Baraya, Sinarieun poe Sabtu (libur) ayeuna mah milist tiiseun pisan. Nepi ka wanci panon poe lingsir ngulon ayeuna, can aya hiji oge email ngalayang ka milist. Bari memeresh hasil rapat kamari ngeunaan adaptapi perubahan iklim, si kuring tamba kesel nongton acara ti sababaraha statsiun tv, boh swasta atawa TVRI, biasa wae uclak-aclok statsiun, milihan acara anu kira-kira sreg jeung kahayang. Lakadalah, tina siaran salah sahiji statsiun tv, kasaksian siaran warta ngeunaan pangrajin (pengrajin) cinderamata anu omzetna danget ieu nepi ka Rp 1,5 milyar (sabulan ?, kurang jelas wartana, sabab saliwatan. Sugan Mh bisa mantuan panglekepankeun ieu warta make bantuan abah google, please pisan).
Eta pangrajin teh ngarana Ujang Dingdong, asalna ti Sumedang, ti kawasan sentra karajinan atawa cinderamata seni budaya di Sumedang (Cipacing - wates antara Sumedang - Rancaekek, Bandung). Anapon ieu cinderamata anu keur meujeuhna laku danget ieu teh taya lian ti sarupaning cinderamata atawa souvenir anu wandana khas ikon-ikon kabudayaan Afrika, kayaning genjring leutik, alat musik sarupa gitar anu dihias ku ornamen khas Afrika, patung-patung tina kai khas Afrika, jrrd. Ari anu jadi sababna, taya lian ti kajuaraan maenbal sadunya anu rek dilaksanakeun dina bulan Juni 2010. Tetela aweuhan kajuaraan dunya maen bal teh ku kreatif mah jadi sumber rejeki. Tatanya ngeunaan saha Ujang Dinghttp ka abah google, ngaberedel sababaraha alamat situs anu ngamuat aran ujang Dingdong jeung aktivitas karajinana, upamana wae: http://safeourculture.blogspot.com/ http://kontan.realviewusa.com/default.aspx?iid=22662&startpage=page0000016 http://www.nafed.go.id/past/bindo/exporter.php?ctrl=info&idcompany=34215 http://dagang.disperindag-jabar.go.id/direktori-industri/detail-industri/?tx_rwymhpod_pi1[uid]=6896 http://ideusaha.web.id/100membuat-produk-tiruan-sebagus-aslinya.html Tina situs-situs di luhur, bisa dikanyahokeun yen kaahlian Ujang Dingdong teh nyaeta dina lebah nyieun barang tironan barang karajinan asal ti mana wae anu hasilna bisa nyeples sakumaha alsina, utamana karajinan Afrika. Produk-produkna tos diekspor. Atuh nya teu heran lamun dina nyanghareupan kajuaraan maen bal sadunya ayeuna, Ujang Dingdong meunang order anu gede ti salah sahiji mitrana di luar negeri pikeun nyieunan cinderamata keur jualeun atawa oleh-oleh ka para pamirsa nu nyandu kana maenbal engke di Afrika Selatan. Ceuk beja di tv mah Ujang Dingdong jeung kanca-kancana nepi ka kawalahan narima sababaraha pesenan pakait jeung cinderamatan ieu kajawaraan maen bal sadunya. Ka nu hoyong leuwih jauh wawanohan jeung Ujang Dingdong, mangga pariosan wae alamat situs-situs di luhur. Panutup: tetela, karajinan tangan Jabar, Sumedang khususna teu eleh ku bangsa lian. Wilujeng. manar

