Baraya,

Behna mah aya pasanggiri (lomba) kadu di ieu dunya teh. Anu kuring apal,
kamari saliwatan tina reportase salah sahiji statsiun TV, nyaeta kajuaraan
atawa lomba kadu anu ngarupakeun acara maneuh taunan di Kabupaten Jepara,
Jawa Tengah. Anapon kadu anu dikonteskeun teh nyaeta kadu varietas lokal.
Embahna atawa asal-usul ieu varietas lokal taya lian, si petruk (kadu jenis
petruk anu sohor kacida, asalna ti Jawa Tengah). Ieu lalakon kadu di
provinsi tatangga teh ngahaja diguar di dieu pikeun gambaran kamajuan
tatangga dina miara warisan kaanekaragaman hayati, khususna bubuahan khas
urang, leuwih khusus deui: kadu.

Pamarentahan jeung masyarakat kabupaten Jepara kawilang kreatif dina urusan
buah-buahan lokal, utamana kadu. Pamarehtah ieu kabupaten unggal taun
ngayakeun pasanggiri kadu. Anu dilombakeun, lian ti rasa jeung bentuk kadu,
oge ngawengku daya tahan kadu (urang geus pada apal yen umumna kadu asak
henteu kuat lila, leuwih ti sapoe oge anu geus asak pisan mah sok bencar
kadu teh bari ngaluarkeun bau anu meleber kaditu kadieu, matak uruy anu
resep kana kadu). Sakabeh kadu anu dilombakeun eta kudu kadu varietas lokal,
hartina, teu kaci kadu kawinan; samodel kadu Bangkok atawa hasil rekayasa
genetik eta teu meunang miluan lomba. Memangm di Jepara meh kabeh tangkal
kadu umumna kadu varietas lokal.

Tina siaran TV anu kamari, jawara lomba kadu taun ayeuna teh nyaeta kadu
Sukayar. Ieu kadu diaranan kadu Sukayar pedah anu bogana mas Sukayar, salah
saurang warga Jepara. Kadu Sukayar ngarupakeun varietas lokal turunan ti
varietas kadu Petruk. Dina tayangan TV kamari dipintonkeun tangkal kadu
bogana mas Sukayar, gede kacida tangkalna ngarampidak, nepi ka naekanana oge
kudu make taraje. Umur eta tangkal kadu geus puluhan taun, warisan ti indung
bapana. Kadu Sukayar mere kauntungan teu kurang ti 5 juta satangkalna dina
sataunna.

Anu sejenna, anu kungsi jadi jawara dua taun patutur-tutur samemehna nyaeta
Kadu Sutriman, warisan ti bapana, Sutardi. Kadu Sutriman boga kaistimewaan
lian ti kulitna hejo, buahna koneng ngagelempeng, jeung pohara amisna,
nyaeta tahan lila. Kadu Sutriman kuateun dibawa nyaba nepi ka Aceh oge
Singapur bari jeung teu bencar atawa beulah alatan asak teuing. Pantes wae
ieu kadu kungsi ngalaman jadi jawara dina lomba kadu di Jepara. Ceuk pa
Sutriman kaduna bisa mere kauntungan nepi ka 7 juta dina sataunna tina
satangkal (bisa dibayangkeun gedena eta tangkal kadu).

Jepara kawilang serius dina mekarkeun jeung usaha budidaya kadu. Di ieu
kabupaten, numutkeun katerangan pemarentah satempat kamari dina TV, aya teu
kurang ti 26.000 tangkal kadu, kabeh varietas lokal. Tina jumlah sakitu
tangkal teh kabupaten Jepara ngahasilkeun teu kurang ti 4.500 ton kadu dina
sataunna. Kabupaten Japara giat pisan dina miara varietas-varietas kadu
lokal, boh ngaliwatan kebon percontohan Pamarentah-na oge masyarakatna.
Ayana pasanggiri kadu tiap taun ngarupakeun pangrojong Pamarentah Jepara ka
masyarakatna sangkan ngajaga varietas-varietas kadu lokal di wewengkonna.

Ka baraya sadaya anu pareng nganjang ka daerah Jepara dina usum kadu, jeung
maksud seja ngasaan kadu-kadu pedo varietas lokal, mangga, pilarian wae
warung kadu Ibu Kipah. Kamari dina TV ku matak kabita anu keur marurak kadu
di eta warung kadu. Kadu kulit hejo, teu pati badag, ana dibuka tembong
daging buah kadu koneng ngagelemeng, pasti amis pisan da anu nuju nuangna
oge teu sirikna burial buncelik bakat ku nikmat.


Cag heula,
manar

Kirim email ke