Salah sahiji sikep nu alus jeung kudu dibongkar teh eta, ngarasa
dianakterekeun. Naha nganggap diri jadi anak republik indonesia atawa
jakarta? Padahal indonesia mah karek aya taun 1945. ari etnis mah, sunda
jawa batak minang, jrrd geus ti baheula mula.  Kuduna nempona tibalik atawa
dibalikeun yen republik indonesia atawa jakarta/pusat teh anak kandung suku
bangsa nu aya di nusantara. Ngan meureun kakonci ku ngaran ibukota. Jadi
miindung ka jakarta.

 

Kataji ku cara batur di eropa. Meuli coklat belgia di brussel. Didahar di
kareta basa balik ke leiden. Dina bungkusna, ketembong, sababaraha bahasa
eropa ditulis ngajelaskeun eusi. Ilahar di eropa mah kitu. Hiji barang, sok
dilengkepan ku sababahara basa dumasar kana nagara barang eta di jual. Hade
mun aya pausahaan nu mroduksi barang konsumsi kitu, di urang, make
katerangan eusi atawa samara (contents, ingredient) ku sababaraha basa. Nya
basa indonesia, basa sunda, jawa, madura, cirebon, mun produk eta
dipasarkeun di pulo jawa madura, mun di sumatra, sigana hade, make basa
nasional, minang, batak, melayu, aceh, jrrd. Meureun ku kitu basa daerah
rada kapiara, jeung warga barisa ngahartikeun jero produk eta ku basa
masing-masing.

 

Tapi contoh di eropa mah da beda nagara. Di urang sigana cukup ku basa
nasional. Kungsi maca tulisan soal legana nagara, di eropa nagara sagede
provinsi atawa leutik leutik teh biasa, beda jeung di nagara berkembang
cenah, nu galede pisan. Sabagian pangaruh jajahan, atawa lega heureutna hiji
nagara berkembang mah, dumasar gede leutikna mangsa keur dikoloni ku bule.
Nya di eropa sorangan aya nu bencar, cara yugoslavia atawa uni sovyet,
baralik deui ka bentuk nagara asal masing-masing.

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of Maman Gantra
Sent: Monday, May 03, 2010 7:26 AM
To: [email protected]; [email protected];
[email protected]
Subject: [Urang Sunda] Gerakan Kasundaan Ajip Rosidi

 







http://ajip-rosidi.com/esai-bahasa-sunda/gerakan-kasundaan/

Gerakan Kasundaan

Kategori: Esai Bahasa Sunda
<http://ajip-rosidi.com/category/esai-bahasa-sunda/>  » Dilihat: 531 kali »
Diposting: 13-11-2009

Ku Ajip Rosidi

GEUS lila aya kateusugema di kalangan urang Sunda, ku sabab dina balantika
nasional langka urang Sunda anu meunang kapercayaan pikeun nyangking
kalungguhan penting. Éta kateusugema téh sok diupahan ku ngabobodo manéh,
ngarasa dianaktérékeun, atawa nyalahkeun sipat urang Sunda anu cenah “sok
ngaheulakeun batur”, “henteu karooh ku kalungguhan”, “daék éléh sungkan
meunang”, jeung sabangsana.

Dianak-térékeun – henteu mustahil. Tapi naon sababna merenahkeun diri jadi
“anak” lain jadi “bapa” atawa “indung”? Sanajan tangtu baé, masih kudu
dipaluruh sacara obyéktif naha enya aya anak téré jeung anak teges di
lingkungan nagara Républik Indonésia. Naha timbulna rasa dianaktérékeun téh
lain ngan ku lantaran mémang urang Sunda éléh dina persaingan nasional anu
saenyana mah lumangsung sacara fair?

Lamun enya kitu, kateusugema ku nyalahkeun batur téh istuning kaliru. Sabab
di alam démokrasi nu jadi dasar nagara Républik Indonésia, saenyana euweuh
anak téré atawa anak teges, henteu aya bapa téré atawa indung téré, da kabeh
sélér kalungguhanana sarua satata. Mémang kungsi aya mangsana urang Sunda
ngarasa henteu sugema ku ayana kawijakan “ko” jeung “non” pamaréntah anu
nyababkeun réa urang Sunda anu kapabel nyekel kalungguhan di pamaréntahan
Jawa Barat digésér ku sabab dianggap “ko”, diganti ku nu henteu kapabel tapi
anyar datang ti Yogya nu dianggap “non” – anu réréana urang Jawa. Kana ayana
kawijakan pamaréntah anu maliding sanak, timbul gerakan kasundaan dina taun
1950-an nu puncakna ngayakeun Kongrés Pemuda Sunda. Gerakan kasundaan harita
babarengan jeung gerakan di daérah-daérah lianna anu pada-pada ngarasa
henteu sugema ka pamaréntah Pusat anu didominasi ku urang Jawa anu beuki
déngdék ka kénca ku sabab dina Pemilu munggaran (1955) di luar sangkaan
sareréa, PKI jadi partéy kaopat nu unggul pemilu, nepi ka Presidén Sukarno
keukeuh hayangeun ngawangun “kabinét kaki empat”. Tapi para formatur kabinét
anu ditugaskeun ngawangun “kabinét kaki empat” téa teu aya nu sanggupeun.
Kabinét nu disusun ku PM Ali Sastroamidjojo gagal nyanghareupan
gerakan-gerakan daérah, nepi ka bubar. Presidén Sukarno ngaluarkeun
“Konsépsi Presidén” (1957) nu intina dua hal: kahiji, ngawangun Kabinét
Gotongroyong anu ngajak PKI asup jadi anggota kabinét jeung kadua ngawangun
Déwan Nasional anu jadi panaséhat pamaréntah tur anggota-anggotana diwangun
ku wakil-wakil golongan fungsional jeung wakil-wakil daérah, dipingpin ku
Presidén ku anjeun. Presidén ku anjeun anu milihan anggotana. Sabada Kabinét
Ali Sastroamidjojo bubar, Presidén Sukarno ngangkat warganegara Dr. Ir.
Sukarno jadi formatur sarta ngagunakeun wewenang Panglima Tertinggi dina
kaayaan perang (SOB) ngangkat jalma-jalma jadi anggota kabinét nu teu
meunang nolak. Nu diangkat jadi Perdana Mentri kabinét nu dingaranan Kabinét
Karya téh Ir. Djuanda Kartawidjaja, urang Sunda. Tugasna antarana
nyanghareupan gerakan-gerakan daérah. Sukarno gé bisaeun nurutan Walanda
ngalakukeun adu domba.

Para pamingpin gerakan daérah nu umumna para panglima di Sumatera jeung
Sulawesi (jadi kabéh gé tentara) dina rapat di Sungai Daréh (Januari 1958)
ngadongsok presidén sangkan ngabubarkeun Kabinét Karya anu diwangun sacara
henteu sah da presidén diangkat jadi formatur mah ngalanggar UUDS 1950 (nu
jadi UUD nu sah harita), bari ngusulkeun sangkan Bung Hatta jeung Sultan
Hamengku Buwono IX asup kana kabinét. Tapi pangdongsokna anu ditungtungan ku
ultimatum téh henteu diwaro, nya tuluy ngawangun “kabinét tandingan” PRRI.
Akibatna Pamaréntah Pusat ngirimkeun pesawat AURI ngabom Painan. PRRI
dianggap “pemberontakan”. PRRI henteu manggapulia nyanghareupan kakuatan
militér Pamaréntah Pusat.

Kongrés Pemuda Sunda (KPS) diayakeun dina bulan Novémber 1956 ku para pamuda
(béda jeung di daérah séjén, lain ku tentara) ngawangun Déwan Komando Pemuda
Sunda (DKPS) anu tugasna ngalaksanakeun kaputusan-kaputusan KPS sacara
hukum, antarana mangaruhan Konstituante nu anyar diistrénan sangkan ngarobah
struktur nagara tina kesatuan jadi federasi. Tapi dina bulan Méi 1957, para
anggota DKPS ditangkepan kalawan tuduhan rék ngarobah struktur nagara sacara
illegal. Ditangkepanana waktu keur ngayakeun silaturahmi Lebaran nu dituduh
ngayakeun rapat gelap. Dokumén Kaputusan KPS nu geus diumumkeun dina pérs
jeung dikirimkeun ka lembaga-lembaga pamaréntah jeung masarakat, dianggap
bukti yén rék ngarombak struktur nagara da dina kaputusan DKPS aya pameredih
sangkan nagara kesatuan RI dirobah jadi federasi. Sabada méh opat taun
ditahan tanpa prosés, para angota DKPS dikaluarkeun, da tuduhanana teu aya
buktina.

Sabada para anggota DKPS ditarangkepan tur PRRI jeung Permésta dianggap
pemberotakan, beunang disebut tara kadéngé aya gerakan kasundaan atawa
gerakan daérah lianna. Dalah dina widang kasenian, kabudayaan jeung basa ogé
henteu kadéngé kecétna. Tuduhan provinsialistis, séparatis, federalis jeung
sabangsa jadi ririwa anu ngareunteutkeun haté jalma anu hayang ngayakeun
kagiatan kadaérahan, kaasup ngayakeun kagiatan kasenian jeung kabudayaan.

Sabada Presidén Sukarno dirorod tina kalungguhanana ku gerakan nu disebut
Angkatan 66, organisasi-organisasi kasundaan milu ramé nyokong Orde Baru nu
dibobotohan ku Jéndral Suharto, bari ngapeskeun Orde Lama, nyaéta
pamaréntahan anu dipingpin ku Presidén Sukarno. Basa pamaréntah Orde Baru
ngadegkeun Golongan Karya (Golkar) pikeun nyanghareupan Pemilihan Umum 1971,
organisasi-organisasi kasundaan cara Paguyuban Pasunda, Pasundan Istri jllna
arasup sarta aktif di Golkar.

Dina ahir taun 1966 Sudam I Divisi Siliwangi ngadegkeun organisasi pamuda,
Angkatan Muda Siliwangi (AMS), nu digunakeun pikeun nyokong pamaréntah Orde
Baru dina numpes Orde Lama. Dina Pemilu taun 1971, AMS aktif nyokong Golkar
sarta pamingpinna aya nu diarangkat jadi anggota parlemén boh di DPR boh di
DPRD. Ku sabab tujuanana ogé ngunggulkeun “perjuangan” Orde Baru, atuh soal
kasundaan mah tara jadi acara utama, ngan sakasampeurna baé.

Kakara sabada sadar yén sihoréng anu ngawakilan Tatar Sunda dina perjuangan
Orde Baru téh réréana lain urang Sunda, tur urang Sundana ngarasa kadéséh da
éléh visi jeung taktik, soal kasundaan muncul jadi isu di kalangan élit
Sunda kaasup nu aya di Golkar. Kakara engeuh yén nu dariuk jadi wakil
rahayat di DPRD Jawa Barat, geuning réréana lain urang Sunda.

Ti harita timbul deui sumanget kasundaan téh, komo sabada aya Undang-undang
Otonomi Daérah mah. Sasatna méh unggal bulan aya organisasi kasundaan
diadegkeun, ngan hanjakal réréana mah sabada ngayakeun salametan rongkah
(“déklarasi”) dina waktu ngadegkeunana di hotél sigrong téh, tara aya
kadéngé naon kagiatanana. Umumna oriéntasina ngan usaha sangkan milu
kabagian proyék pamaréntah atawa sangkan urang Sunda jeneng nyekel
kalungguhan di tingkat nasional atawa daérah, da dianggap lamun aya urang
Sunda dijungjung lungguh jadi pejabat téh tanda kaunggulan ki Sunda. Sikep
kitu téh pandangan kaom priyayi anu nganggap kalungguhan jadi ménak hiji
préstasi. Alam pikiran kaum priyayi nu jiwana biasa teuing ulun-kumawula
téh, masih gedé kénéh pangaruhna di kalangan para élit pamingpin Sunda nepi
ka kiwari cara anu didémonstrasikeun ku ayana Tim Indepénden nu diwangun ku
organisasi-organisasi “bercorak kasundaan” anu ngahaturkeun panuhun ka
presidén sangkan maparin 20% tina jabatan penting nasional ka urang Sunda
bari ngasongkeun 160 ngaran urang Sunda anu cenah piliheun presidén. Béh
dieu ngasongkeun sapuluh ngaran anu dianggap merenah jadi menteri. Nu maak
hélok, para anggota Tim Indepénden téh aya dina daftar 160 urang Sunda anu
merenah jadi gegedén tingkat nasional jeung dina daftar 10 urang
pimenterieun. Bubuhan geus aya ti dituna paribasa ngeupeul ngahuapan manéh.

Tujuan gerakan kasundaan kuduna lain kalungguhan, tapi usaha sangkan urang
Sunda, pangpangna rahayat pépéték, meunang kasempetan sajembar-jembarna
pikeun ngarépréséntasikeun diri jeung pribadina dina widangna masing-masing.
Lamun urang niténan balantika nasional, karasa pisan kurangna urang Sunda
méh dina sagala widang. Éléh ku urang Minang, Batak, jeung Bugis nu jumlahna
jauh sahandapeun urang Sunda. Naha ku lantaran urang Sunda henteu miboga
kamampuh? Tacan tangtu. Anu sidik, urang Sunda apan asor pisan kabisana da
rata-rata urang Sunda sakolana ngan 7 taun, hartina henteu tamat SMP-SMP
acan. Sabalikna urang Sunda nu mareunang atikan luhur, umumna pala putra
ménak heubeul atawa ménak anyar anu mibanda méntalitas priyayi, anu
ngarep-ngarep dijenengkeun ku nu dibendo. Da ceuk pikiranana hirup nu utama
mah kudu nyekel kalungguhan di pamaréntahan, sanajan gawéna ngan ukur sembah
kuriling atawa jadi pakacar.

Padahal urang Sunda kakara maju, lamun élmuna luhung dina sagala widang,
wani tandang ngadu kamampuh parebut préstasi tina gawé nyata anu karasa
mangpaatna ku balaréa. Tapi urang Sunda luhung élmuna lamun sakola téh lain
ngan ngudag ijazah jeung gelar, tapi enyaan ngudag élmuna. Para kaom élit
Sunda boga kawajiban pikeun ngusahakeun sangkan sakabéh urang Sunda bisa
meunang atikan anu cukup nepi ka dina waktuna tarung dina médan kahirupan
nasional, bisa unggul ku sabab parabotna samakta. Harkat jeung martabat
urang Sunda moal unggah ngan ku baramaén ménta-ménta kalungguhan, tapi ngan
lamun urang Sunda réa némbongkeun préstasi nu pikasérabeun dina sagala
lapangan kahirupan di tingkat nasional.

Ngan pikeun nepi ka dinya, kudu aya parobahan méntalitas urang Sunda, tina
méntalitas tukang baramaén jadi méntalitas jiwa anu mandiri. Nu gedé
kapercayaan dirina, tur dirojong ku élmu jeung kamampuh dina metakeunana
bari karasa mangpaatna ku balaréa.***



Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441









Kirim email ke