Nuhun ka kersana juragan tukang giribig (mun dipake ngaran marga, disingget we, Tugir heuheu). Munel bari nyakakak macana. Utamana eta, ukuran dingkul. Bisa pikeun ngajawab perkara naha ukuranana sakitu. Sihoreng patali jeung ergonomi, elmu teuing naon kitulah, yen ukuran dingkul sakitu sabab patali jeung cara mawana, that is disangkeh. Kaharti pisan gan. Hatur thank you. Enya, da nu ngeunah mawana bari semu dikaleng mah boboko atawa baris jeung said. Ari dingkul teu mungkin dikaleng da lengkungna gede, oge tolombong.
Joblag telebug teh enya kungsi manggih di imah kapi aki, asana diameterna memang gede, leuwih ti 1,50 meter. UKURAN tidingkul we nya mimitina... kumaha silaing we cenah ah... ieu ge geus cape macana hahahaha dingkul ukuranna sa siku jelema dewasa, sabab dingkul sok dibabawa kamana2 ka sawah atawa ka kebon, bisa oge mun keur gacar make etem tea mun lain pare ranggeuyan, da pare ranggeuyan mah dikeupeul nu terus ditundaan tea, jadi make dingkul umumna lain diais tapi siga disangkeh ku siku..., dikeupeul buleudan beh ditueun siku... tah kieu tah... *pepeta deui*, ari leuwih leutik/gede tina eta nya disebut we tambahkeun jadi dingkul leutik atawa dingkul gede joblag/telebug eta rajana dingkul cirina nu poko mah manehna tara kamamana ngajegoh we dimana dicicingkeun mimitina, bisa di goah, leuit atawa dimana wae jeung husus keur ngawadahan pare (segon)..., kecuali mun imahna pindah atawa tempat manehna cirekem pindah, anapon eusi atawa ukuranna dilembur uing aya rupa-rupa pangleutikna bisa nunda pare segon 4 kintal garing kurang leuwih 40 dingkul, nu jegud mah meuli/nyieun telebug teh keur hijina bisa ka 7 atawa 8 kintalna..., tah makana telebug mah tara pipindahan da atuh kumaha mun seug eusian kudu mindahkeun heu naon deui nya eung...,

