Di baduy justeru teu aya atawa dikenal, jadi teu aya gantina da teu kungsi
aya. Haha

Enya besek ngaran sejena pipiti. Bisa meuli ka pasar mun perlu. Sigana di
kampung adat mah teu aya. Panasaran di kampung kuta ciamis. Sabab kampung nu
jadi studi kasusna, tilu cikadu baduy, kp naga jeung kampung kuta. Besek
pipiti di luar kampung adat aya, tapi di kampung adat teu aya. Naha. Duka
atuh. Sigana sabab model hajatna beda.

Di baduy teu aya tolombong/telebug/dingkul. Kaharti, sabab
tolombong/dingkul/telebug pikeun ngawadahan pare murag, sedeng pare nu
dipelak di baduy mah pare ranggeuyan. Mawana make siga rancatan teu
diwadahan. Jadi aya henteuna wawadahan pare beas sangu atawa naon bae oge
nyoko ka akarna, ka parena. meureun

Kirim email ke