http://ajip-rosidi.com/esai-bahasa-sunda/gerakan-kasundaan/

Gerakan Kasundaan



Kategori: 
Esai Bahasa Sunda » Dilihat: 531 kali » Diposting: 13-11-2009


Ku Ajip Rosidi
GEUS lila aya
kateusugema di kalangan urang Sunda, ku sabab dina balantika nasional
langka urang Sunda anu meunang kapercayaan pikeun nyangking kalungguhan
penting. Éta kateusugema téh sok diupahan ku ngabobodo manéh, ngarasa
dianaktérékeun, atawa nyalahkeun sipat urang Sunda anu cenah “sok
ngaheulakeun batur”, “henteu karooh ku kalungguhan”, “daék éléh sungkan
meunang”, jeung sabangsana.


Dianak-térékeun – henteu mustahil.
Tapi naon sababna merenahkeun diri jadi “anak” lain jadi “bapa” atawa
“indung”? Sanajan tangtu baé, masih kudu dipaluruh sacara obyéktif naha
enya aya anak téré jeung anak teges di lingkungan nagara Républik
Indonésia. Naha timbulna rasa dianaktérékeun téh lain ngan ku lantaran
mémang urang Sunda éléh dina persaingan nasional anu saenyana mah
lumangsung sacara fair?


Lamun enya kitu, kateusugema ku
nyalahkeun batur téh istuning kaliru. Sabab di alam démokrasi nu jadi
dasar nagara Républik Indonésia, saenyana euweuh anak téré atawa anak
teges, henteu aya bapa téré atawa indung téré, da kabeh sélér
kalungguhanana sarua satata. Mémang kungsi aya mangsana urang Sunda
ngarasa henteu sugema ku ayana kawijakan “ko” jeung “non” pamaréntah
anu nyababkeun réa urang Sunda anu kapabel nyekel kalungguhan di
pamaréntahan Jawa Barat digésér ku sabab dianggap “ko”, diganti ku nu
henteu kapabel tapi anyar datang ti Yogya nu dianggap “non” – anu
réréana urang Jawa. Kana ayana kawijakan pamaréntah anu maliding sanak,
timbul gerakan kasundaan dina taun 1950-an nu puncakna ngayakeun
Kongrés Pemuda Sunda. Gerakan kasundaan harita babarengan jeung gerakan
di daérah-daérah lianna anu pada-pada ngarasa henteu sugema ka
pamaréntah Pusat anu didominasi ku urang Jawa anu beuki déngdék ka
kénca ku sabab dina Pemilu munggaran (1955) di luar sangkaan sareréa,
PKI jadi partéy kaopat nu unggul pemilu, nepi ka Presidén Sukarno
keukeuh hayangeun ngawangun “kabinét kaki empat”. Tapi para formatur
kabinét anu ditugaskeun ngawangun “kabinét kaki empat” téa teu aya nu
sanggupeun. Kabinét nu disusun ku PM Ali Sastroamidjojo gagal
nyanghareupan gerakan-gerakan daérah, nepi ka bubar. Presidén Sukarno
ngaluarkeun “Konsépsi Presidén” (1957) nu intina dua hal: kahiji,
ngawangun Kabinét Gotongroyong anu ngajak PKI asup jadi anggota kabinét
jeung kadua ngawangun Déwan Nasional anu jadi panaséhat pamaréntah tur
anggota-anggotana diwangun ku wakil-wakil golongan fungsional jeung
wakil-wakil daérah, dipingpin ku Presidén ku anjeun. Presidén ku anjeun
anu milihan anggotana. Sabada Kabinét Ali Sastroamidjojo bubar,
Presidén Sukarno ngangkat warganegara Dr. Ir. Sukarno jadi formatur
sarta ngagunakeun wewenang Panglima Tertinggi dina kaayaan perang (SOB)
ngangkat jalma-jalma jadi anggota kabinét nu teu meunang nolak. Nu
diangkat jadi Perdana Mentri kabinét nu dingaranan Kabinét Karya téh
Ir. Djuanda Kartawidjaja, urang Sunda. Tugasna antarana nyanghareupan
gerakan-gerakan daérah. Sukarno gé bisaeun nurutan Walanda ngalakukeun
adu domba.


Para pamingpin gerakan daérah nu
umumna para panglima di Sumatera jeung Sulawesi (jadi kabéh gé tentara)
dina rapat di Sungai Daréh (Januari 1958) ngadongsok presidén sangkan
ngabubarkeun Kabinét Karya anu diwangun sacara henteu sah da presidén
diangkat jadi formatur mah ngalanggar UUDS 1950 (nu jadi UUD nu sah
harita), bari ngusulkeun sangkan Bung Hatta jeung Sultan Hamengku
Buwono IX asup kana kabinét. Tapi pangdongsokna anu ditungtungan ku
ultimatum téh henteu diwaro, nya tuluy ngawangun “kabinét tandingan”
PRRI. Akibatna Pamaréntah Pusat ngirimkeun pesawat AURI ngabom Painan.
PRRI dianggap “pemberontakan”. PRRI henteu manggapulia nyanghareupan
kakuatan militér Pamaréntah Pusat.


Kongrés Pemuda Sunda (KPS) diayakeun
dina bulan Novémber 1956 ku para pamuda (béda jeung di daérah séjén,
lain ku tentara) ngawangun Déwan Komando Pemuda Sunda (DKPS) anu
tugasna ngalaksanakeun kaputusan-kaputusan KPS sacara hukum, antarana
mangaruhan Konstituante nu anyar diistrénan sangkan ngarobah struktur
nagara tina kesatuan jadi federasi. Tapi dina bulan Méi 1957, para
anggota DKPS ditangkepan kalawan tuduhan rék ngarobah struktur nagara
sacara illegal. Ditangkepanana waktu keur ngayakeun silaturahmi Lebaran
nu dituduh ngayakeun rapat gelap. Dokumén Kaputusan KPS nu geus
diumumkeun dina pérs jeung dikirimkeun ka lembaga-lembaga pamaréntah
jeung masarakat, dianggap bukti yén rék ngarombak struktur nagara da
dina kaputusan DKPS aya pameredih sangkan nagara kesatuan RI dirobah
jadi federasi. Sabada méh opat taun ditahan tanpa prosés, para angota
DKPS dikaluarkeun, da tuduhanana teu aya buktina.


Sabada para anggota DKPS
ditarangkepan tur PRRI jeung Permésta dianggap pemberotakan, beunang
disebut tara kadéngé aya gerakan kasundaan atawa gerakan daérah lianna.
Dalah dina widang kasenian, kabudayaan jeung basa ogé henteu kadéngé
kecétna. Tuduhan provinsialistis, séparatis, federalis jeung sabangsa
jadi ririwa anu ngareunteutkeun haté jalma anu hayang ngayakeun
kagiatan kadaérahan, kaasup ngayakeun kagiatan kasenian jeung
kabudayaan.


Sabada Presidén Sukarno dirorod tina
kalungguhanana ku gerakan nu disebut Angkatan 66, organisasi-organisasi
kasundaan milu ramé nyokong Orde Baru nu dibobotohan ku Jéndral
Suharto, bari ngapeskeun Orde Lama, nyaéta pamaréntahan anu dipingpin
ku Presidén Sukarno. Basa pamaréntah Orde Baru ngadegkeun Golongan
Karya (Golkar) pikeun nyanghareupan Pemilihan Umum 1971,
organisasi-organisasi kasundaan cara Paguyuban Pasunda, Pasundan Istri
jllna arasup sarta aktif di Golkar.


Dina ahir taun 1966 Sudam I Divisi
Siliwangi ngadegkeun organisasi pamuda, Angkatan Muda Siliwangi (AMS),
nu digunakeun pikeun nyokong pamaréntah Orde Baru dina numpes Orde
Lama. Dina Pemilu taun 1971, AMS aktif nyokong Golkar sarta pamingpinna
aya nu diarangkat jadi anggota parlemén boh di DPR boh di DPRD. Ku
sabab tujuanana ogé ngunggulkeun “perjuangan” Orde Baru, atuh soal
kasundaan mah tara jadi acara utama, ngan sakasampeurna baé.


Kakara sabada sadar yén sihoréng anu
ngawakilan Tatar Sunda dina perjuangan Orde Baru téh réréana lain urang
Sunda, tur urang Sundana ngarasa kadéséh da éléh visi jeung taktik,
soal kasundaan muncul jadi isu di kalangan élit Sunda kaasup nu aya di
Golkar. Kakara engeuh yén nu dariuk jadi wakil rahayat di DPRD Jawa
Barat, geuning réréana lain urang Sunda.


Ti harita timbul deui sumanget
kasundaan téh, komo sabada aya Undang-undang Otonomi Daérah mah.
Sasatna méh unggal bulan aya organisasi kasundaan diadegkeun, ngan
hanjakal réréana mah sabada ngayakeun salametan rongkah (“déklarasi”)
dina waktu ngadegkeunana di hotél sigrong téh, tara aya kadéngé naon
kagiatanana. Umumna oriéntasina ngan usaha sangkan milu kabagian proyék
pamaréntah atawa sangkan urang Sunda jeneng nyekel kalungguhan di
tingkat nasional atawa daérah, da dianggap lamun aya urang Sunda
dijungjung lungguh jadi pejabat téh tanda kaunggulan ki Sunda. Sikep
kitu téh pandangan kaom priyayi anu nganggap kalungguhan jadi ménak
hiji préstasi. Alam pikiran kaum priyayi nu jiwana biasa teuing
ulun-kumawula téh, masih gedé kénéh pangaruhna di kalangan para élit
pamingpin Sunda nepi ka kiwari cara anu didémonstrasikeun ku ayana Tim
Indepénden nu diwangun ku organisasi-organisasi “bercorak kasundaan”
anu ngahaturkeun panuhun ka presidén sangkan maparin 20% tina jabatan
penting nasional ka urang Sunda bari ngasongkeun 160 ngaran urang Sunda
anu cenah piliheun presidén. Béh dieu ngasongkeun sapuluh ngaran anu
dianggap merenah jadi menteri. Nu maak hélok, para anggota Tim
Indepénden téh aya dina daftar 160 urang Sunda anu merenah jadi gegedén
tingkat nasional jeung dina daftar 10 urang pimenterieun. Bubuhan geus
aya ti dituna paribasa ngeupeul ngahuapan manéh.


Tujuan gerakan kasundaan kuduna lain
kalungguhan, tapi usaha sangkan urang Sunda, pangpangna rahayat
pépéték, meunang kasempetan sajembar-jembarna pikeun
ngarépréséntasikeun diri jeung pribadina dina widangna masing-masing.
Lamun urang niténan balantika nasional, karasa pisan kurangna urang
Sunda méh dina sagala widang. Éléh ku urang Minang, Batak, jeung Bugis
nu jumlahna jauh sahandapeun urang Sunda. Naha ku lantaran urang Sunda
henteu miboga kamampuh? Tacan tangtu. Anu sidik, urang Sunda apan asor
pisan kabisana da rata-rata urang Sunda sakolana ngan 7 taun, hartina
henteu tamat SMP-SMP acan. Sabalikna urang Sunda nu mareunang atikan
luhur, umumna pala putra ménak heubeul atawa ménak anyar anu mibanda
méntalitas priyayi, anu ngarep-ngarep dijenengkeun ku nu dibendo. Da
ceuk pikiranana hirup nu utama mah kudu nyekel kalungguhan di
pamaréntahan, sanajan gawéna ngan ukur sembah kuriling atawa jadi
pakacar.


Padahal urang Sunda kakara maju,
lamun élmuna luhung dina sagala widang, wani tandang ngadu kamampuh
parebut préstasi tina gawé nyata anu karasa mangpaatna ku balaréa. Tapi
urang Sunda luhung élmuna lamun sakola téh lain ngan ngudag ijazah
jeung gelar, tapi enyaan ngudag élmuna. Para kaom élit Sunda boga
kawajiban pikeun ngusahakeun sangkan sakabéh urang Sunda bisa meunang
atikan anu cukup nepi ka dina waktuna tarung dina médan kahirupan
nasional, bisa unggul ku sabab parabotna samakta. Harkat jeung martabat
urang Sunda moal unggah ngan ku baramaén ménta-ménta kalungguhan, tapi
ngan lamun urang Sunda réa némbongkeun préstasi nu pikasérabeun dina
sagala lapangan kahirupan di tingkat nasional.


Ngan pikeun nepi ka dinya, kudu aya
parobahan méntalitas urang Sunda, tina méntalitas tukang baramaén jadi
méntalitas jiwa anu mandiri. Nu gedé kapercayaan dirina, tur dirojong
ku élmu jeung kamampuh dina metakeunana bari karasa mangpaatna ku
balaréa.***


Maman Gantra

Jalan Salemba Tengah 51,

Jakarta 10440.

0812-940-5441


      

Kirim email ke