guntru geus lila istirahat, biasana, hiji gunungapi aktif anu
geus lila istirahat nalika aktif terus bitu tanaga anu dikaluarkeunana –
hartina : potensi bencanana – tambah badag; 2) pusat-pusat gempa di darat
sapulo Jawa lolobana di Jabar; 3) Di tahun 2009, korban manusa akibat
bencana lolobana di Jabar, jeung di taun 2010 nepi ka bulan Maret 2010 Jabar
geus “jawara” deui wae dina nandangan korban akibat bencana (akibat bencana
longsor); 4) potensi bencana banjir Jawa Barat oge gede (kasus kabanjiran di
Karawang).


      Perkiraan bencana ka hareup anu baris ningkat – lain nyingsieunan –
tapi dumasar kerentanan masyarakat kana ancaman bencana di Jabar anu beuki
ningkat alatan perilaku masyarakat anu teu sadar bencana jeung Pamarentahan
anu teu acan soson-soson merhatikeun jeung ngayakeun tindakan dina ngurangan
eta kerentanan.



3)   Kudu aya tindakan anu saenggalna. Kang Acil ngusulkeun sangkan samemeh
Agustus 2010 (mangsa datangna bulan puasa laju disambung ku bulan
September-Oktiber nepi ka Desember- mangsa datangna usum hujan) kudu geus
bahan mangrupa media sosialisasi (buku, brosur, pamlet, leaflet, jst)
bagikeuneun ka masyarakat, pakumbuhan-pakumbuhan utamana di daerah langganan
bencana; LSM2 jeung kelompok sukarela widang bencana, guru-guru, jeung kumna
anu seja ancrub dina perhatian kana bencan.



      Eusining eta media teh diantarana: lengkah-lengkah praktis pikeun
nganyahokeun tanda-tanda bencana, cara-cara ngabewarakeunana ka masyarakat
jeung pihak-pihak anu pakait; peta atawa kar ngeunaan jalur-jalur evakuasi
jeung naon wae anu kudu dibawa dina waktuna ngungsi; nama jeung alamat
kelompok sukarelawan anu bisa dihubungan jeung kumaha cara ngahubunganana;
standar kerja para relawan dina mangsa samemeh, nalika jeung sanggeus
kajadian bencana, jst.



      Mataholangna: media praktis pikeun mitigasi bencana sangkan masyarakat
– ceuk istilah kang Acil – bisa ngurus dirina sorangan (patali jeung
nyanghareupan ancaman bencana, nyegah kajadian bencana, atawa dina derna
pisan kajadian bencana). Dina pedaran pak Surono, mitigasi bencana the
dihartikeun salaku naon wae tindakan anu tujuanana pikeun ngurangan risiko
bencana saleutik-leutikna (minimal: teu aya korban jiwa).



4)   Anu disebut risiko bencana teh nyaeta kamungkinan korban jiwa atawa
kailangan harta benda alatan kajadian bencana. Satiap bencana diwangun ku
ancaman bencana (bahaya) jeung kerentan kana eta ancaman. Tah, anu bisa
ditarekahan ku manusa nya teu aya lian iwal ti ngurangan karentanan kana
ancaman bencana. Target nyieun media sakumaha kasebut di luhur taya lian
pikeun ngurangan kerentanan kana ancaman bencana dina raraga ngurangan
risiko bencana. Mataholangna: sangkan nalika kajadian bencana henteu loba
atawa henteu aya korban jiwa kalayan masyarakat anu pakait bisa ngurus
dirina sorangan (henteu gumantung kumaha anu di luhur wae, henteu telat dina
ngayakeun tindakan nyegah korban jiwa anu loba dina hiji kajadian bencana).



5)   Kang Acil, pak Surono, jeung sadaya anu hadir dina riungan 2 April 2010
umajak ka balarea – kalebet anggota ieu milist – sangkan aub sabisana,
samampuna boh dina gerakan jangka pendek atawa usaha jangka panjang. Gerakan
jangka pendek nya program nyieun jeung nepikeun media katerangan/ informasi
praktis pikeun masyarakat dina raraga sasadiaan nyanghareupan bencana
sangkan dina kajadiana bencana ka hareup teu aya korban manusa saurang oge.
Usaha jangka panjang diantarana: pajemuhan-pajemuhan pikeun ngadiskusikeun
rencana tindak dina raraga mitigasi bencana; nyieun lengkah-lengkah kreatif
dina raraga ngurangan korban jiwa akibat bencana; ngawangun kasejahteraan
masyarakat sangkat kerentanana kana ancaman bencana ngurangan, jst.


Panggero ka sadayana:

Mangga diantos pamairanana ti sadayana patali jeung kacindekan nomer 5 anu
kasabut di luhur; atawa postingan ideu anyar/sejenna ngeunaan bencana jeung
ngurangan korban akibat bencana di Jawa Barat, khususna, dina aspek naon wae
anu dianggap penting (anu parigel dina facebook, mangga geura kawitan muka
panggero gerakan 1.000.000 dukungan bagi mitigasi bencana di Jabar, misalna.
Anu tiasa ngadamel poster, leaflet, jst mangga usulkeun kanggo midamelanana,
bahanna ke tiasa dikirim ku tim kang Acil, jst.

Emut, lain nyingsieunan, sakumaha kasauran kang Acil anu dikuatkan
kamungkinana ku pak Suronon: yen kajadian bencana ka hareup tinimbang
ngurangan, malahan baris nambahan, kaasup di Jabar alias Tatar Sunda tea.

Cag heula.

baktosna:
manar
PS:
- hapunten, postingan anu ieu panjang pisan
- ka baraya anu aya maksad ngilo bahan-bahan pajemuhan kamari, mangga japri
wae sugan teu badag teuing memmory bahan kirimkeunana.

Kirim email ke