kuring kungsi mostingkeun perkara ieu, sawatara taun katukang. Itung-itung 
"ngaramekeun" wacana perkara korupsi anu ayeuna keur jadi sabiwir hiji di 
masarakat.

Aya dongeng sakedik perkawis korupsi ieu.Kieu
dongengna teh.
Salaku pupuhu ICW, Kang Teten Masduki gaduh ide cara
ngabasmi korupsi di Indonesia. Nyaeta ku cara
nyuhunkeun bantuan ka para kiai dina
nyalabarkeun/ngamasyarakatkeun cara-cara nyegah
korupsi.Sugan wae atuh para kiai anu biasana
dipikaserab ku masyarakat teh fatwana dipikaturut.
Tos buled hatena, kang Teten teh nyungkeun idin ka Gus
Dur, bade ngalaksanakeun paniatan eta.
Gorolang wae Kang Teten teh teh medarkeun ide kiai
numpes korupsi.

Ari Saur Gus Dur teh, "entong menta bantuan kiai,
sabab kiai oge sok didatangan ku para koruptor.
Malahan mah kiai anu jadi anggota dewan teu
euleum-euleum ngalakukeun korupsi oge.
 Kunaon bisakitu? 
Sabab kiai geus boga cara, kumaha doana menta
ampun lamun tas korupsi.

baktos,

mrachmatrawyani


baktos,

mrachmatrawyani


      

Kirim email ke