Ka Paris Usum Tiris 

Ku Mang Jamal 


Ka ngaran kota Paris teh kaitung ”wawuh munding”, pan dijadikeun jujuluk
kota Bandung, Parijs van Java tea. Jujuluk nu munggaran disebut di mangsa
kolonial, sigana alatan Bandung jaman harita siga atawa dirancang nurutan
kota Paris. Kiwari jujuluk eta masih keneh disarebut sanajan bari semu teu
yakin jeung cangcaya. 

Bisa ulin ka Paris teh sabenerna mah kabeneran. Batur saimah kos nu keur
sakola tingkat master di Universiteit Leiden, taun kamari nganjang ka Paris.
Manehna nyaritakeun cara miang ti Leiden Walanda ka Paris Perancis bari
waragadna kaitung murah. Cenah make beus wisata Eurolines, jeung kudu pesen
tiket ti anggangna mula. Nya pesen tiket pertengahan November 2009 pikeun
indit tanggal 9 Januari, balik 12 Januari 2010, keur soranganeun. Harga
tiket 39 Euro, meulina ngaliwatan internet, ti situs eurolines.com. Meuli
tiket di internet mah mayarna ku cara ngasupkeun nomer rekening bank sangkan
didebet tea atawa kartu kiridit. Tiketna dikirim liwat surelek (e-mail)
terus dicitak ku urang pikeun diserahkeun ka supir beus pas indit.
Kabeneran deuih, di Paris teu kudu nyewa kamer hotel, sabab aya babaturan,
Ratna Agustina, dosen Planologi Itenas jeung carogena, Eko Budi Setiawan,
pagawe Departemen Pekerjaan Umum pusat, nu duanana keur neruskeun sakola
program doktor di Université Paris. Kulawarga eta sadia nginjeumkeun kamer
Nara, anakna nu karek SD kelas 2, pikeun kuring mihapekeun sare salila di
Paris.

Poean indit, 9 Januari 2010, miang heula ka Den Haag, sabab beus ngajemput
panumpang di terminal beus kota luhureun stasion kareta Den Haag CS. Jok
beus teu pinuh. Salian bule, panumpang loba nu kulit berwarna- nu hideung
jeung Asia. Beus kaluar ti kota, nyemprung di jalan raya antar-nagara. Dua
jam leuwih, beus nepi jeung eureun di ’pool’ Brussel Belgia, naekeun jeung
nurunkeun panumpang. Beus nyemprung deui ka wewengkon Perancis diselang
ngeusi gas jeung istirahat sakeudeung di warung sisi jalan.     

Jam tujuhan peuting, nepi ka terminal beus internasional Gallieni Paris
Kaler. Saacan turun, pulisi Perancis mariksa paspor panumpang bari mawa
anjing, mariksa bawaan panumpang. Eko geus nyampak rek ngajemput, terus
nuturkeun manehna ka stasiun kareta metro handapeun terminal beus. Metro teh
kareta kota Paris nu relna kalolobana dijero taneuh (torowongan). Tidinya
naek metro tujuan stasion Fort d’Aubervilliers, terus leumpang ka apartemen.
Cara umumna paimahan di kota Eropah, imah di Paris umumna apartemen atawa
flat nu rata-rata jangkungna 4-6 lantey.
*****
Isukna, poe Minggu, piknik dimimitian bari hawa keukeuh tiis becis. Tujuan
munggaran tangtuna tangara Paris, munara Eiffel tea. Indit teh make metro
deui, dua kali ganti. Naek kareta handapeun taneuh, dipikir-pikir asa dina
jero cacing beusi raksasa. Karunya mata, pamandangan sajajalan tembok
torowongan wungkul. 

Turun di stasion Trocadero, hanjat ka beungeut taneuh. Teu lila nepi ka
lapangan tembok Palais de Chaillot nu sawareh katutup salju ipis sesa
peuting. Loba jelema ngagimbung. Ti lapangan nu diapit dua gedong melengkung
nu dijadikeun museum eta, breh munara Eiffel ngajega di kajauhan rada
handap. Antara lapang tembok jeung Eiffel, ngampar taman nu katutup salju
jeung balong gede nu caina beku. Langit ceudeum, ciri usum tiris. Deukeut
taman aya nu daragang miniatur munara Eiffel tina beusi, diamparan plastik
heureut. Leumpang muru Eiffel sisi taman nu katutup salju, bari ngilikan
mobil-mobil antik sagala jaman nu keur dipamerkeun sisi jalan.

        Sanggeus meuntas jalan, srog we nepi ka handapeun munara Eiffel.
Ditawaran naek ku Ratna, tapi hate teu merean. Rumasa ka Monumen Nasional
(Monas) di Jakarta oge acan. Alesan sejen, nenjo nu antri panjang ngaleor
siga oray, beuki teu kabita naek teh.

Gigireun jalan deukeut munara Eiffel aya walungan Seine nu meulah kota
Paris. Malah teu jauh ti Eiffel aya pangkalan parahu turis ‘vedettes de
paris’ pikeun turis lalayaran di walungan eta. Parahu turis mah dingding
sakuliringna kaca, di dek aya korsi ngaderet. Hanjakal keur usum tiris, rek
diuk di dek asa hoream da hawa tiris katambah angin ngabring.

        Dina parahu aya informasi ku basa Inggris ngeunaan tiap gedong
penting model antik sisi walungan Seine jeung jambatan nu kaliwatan.
Diantarana bae aya jambatan nu dilandih jambatan presiden. Cenah sabab
jambatan eta nguhubungkeun kantor presiden jeung perdana menteri. Terus aya
museum D’Orsay, wangunan urut stasion nu disulap pikeun ngoleksi seni lukis
modern, terus gedong parlemen. Oge aya kasebut ’imah pangleutikna’ di Paris,
mangrupa flat tilu lantey nu lebarna sigana ngan tilu meteran, diapit ku
apartmen. Imah ieu kungsi dicicingan ku Albert Camus, pangarang Perancis
kasohor tea. Sisi walungan ditembok batu nu jangkungna 3-4 meteran ti
beunget cai. Parahu terus maju ngaliwatan pulo di tengah walungan Seine
tempat gareja Notre Dame. Gareja ieu, bagean tukangna make konstruksi unik
nyaeta pilar panyangga dingding ngajajar di luareun gedong. Teu lila, parahu
muter, balik deui nepi ka pangkalan. 

        Lalampahan diteruskeun make beus kota ka Quartier Latin ngaliwatan
Invalides, wangunan nu diluhurna make kubah warna emas, tempat lebu Napoleon
Bonaparte di simpen sanggeus layona dipindahkeun ti pulo Sainte Héléne taun
1840. Quartier Latin atau Latin Quarter ieu wewengkon kasohor tempatna
mahasiswa, sabab aya kampus Sorbonne tempatna Université Paris IV, École
Normale Supérieure, École des Mines jeung kampus sejena. Disebut Latin
Quartier sabab cek si cenah baheula di wewengkon ieu basa nu dipake teh
Latin, malah dianggap basa resmi di dinya nepi ka taun 1793. Sigana sabab
harita paelmuan di paguron luhur loba make basa Latin. Beres dahar beurang,
sanajan geus sore da usum tiris mah beurang teh sakeudeung, neruskeun
leumpang ka Pantheon terus ka Sorbonne nempo wangunan pabukon nu antik.
Pantheon minangka basilika jeung makam para pahlawan Perancis jaman beh ditu
salian ti Invalides. Di kenca peuntaseun Pantheon  aya wangunan make tulisan
Université de Paris Faculte de Droit.


****

Poe geus sareupna basa nepi ka lapangan hareupeun Notre Dame. Ratna jeung
Nara balik ti heula. Lalampahan diteruskeun jeung Eko ka museum Louvre.
Wangunan Museum Louvre asalna mah istana raja, dijadikeun museum taun 1793.
Taun 1980-an, ku Presiden Mitterand ditambahan di tengah lapanganana ku
tempat asup model piramid kaca nu jangkungna 21 meter. Piramid ieu jeung
wangunan di handapna dirancang ku I.M Pei, arsitek Amerika wedalan Cina. Tah
di museum ieu pisan disimpena lukisan karya Leonardo da Vinci nu kasohor,
Monalisa.
Jalan-jalan peuting nepi ka Arch de Triomphe, ngaliwatan gedong Opera karya
arsitek Charles Garnier. Gedong Opera ieu diadegkeun taun 1861-1876 jaman
Napoleon III. Gedong Opera ini cenah bisa nampung 2.000 panonton. Ari Arch
de Trimphe mangrupa wangunan tembok gerbang nu jangkungna sarua jeung
wangunan 16 lantey, dirancang ku arsitek Jean-Francois Chalgrin, titahan
Napoleon. Diwangun taun 1810-1836. Handapeun monumen eta aya ‘tombe du
soldat inconnu’ alias ‘makam pahlawan teu dipikawanoh’ jeung obor
luhureunana. Monumen pikeun mieling pahlawan perang ieu di kurililingan
jalan place de l’Etoile nu memang buleud. Jalan ieu jadi panungtungan
sabelas jalan sejen. Pikeun leumpang ka dinya, teu kudu meuntas jalan, lian
ti hese da loba pisan mobil lalar liwat, disadiakeun torowongan ti trotoar
jalan Champs-Elysees.
****

Poe kadua, jalan-jalan dianteur ku Ratna, da Eko na rek ka kampus, Nara
sakola. Tujuan munggaran teh Le Grand Arche di La Defense, make metro deui.
La Defense teh mangrupa wewengkon perkantoran nu pinuh ku gedong-gedong
jangkung has perkantoran. Di tengahna lapangan beton nu disebut La
Esplanade. Le Grand Arche mangrupa gedong perkantoran nu modelna niru Arch
de Triomphe ngan dina wanda modern jeung leuwih jangkung. Gedong ieu hasil
sayembara, nu meunangna Johan Otto Sprickelsen, arsitek urang Denmark.


Saterusna nuju ka Pompidou Center, wangunan siga pabrik nu sabenerna mah
museum abad 20 nu ngampihan karya seni jeung desain modern jeung
kontemporer. Ngaran wangunan ieu nginjem ngaran presiden Perancis Georges
Pompidou. Di hareupeun wangunan aya escalator nu ngakut nu datang nepi ka
lantey pangluhurna. Di lantey opat jeung lima aya museum seni kontemporer
Perancis ti awal taun 1900an nepi ka kiwari. Diantara koleksina nyaeta karya
seni modern, seni kontemporer, seni grafis, arsitektur jeung desain,
fotografi, film jeung nu sejena. Aya deui karya seniman modernisme kawentar
cara Joan Miro, Pablo Picasso jeung Henry Matisse.      

Tujuan pamungkas teh katedral Sacre-Coeur atawa “Hate Suci” di pasir
Montmarte. Saliwatan mah wangunan katedral teh siga masjid, sabab luhurna
make kubah atawa belenong ngan dipuncakna lain bulan bentang, tapi tanda
salib. Ku sabab ayana di pasir, nuju ka eta tempat salian bisa ku leumpang
nanjak, disadiakeun kareta kabel nepi ka gigireun eta katedral. Ti Montmarte
pamandangan kota Paris ngampar, sanajan teu cekas da langit ceudeum. Beres
nenjo pamandangan kota, terus asup ka katedral. Patugas mere kodeu sangkan
kupluk dibuka. Nya kupluk kameumeut teh dibuka, ngajenan nu boga tempat.


Isukna, rebun-rebun keneh ka stasion metro Fort d’Aubervilliers, naek metro
ka terminal beus Galieni terus mulang ke Leiden Walanda. Sajajalan pikiran
muter. Ngabanding-banding Parijs aseli jeung Parijs van Java. 

----
Edisi rada pondok dimuat majalah Cupumanik April 2010

Kirim email ke