Heuheu sabanerna model imah teh make gaya ska daek tea. Beh dieu jadina
minimalis alias tekorlis. Gambarna dua lantey, jadina ngan salantey. Da basa
prak nyieun pondasi, bbm naek, atuh harga matrial teh ngapung meroket tea.
Jaba taneuhna urut rawa tea, pondasi kudu jero jst.
Parabot ge meunang lungsuran alias warisan ti mitoha jeung lanceuk beuteung.
Korsi, meja makan, dipan, sadayana we heuheu.
Novel epigram kabeneran aya koleksi leuwih ti hiji. Nya paranti oleh2 ari
aya nu nganjang. Heuheu
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of [email protected]
Sent: Monday, April 19, 2010 11:46 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Nyimpang ka Gardeningna MJ
Basa saptu kamari, pasosore kuring jeung kulawarga nyimpang ka imahna MJ.
Nyaan ngeunaheun euy imahna mah! Abong nu bogana nu ngadesign-na :D
Komo ditukangeun imah mah, aya kebon nu pang-alusna sa Asia Tenggara (ceuk
nu boga kebon eta oge). Hawa tiis, matak ngeunah ulin.. Teu panasaran
ayeuna mah hayang apal Gardening MJ anu sok dipake kukudaan Tizi & Divdiv
teh.. hihihi..
Lumayan, pas pamitan di oleh2an Novel Epigram plus ditanda tangan kunu
ngarangna. Matakan ka baraya.. jig geura arulin ka imah MJ, meh balikna di
oleh2an Novel. Lumayan kan, sakali nyimpang 1 novel. Mun 5 kali nyimpang
berarti 5 novel.. hahaha..
Hatur nuhun MJ.. Tong kapok di anjangan nya..! :D
Panji
------------------------------------
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links