Sacara kasajarahan cap cenah mah aya dua versi :

A. urut wewengkon/kakuasaan karajaan sunda

1.      yen eta nunjukkeun baheulana karajaan sunda gede bin badag pisan
nepi ka wewengkon Nusa Tenggara. Sanajan ieu versi lemah sabab dina sajarah
boh ti naskah suna kuno, laporan bule (tom pires, jsb) jeung cina (pelaut
cina nu kungsi ka nusantara) boh ti carita rakyat,  karajaan sunda teu
kasebut  nepi ka dinya. Pikeun babanding, bisa maluruh naskah kuno seler
sejen, teu nuliskeun ayana karajaan sunda nepi ka jauhna. Atawa si karajaan
seler sejen, leuwih ngora ti karajaan sunda nu upluk-aplak nepi ka lombok,
flores.

 

2.      versi ieu, ayeuna rada nguatan deui,  ngan lain dina konteks
karajaan, tapi yen atlantis teh, benua nu leungit tea, cenah ayana di urang,
malah disebutna oge sundaland. Tapi masalahna meureun mun teu ratusan rebu
taun, nya jutaan taun lalu, cek itungan tukang geol-logi mah.

 

3.      sebutan kitu, sarupa jeung sebutan jawa ka naon bae nu aya di pulo
jawa/java. Kaasup kopi, kungsi disebut java (malah nepi ka ayeuna).

 

B. versi siti hawa & adam

nu ieu versi poho deui duka ti saha. Yen siti hawa pan istri. Sacara fisik
teu bisa turun ti surga ka wewengkon nu gersang atawa gurun keusik. Karunya
atuh. Nilik kondisi tropis nu subur jeung sagala rupa, gede kamungkinan siti
hawa diturunkeun di tanah tropis cenah, nya tungtungna di wewengkon urang,
cenah. Sanajan aya panalungtikan nu geus diaku ku dunya, yen manusa asalna
ti afrika. Nya meureun nganjang ka dinya, da harita mah pulo/daratan ngahiji
keneh. Ari makamna mah siti hawa teh di jeddah tea. (jedah =basa arab pikeun
nini, di urang jadi jadah, cara anak jadah=anak nu di urus ku nini, alatan
bapana duka saha, atawa teu aya nu ngaku, atawa nu lahir di luar nikah tea).

 

C. nu rada kaharti keur sakuringeun, versi sajarah beh dieu,  'kapanggihna
dunya anyar' cek bule mah, nu terus ngalahirkeun kolonialisasi bule ka
bangsa sejen:

 

1.       bule nu munggaran ka urang, make parahu layar ti eropa, nya meureun
urang portugis jeung spanyol terus inggris walanda, ari manggihan pulo teh
sok terus digalambar bari dibere ngaran.

2.       si maranehna meureun kungsi hanjat ka darat, minimal ka pelabuhan.
Cara tome pires atawa samemehna komo nu sanggeusna. 

3.       harita nanya ka native, inlander, atawa manusa nu aya di palabuhan
eta-sebut we di wewengkon tatar sunda. ari ieu lembur ngarana naon? "sunda"
jawab penduduk. Nya ditulis we sunda. Sunda dipake patokan. Terus manggih
deui pulo, bisa jadi kitu deui. Atawa bisa jadi euweuh pendudukan, nya ku si
bule dingaranan we, sunda jeung sipatna atawa cirina, sunda besar sunda
kecil tea (aslina meureun basa portugis/spanyol)

4.       aya versi sejen. Basa pelaut bule hanjat ka hiji palabuhan, duka
dimana, penduduk keur rame nyaritakeun hiji carita/kajadian. Tah dina carita
eta, si bule ngadenge loba kecap sunda. Carita nu keur ibur teh kajadian
perang bubat tea. Raja Sunda jeung wadyabaladna, oge putrina, diah pitaloka
tea, bela pati alatan ngajaga kahormatan tea. Si penduduk milu hanjelu tapi
oge reueus ka polah urang Sunda harita. (sanajan versi sejen, nu pupus di
bubat teh ti karajaan Galuh, tapi meureun batur mah apalna Sunda, atawa
harita galuh jeung sunda geus merger. Tapi lieur oge, sabab turunan
Linggabuwana (nu pupus di bubat) nu ngadegkeun karajaan Sunda di kulon nu
katelah Pakuan Pajajaran -nu sabenerna ngaran karatona atawa
ibukotana/dayeuh, (di bogor & sabudeureunana).

5.       ku sabab nu sering kadenge kecap Sunda, nya di bule teh nulis we
ngaran Sunda, dina tiap pulo nu kapanggih/didatangan ku maranehna, dina
gambarna. Nya nu badag, diasupkeun ka sunda besar, nu laleutik ka sunda
kecil.

6.       gambar pulo-pulo di nusantara oge wilayah sejena, terus nyebar di
eropa, di bangsa palaut, portugis, spanyol, inggris, belanda, perancis.
Disaralin, dijadikeun patokan, dirobah/direvisi numutkeun nu kaparanggih beh
dieu ku maranehna. Nya pulo-pulo nu baheula can kapanggih/kasebut, digambar.
Tapi ngaran Sunda besar jeung sunda kecil mah tetep, da pikeun patokan tea.

7.       jaman VOC terus kolonialisasi NOI (di walanda aya singgetan ieu,
pikeun Netherland Ooest Indie, hindia belanda, indonesia ayeuna), make eta
peta atawa ngaran pikeun ngatur administrasi pamarentahan, sigana bari
memener gambar peta/map/kar nusantara eta.

 

Mamanawian. Heuheu.

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of M S ZAKARIA
Sent: Saturday, April 10, 2010 8:43 AM
To: [email protected]; [email protected]
Subject: ***SPAM*** [Urang Sunda] Sunda Kecil

 







Minggon kamari simkuring lalajo kuis di RCTI, nu pertanyaannana tentang
nami-nami 8 propinsi waktu jaman kemerdekaan. Salah sahiji tina 8 propinsi
aya Propinsi Sunda Kecil, upami ayeunamah panginten Nusa Tenggara. Nu janten
pertarosanana kunaon daerah eta namina Sunda Kecil, pedah kapungkur kalebet
karajaan Sunda atanapi memang seueur urang Sundana kitu ?. Mangga ah
kawargisadayana nu terang nyungkeun penjelasannana..

Hatur Nuhun.

 

Subhan

 

  _____  

Get
<http://sg.rd.yahoo.com/aa/mail/domainchoice/mail/signature/*http:/mail.prom
otions.yahoo.com/newdomains/aa/>  your new Email address! 
Grab the Email name you've always wanted before someone else does! 






Kirim email ke