Mung sekedar sumbang saran ka kang oman, di Bandung aya nu namina Stasiun Geofisika Bandung jalan cemara wilayah operasionalna nu saleresna mah "perpanjangan tangan " ti Stasiun Klimatologi Darmaga Bogor, kagungan Pos Pencatat Curah Hujan di wilayah jawa barat, Pos hujan eta fungsina nyatet hujan nu ragrag di daerah eta,(panginten tiasa diinventarisir pos hujan mana nu ngawakilan daerah gunung /bukit ) pami kanggo sistim peringatan dini tiasa panginten nu aya hubungannnya kana potensi banjir sareng longsor komo deui pami tos di gabung sareng peta DAS, ayeuna mah para petugas pencatat teh tos garaduheun HP janten langkung gampil dihubungina ( contona pami hujan rada badag,sabaraha dinten hujanna atanapi pami aya cuaca ekstrim sapertos puting beliung sllna), ku ayana info ieu tiasa bae janten peringatan dini kanggo wargi wargi nu aya di dataran rendah bahkan dugi ka daerah pantey kanggo banjirna, kitu deui kanggo longsorna.
htr nuhun. ________________________________ From: oman abdurahman <[email protected]> To: [email protected] Cc: urang sunda <[email protected]>; milis_tasik <[email protected]> Sent: Tue, April 6, 2010 8:26:55 PM Subject: [Urang Sunda] Fwd: [Usaha Ngurangan Risiko Bencana di Jawa Barat] - 1 : Uar Pangajak Mangga, terasna deui respon kana masalah bencana. Bilih aya baraya anu gaduh ideu kumaha ngamanfaatkeun teknologi ponsel web kanggo mitigasi (mengurangi risiko) bencana, mangga, usulan di hadap ieu tiasa diteraskeun. baktosna, manar ---------- Forwarded message ---------- From: Yusep Rosmansyah <yusep...@yahoo. com> Date: 2010/4/5 Subject: Re: [Usaha Ngurangan Risiko Bencana di Jawa Barat] - 1 : Uar Pangajak To: Cahyana Kominfo <cahy...@gmail. com>, Budi Permana <budipermana@ indosat.blackber ry.com>, Kisk S <kiske...@gmail. com>, Kisk S <kiske...@yahoo. com>, Aas R <aasruk...@yahoo. co.id>, Dodi Syaripudin <dodisyaripudin@ yahoo.com>, Prof AMR-Law Page <ahmadmramli@ yahoo.com>, Agung wibowo Tritech <agung_wib2000@ yahoo.com>, Arry akhmad arman <ar...@kupalima. com>, Ashwin S Sasongko <ash...@depkominfo. go.id>, Asep warlan <[email protected]. net.id>, Rachmat Sentika <rsent...@yahoo. com>, BB <akupresidenri@ gmail.com> Cc: Oman Sundanet <omana...@gmail. com>, Acil Bimbo <indirasumarna@ yahoo.co. id>, Ridwan kamil <rkami...@yahoo. com>, "Teuku Abdullah Sanny Prof Dr." <tasanny.bhtv@ gmail.com>, Muchlis Yusuf <ahma...@antara. co.id> Bp Cahyana srg Bapa lianna anu dipihormat, Hatur nuhun kanggo infona. Hoyong oge ngiring kontribusi kanggo masyarakat. Widang abdi "aplikasi ponsel". Siap dukung kanggo ngadamel aplikasi ponsel+web kanggo "uar pangajak". Bingah pisan tiasa maos info dina basa Sunda. Wslm, Yusep - Elektro ITB ________________________________ From: "cahyana ahmadjayadi" <cahy...@gmail. com> Date: Sun, 4 Apr 2010 16:07:50 +0000 To: Budi Permana<budipermana@ indosat.blackber ry.com>; Kisk S<kiske...@gmail. com>; Kisk S<kiske...@yahoo. com>; Aas R<aasruk...@yahoo. co.id>; Dodi Syaripudin<dodisyaripudin@ yahoo.com>; Prof AMR-Law Page<ahmadmramli@ yahoo.com>; Agung wibowo Tritech<agung_wib2000@ yahoo.com>; Yusep Rosmansyah<yusep...@yahoo. com>; Arry akhmad arman<ar...@kupalima. com>; Ashwin S Sasongko<ash...@depkominfo. go.id>; Asep warlan<[email protected]. net.id>; Memet RS<rsent...@yahoo. com>; BB<akupresidenri@ gmail.com> Cc: Oman Sundanet<omana...@gmail. com>; Acil Bimbo<indirasumarna@ yahoo.co. id>; Ridwan kamil<rkami...@yahoo. com>; Teuku Abdullah Sanny Prof Dr.<tasanny.bhtv@ gmail.com>; Muchlis Yusuf<ahma...@antara. co.id> Subject: Fw: [Usaha Ngurangan Risiko Bencana di Jawa Barat] - 1 : Uar Pangajak Mangga dititenan, urang sasarengan ngarojong ieu program, Cc Kang Oman, nuhun tos sharing perkawis ieu, waslm CA-Bandung Art Page BAKUL50 ________________________________ From: "cahyana ahmadjayadi" <cahy...@gmail. com> Date: Sun, 4 Apr 2010 15:57:21 +0000 To: Iwan setiawan KaBPLHD Jabar<setiawa...@bplhdjab ar.go.id>; Deddy Tb MetroTV<tb_de...@rocketmail .com>; Okki Jusuf<okki.ju...@yahoo. com>; Erry Harjapamekas<[email protected]. id>; Iskandar Kreatif<iskandarsyah@ myself.com>; Iwan herdiwan<surili2...@yahoo. com>; Benny Buldansyah<bennyluthfi@ yahoo.com>; Lina Sundanet<herliana_95@ yahoo.com>; Dea Kusuf<graha...@gmail. com>; Dendhi BG Creative Lab<kharisma.gandhi@ gmail.com>; Taufandaru Gautama<tofand...@hotmail. com>; Ari warsodoedi<[email protected]>; Ludi<ludi_yu...@yahoo. com>; Ludi Y<[email protected]> Cc: Oman Sundanet<omana...@gmail. com>; Acil Bimbo<indirasumarna@ yahoo.co. id> Subject: Fw: [Usaha Ngurangan Risiko Bencana di Jawa Barat] - 1 : Uar Pangajak Mangga dititenan, urang sasarengan ngarojong ieu program, Cc Kang Oman, nuhun tos sharing perkawis ieu, waslm CA-Bandung Art Page BAKUL50 ________________________________ From: oman abdurahman <omana...@gmail. com> Date: Sun, 4 Apr 2010 22:33:17 +0700 To: <kisu...@yahoogroups .com> Cc: urang sunda<urangsu...@yahoogro ups.com>; milis_tasik<ta...@yahoogroups. com>; <sub...@yahoogroups. com> Subject: [Usaha Ngurangan Risiko Bencana di Jawa Barat] - 1 : Uar Pangajak Usaha Ngurangan Risiko Bencana di Jawa Barat [1] : Uar Pangajak Baraya, minangka laporan, pertanggungjawaban dina hal informasi, jeung amanah pajemuhan anu akhir kamari, 2 April 2010, si kuring ti simet ayeuna Insta Alloh sacara rutin seja ngirimkeun seratan ka milist ngeunaan naon rupa gerak-lengkah boh di Pamarentahan atawa di masyarakat anu aya patula-patali jeung ngurangan resiko bencana, khususna di Jawa Barat anu kamonitor ku si kuring. Sanggeus riungan di gedong Sate tgl 12 Maret 2010 ngeunaan bencana, geus aya 2 riungan minangka lajuninglakuna. Anu kahiji tgl 24 Maret 2010, eusina leuwih nyoko kana ngarautan hasil pajemuhan tgl 12 Maret 2010. Anu kadua, kamari, poe Juma’ah, 2 April 2010 kalayan diluluguan ku kang Acil Bimbo jeung anu boga hajatna nyaeta Pak Surono, Kepala Pusat Vulkanologi dan Mitigasi Bencana (Ka PVMBG), Badan Geologi, tempatna di kantor pak Surono kuanjeun (PVMBG). Naon anu seja ditepikeun dina ieu kasempetan taya lian ti hasil riungan 2 April 2010 jeung uar pangajak minangka eusi pang pentingna tina eta riungan. Tina riungan tgl 2 April 2010, sababara hal anu jadi kacindekan kl bisa diringkeskeun kieu: 1) Jawa Barat teh jawara (pang mindengna) kajadian bencana sa Indonesia utamana gempa bumi jeung longsor (gerakan tanah). Potensi gunung bitu oge gede (di Jawa Barat aya 7 gunungapi anu sawaktu-waktu bisa bitu, pang lobana sa Indonesia). Dina hal korban bencana, ti saprak kajadian tsunami Aceh (salaku pengecualian) , Jawa Barat pang lobana korban (maot) alatan bencana (utamana kusabab bencana longsor). Kukituna, masyarakat Jawa Barat kudu sadar jeung ngabiasakeun hirup “babarengan” jeung (potensi) bencana nepi ka parigel dina nyanghareupan jeung ngungkulanana (kasauran Kang Acil dumasar budaya/naskah kuno, carita rakyat, uga; pamadegan pak Surono berdasarkan bukti-bukti elmu pangaweruh); 2) Kang Acil yakin yen kajadian bencana ka hareup di Jabar tinimbang ngurangan balikta (bahkan) baris ningkat atawa nambahan. Kayakinan anjeunna dikuatan ku pa Surono ku bukti-bukti jeung data ti widang geologi (upamana wae: 1) Gunung Guntru geus lila istirahat, biasana, hiji gunungapi aktif anu geus lila istirahat nalika aktif terus bitu tanaga anu dikaluarkeunana – hartina : potensi bencanana – tambah badag; 2) pusat-pusat gempa di darat sapulo Jawa lolobana di Jabar; 3) Di tahun 2009, korban manusa akibat bencana lolobana di Jabar, jeung di taun 2010 nepi ka bulan Maret 2010 Jabar geus “jawara” deui wae dina nandangan korban akibat bencana (akibat bencana longsor); 4) potensi bencana banjir Jawa Barat oge gede (kasus kabanjiran di Karawang). Perkiraan bencana ka hareup anu baris ningkat – lain nyingsieunan – tapi dumasar kerentanan masyarakat kana ancaman bencana di Jabar anu beuki ningkat alatan perilaku masyarakat anu teu sadar bencana jeung Pamarentahan anu teu acan soson-soson merhatikeun jeung ngayakeun tindakan dina ngurangan eta kerentanan. 3) Kudu aya tindakan anu saenggalna. Kang Acil ngusulkeun sangkan samemeh Agustus 2010 (mangsa datangna bulan puasa laju disambung ku bulan September-Oktiber nepi ka Desember- mangsa datangna usum hujan) kudu geus bahan mangrupa media sosialisasi (buku, brosur, pamlet, leaflet, jst) bagikeuneun ka masyarakat, pakumbuhan-pakumbuh an utamana di daerah langganan bencana; LSM2 jeung kelompok sukarela widang bencana, guru-guru, jeung kumna anu seja ancrub dina perhatian kana bencan. Eusining eta media teh diantarana: lengkah-lengkah praktis pikeun nganyahokeun tanda-tanda bencana, cara-cara ngabewarakeunana ka masyarakat jeung pihak-pihak anu pakait; peta atawa kar ngeunaan jalur-jalur evakuasi jeung naon wae anu kudu dibawa dina waktuna ngungsi; nama jeung alamat kelompok sukarelawan anu bisa dihubungan jeung kumaha cara ngahubunganana; standar kerja para relawan dina mangsa samemeh, nalika jeung sanggeus kajadian bencana, jst. Mataholangna: media praktis pikeun mitigasi bencana sangkan masyarakat – ceuk istilah kang Acil – bisa ngurus dirina sorangan (patali jeung nyanghareupan ancaman bencana, nyegah kajadian bencana, atawa dina derna pisan kajadian bencana). Dina pedaran pak Surono, mitigasi bencana the dihartikeun salaku naon wae tindakan anu tujuanana pikeun ngurangan risiko bencana saleutik-leutikna (minimal: teu aya korban jiwa). 4) Anu disebut risiko bencana teh nyaeta kamungkinan korban jiwa atawa kailangan harta benda alatan kajadian bencana. Satiap bencana diwangun ku ancaman bencana (bahaya) jeung kerentan kana eta ancaman. Tah, anu bisa ditarekahan ku manusa nya teu aya lian iwal ti ngurangan karentanan kana ancaman bencana. Target nyieun media sakumaha kasebut di luhur taya lian pikeun ngurangan kerentanan kana ancaman bencana dina raraga ngurangan risiko bencana. Mataholangna: sangkan nalika kajadian bencana henteu loba atawa henteu aya korban jiwa kalayan masyarakat anu pakait bisa ngurus dirina sorangan (henteu gumantung kumaha anu di luhur wae, henteu telat dina ngayakeun tindakan nyegah korban jiwa anu loba dina hiji kajadian bencana). 5) Kang Acil, pak Surono, jeung sadaya anu hadir dina riungan 2 April 2010 umajak ka balarea – kalebet anggota ieu milist – sangkan aub sabisana, samampuna boh dina gerakan jangka pendek atawa usaha jangka panjang. Gerakan jangka pendek nya program nyieun jeung nepikeun media katerangan/ informasi praktis pikeun masyarakat dina raraga sasadiaan nyanghareupan bencana sangkan dina kajadiana bencana ka hareup teu aya korban manusa saurang oge. Usaha jangka panjang diantarana: pajemuhan-pajemuhan pikeun ngadiskusikeun rencana tindak dina raraga mitigasi bencana; nyieun lengkah-lengkah kreatif dina raraga ngurangan korban jiwa akibat bencana; ngawangun kasejahteraan masyarakat sangkat kerentanana kana ancaman bencana ngurangan, jst. Panggero ka sadayana: Mangga diantos pamairanana ti sadayana patali jeung kacindekan nomer 5 anu kasabut di luhur; atawa postingan ideu anyar/sejenna ngeunaan bencana jeung ngurangan korban akibat bencana di Jawa Barat, khususna, dina aspek naon wae anu dianggap penting (anu parigel dina facebook, mangga geura kawitan muka panggero gerakan 1.000.000 dukungan bagi mitigasi bencana di Jabar, misalna. Anu tiasa ngadamel poster, leaflet, jst mangga usulkeun kanggo midamelanana, bahanna ke tiasa dikirim ku tim kang Acil, jst. Emut, lain nyingsieunan, sakumaha kasauran kang Acil anu dikuatkan kamungkinana ku pak Suronon: yen kajadian bencana ka hareup tinimbang ngurangan, malahan baris nambahan, kaasup di Jabar alias Tatar Sunda tea. Cag heula. baktosna: manar PS: - hapunten, postingan anu ieu panjang pisan - ka baraya anu aya maksad ngilo bahan-bahan pajemuhan kamari, mangga japri wae sugan teu badag teuing memmory bahan kirimkeunana. mung

