Baraya,Neraskeun lalakon usaha ngurangan risiko bencana di Jawa Barat, ieu
forum seja ngawartakeun usaha-usaha anu dimaksud. Tangtu, leuwih loba warta
anu henteu kamonitor ku si kuring anu bisa dipernahkeun dina raraga
ngurangan risiko bencana, boh bencana longsor, banjir, gempabumi jeung
tsunami, atawa bencana sejenna. Mangga, ka para wargi sadaya anu mibanda
warta ngeunaan usaha-usaha anu dimaksud, bewarakeun wae di ieu milist, mugi
ulah asa-asa atawa ulah "heurin ku letah". Ngabewarakeun na mah boh nyieun
posting anyar atawa mairan kana posting-posting anu nyampak.Salah sahiji
usaha anu dimaksud anu poe ieu dilakukeun ku masyarakat Sumedang nyaeta
ngahejokeun lahan gundul atawa lahan kritis di Desa Cibeureum Wetan,
Kacamatan Cimalaka, Kabupaten Sumedang. Bieu kang Wawan ti pakumpulan
masyarakat Cibeureum ngawartosan yen karek pisan dipelak di pasir-pasir
kritis di Cibeureum Wetan tatangkalan, ampir 1.500 tangkal. Pereleanana
kieu: Mahoni, 500 tangkal, Tisuk 450 tangkal, Mices 200 tangkal, Surian 50
tangkal jeung bubuahan kayaning Alpuket, Buah (Mangga), Muncang, Tangkil
(Melinjo) total 300 tangkal.

Anu matak pikabungaheun di Cibeureum Wetan ieu eta kagiatan dilakukeun
kalayan spontanitas masyarakat di dinya. Aya kl 300 urang anu ancrub dina
eta program spontan pikeun ngahejokeun leuweung. Mudah-mudahan ku cara kitu
masyarakat Cibeureum khususna, kumna sadayana, dina waktuna usum halodo teu
kakurangan cai, dina datangna usum hujan teu kabanjiran. Ieu usaha ceuk anu
ti sakolaan mah kaasup kana usaha-usaha adaptasi kana ancaman bahaya anu
bisa ngabalukarkeun bencana.

Ieu roadmap atawa jalan panjang dina raraga usaha ngurangan risiko bencana
di Jawa Barat Insya Alloh baris ditumbu ku kagiatan pendidikan kebencanaan
pikeun para guru anu dimotoran ku jurusan geografi UPI, Insya Alloh baris
dilaksanakeun dina minggu ka-2 bulan Mei 2010. Mudah-mudahan pareng.

Cag heula.

baktosna

manar

Kirim email ke