Basa saptu kamari, pasosore kuring jeung kulawarga nyimpang ka imahna MJ. Nyaan ngeunaheun euy imahna mah! Abong nu bogana nu ngadesign-na :D Komo ditukangeun imah mah, aya kebon nu pang-alusna sa Asia Tenggara (ceuk nu boga kebon eta oge). Hawa tiis, matak ngeunah ulin.. Teu panasaran ayeuna mah hayang apal Gardening MJ anu sok dipake kukudaan Tizi & Divdiv teh.. hihihi..
Lumayan, pas pamitan di oleh2an Novel Epigram plus ditanda tangan kunu ngarangna. Matakan ka baraya.. jig geura arulin ka imah MJ, meh balikna di oleh2an Novel. Lumayan kan, sakali nyimpang 1 novel. Mun 5 kali nyimpang berarti 5 novel.. hahaha.. Hatur nuhun MJ.. Tong kapok di anjangan nya..! :D Panji

