> mh <khs...@...> wrote: > Baraya Batam, bejana Batam keur haneut, cing kumaha eta teh > dongengna. > Kang Iyan, Kang Panji, sarta baraya sejenna masih di Batam kitu?
Enya, biasana di Kusnet rame ku urang Batam, sok ngadarongeng, aya naon di Tanjung Ucang Batam teh? Kuring kungsi akar-ukur di Tanjung Ucang, 2 taun katukang, meunang 2 poe. Nu karasa ku kuring mah, daerahna panas pisan da kabuka, jarang tatangkalan. Loba pabrik (galangan kapal?). Jelema nu digarawena rupa-rupa etnik nu aya di Indonesia, kaasup loba urang Flores. Nu mantuan kuring akar-ukur oge urang Flores jeung Lombok. Rada salalangar euy. Cenah maranehna araya di Batam, sabenerna niatna digawe di Malaysia ngan "kadampar" ka Batam. Boga dulur di Batam (salila di Batam kuring sare diimahna), manehna digawe di pausahaan nu puseurna di Singapur, manehna ngangluh, cenah pagawe WNA kurang ngaharagaan ka pagawe WNI, siga rada ngahinakeun. Moalboa kajadian di Tanjung Ucang oge kapicu ku hal-hal kitu, da bejana si Indiana bari ngambek ditambahan ngomong: "All indonesian stupid!" Nya pantes we teu ngamuk oge, da ari ditincak-tincak teuing mah, sireum oge ngegel. Baktos, WALUYA

