hatur nuhun pisan mang jamal...... jadi terang naon artina haram jadah teh
jeung timana asal muasal sebatan eta.. sim kuring mah tertarik ka nagara
atlantis jeung bangsa MU tea... hanjakal can aya tehnologi nu bisa
ngabuktikeun yen eta bangsa teh pernah aya di dunya

2010/4/12 mj <[email protected]>

>
>
>  Sacara kasajarahan cap cenah mah aya dua versi :
>
> A. urut wewengkon/kakuasaan karajaan sunda
>
>    1. yen eta nunjukkeun baheulana karajaan sunda gede bin badag pisan
>    nepi ka wewengkon Nusa Tenggara. Sanajan ieu versi lemah sabab dina sajarah
>    boh ti naskah suna kuno, laporan bule (tom pires, jsb) jeung cina (pelaut
>    cina nu kungsi ka nusantara) boh ti carita rakyat,  karajaan sunda teu
>    kasebut  nepi ka dinya. Pikeun babanding, bisa maluruh naskah kuno seler
>    sejen, teu nuliskeun ayana karajaan sunda nepi ka jauhna. Atawa si karajaan
>    seler sejen, leuwih ngora ti karajaan sunda nu upluk-aplak nepi ka lombok,
>    flores.
>
>
>
>    1. versi ieu, ayeuna rada nguatan deui,  ngan lain dina konteks
>    karajaan, tapi yen atlantis teh, benua nu leungit tea, cenah ayana di 
> urang,
>    malah disebutna oge sundaland. Tapi masalahna meureun mun teu ratusan rebu
>    taun, nya jutaan taun lalu, cek itungan tukang geol-logi mah.
>
>
>
>    1. sebutan kitu, sarupa jeung sebutan jawa ka naon bae nu aya di pulo
>    jawa/java. Kaasup kopi, kungsi disebut java (malah nepi ka ayeuna).
>
>
>
> B. versi siti hawa & adam
>
> nu ieu versi poho deui duka ti saha. Yen siti hawa pan istri. Sacara fisik
> teu bisa turun ti surga ka wewengkon nu gersang atawa gurun keusik. Karunya
> atuh. Nilik kondisi tropis nu subur jeung sagala rupa, gede kamungkinan siti
> hawa diturunkeun di tanah tropis cenah, nya tungtungna di wewengkon urang,
> cenah. Sanajan aya panalungtikan nu geus diaku ku dunya, yen manusa asalna
> ti afrika. Nya meureun nganjang ka dinya, da harita mah pulo/daratan ngahiji
> keneh. Ari makamna mah siti hawa teh di jeddah tea. (jedah =basa arab pikeun
> nini, di urang jadi jadah, cara anak jadah=anak nu di urus ku nini, alatan
> bapana duka saha, atawa teu aya nu ngaku, atawa nu lahir di luar nikah tea).
>
>
>
> C. nu rada kaharti keur sakuringeun, versi sajarah beh dieu,  ‘kapanggihna
> dunya anyar’ cek bule mah, nu terus ngalahirkeun kolonialisasi bule ka
> bangsa sejen:
>
>
>
> 1.       bule nu munggaran ka urang, make parahu layar ti eropa, nya
> meureun urang portugis jeung spanyol terus inggris walanda, ari manggihan
> pulo teh sok terus digalambar bari dibere ngaran.
>
> 2.       si maranehna meureun kungsi hanjat ka darat, minimal ka
> pelabuhan. Cara tome pires atawa samemehna komo nu sanggeusna.
>
> 3.       harita nanya ka native, inlander, atawa manusa nu aya di
> palabuhan eta-sebut we di wewengkon tatar sunda. ari ieu lembur ngarana
> naon? “sunda” jawab penduduk. Nya ditulis we sunda. Sunda dipake patokan.
> Terus manggih deui pulo, bisa jadi kitu deui. Atawa bisa jadi euweuh
> pendudukan, nya ku si bule dingaranan we, sunda jeung sipatna atawa cirina,
> sunda besar sunda kecil tea (aslina meureun basa portugis/spanyol)
>
> 4.       aya versi sejen. Basa pelaut bule hanjat ka hiji palabuhan, duka
> dimana, penduduk keur rame nyaritakeun hiji carita/kajadian. Tah dina carita
> eta, si bule ngadenge loba kecap sunda. Carita nu keur ibur teh kajadian
> perang bubat tea. Raja Sunda jeung wadyabaladna, oge putrina, diah pitaloka
> tea, bela pati alatan ngajaga kahormatan tea. Si penduduk milu hanjelu tapi
> oge reueus ka polah urang Sunda harita. (sanajan versi sejen, nu pupus di
> bubat teh ti karajaan Galuh, tapi meureun batur mah apalna Sunda, atawa
> harita galuh jeung sunda geus merger. Tapi lieur oge, sabab turunan
> Linggabuwana (nu pupus di bubat) nu ngadegkeun karajaan Sunda di kulon nu
> katelah Pakuan Pajajaran –nu sabenerna ngaran karatona atawa
> ibukotana/dayeuh, (di bogor & sabudeureunana).
>
> 5.       ku sabab nu sering kadenge kecap Sunda, nya di bule teh nulis we
> ngaran Sunda, dina tiap pulo nu kapanggih/didatangan ku maranehna, dina
> gambarna. Nya nu badag, diasupkeun ka sunda besar, nu laleutik ka sunda
> kecil.
>
> 6.       gambar pulo-pulo di nusantara oge wilayah sejena, terus nyebar di
> eropa, di bangsa palaut, portugis, spanyol, inggris, belanda, perancis.
> Disaralin, dijadikeun patokan, dirobah/direvisi numutkeun nu kaparanggih beh
> dieu ku maranehna. Nya pulo-pulo nu baheula can kapanggih/kasebut, digambar.
> Tapi ngaran Sunda besar jeung sunda kecil mah tetep, da pikeun patokan tea.
>
> 7.       jaman VOC terus kolonialisasi NOI (di walanda aya singgetan ieu,
> pikeun Netherland Ooest Indie, hindia belanda, indonesia ayeuna), make eta
> peta atawa ngaran pikeun ngatur administrasi pamarentahan, sigana bari
> memener gambar peta/map/kar nusantara eta.
>
>
>
> Mamanawian. Heuheu.
>
>
>  ------------------------------
>
> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> Behalf Of *M S ZAKARIA
> *Sent:* Saturday, April 10, 2010 8:43 AM
> *To:* [email protected]; [email protected]
> *Subject:* ***SPAM*** [Urang Sunda] Sunda Kecil
>
>
>
>
>
>
>    Minggon kamari simkuring lalajo kuis di RCTI, nu pertanyaannana tentang
> nami-nami 8 propinsi waktu jaman kemerdekaan. Salah sahiji tina 8 propinsi
> aya Propinsi Sunda Kecil, upami ayeunamah panginten Nusa Tenggara. Nu janten
> pertarosanana kunaon daerah eta namina Sunda Kecil, pedah kapungkur kalebet
> karajaan Sunda atanapi memang seueur urang Sundana kitu ?. Mangga ah
> kawargisadayana nu terang nyungkeun penjelasannana..
>
> Hatur Nuhun.
>
>
>
> Subhan
>
>
>  ------------------------------
>
> Get your new Email address!
> <http://sg.rd.yahoo.com/aa/mail/domainchoice/mail/signature/*http:/mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/>
> Grab the Email name you've always wanted before someone else does!
>
>   
>



-- 
Aldo Desatura ® & ©
================
Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

Kirim email ke