Assalamu'alaikum Wr.Wb.,

Ka sugri urang Bogor atanapi wargi urangsunda sareng kisunda nu linggih di 
Bogor, sim kuring kaamanatan ku salah saurang wargi urang nu dumuk di Jakarta: 
Anjeunna milarian lahan pimasigiteun, nu engke seja diwakafkeun ka masarakat nu 
aya di  eta lokasi.

Ku naon Bogor, tayohna ieu muwakif ngagaduhan tatali batin sareng kota Bogor. 
Disarankeun milari tempat sanes ge, nu sim kuring langkung gampil milari 
tempatna, oge luyu sareng tujuan pangwangunan hiji masigit, anjeunna keukeuh 
alimeun.

Nilai nominal ieu wakaf kirang lagkung Rp 300 juta. Rincianna: Pangaos tanah Rp 
100 juta, wangunan Rp 200 juta.  Hartosna, pangaos tanah teu tiasa langkung ti 
50 rebu dugi ka 100 rebu sameter. Supados tiasa kenging lahan nu rada lega, 
dugi ka ieu masigit lalugina sareng katingalna langkung merenah.

Sarat sanesna: Pangwangunan ieu masigit teu ngabarubahkeun masarakat di dinya. 
Boh, alatan ku ayana masigit sanes nu tos aya di dinya. Oge, ku perkawis aliran 
atanapi mazhab. Oge aktivitas sanes nu matak ngabarubahkeun. (Ieu muwakif 
katingalna ahli sunah wal jama'ah).

Proposal diantos dugi ka akhir Juli 2009, tiasa dikintun via japri ka 
[email protected]. Kangge informasi nu sipatna awal atanapi teu 
disarengan ku proposal, iasa ngontak sim kuring di 08129440.

Diantos pisan bantosanna.

Pamugi karep urang ditangtayungan Mantenna. Amin.

Baktos,
 
  


Maman Gantra

Jalan Salemba Tengah 51,

Jakarta 10440.

0812-940-5441


      

Kirim email ke