Kutan? Nembe terang Ceu Li & Pa Non sok
ditambut-tambutkeun? Aya rentalanana panginten nya? heuheu…
Panungtungan ngaraosan Jeruk Garut teh 3 taun kapengker.
Kaleresan harita nganjang ka baraya nu di Malangbong. Nuju megat mobil ka
Bandung-keun aya nu nawisan emang2, lumayan mirah. Benten ti jeruk nu biasa,
wanguna rada deple, kelirna hejo semu oranye, molongo tengahna rada ageung,
kangkotanana
rada alit (duka pedah nu alit panginten), seungitna nyambuang, rasana haseum
amis, suegeeer… Sababaraha waktos kapengker, kantos “kawenehan” ningali Jeruk
Garut di Pasar Baru, rada arageung, daraunan keneh, hanjakal nuju na beus kota…
bati kumerotna we…
Kaci pisan Mang, sok didungakeun, sakadang Jeruk Garut teh
sing tumuwuh subur, sing sehat tangkalna, sing ditebihkeun tina sabangsaning
panyawat tutuwuhan. Kade, pami tos panen tong he love “di-share”
heheh…
ro2
From: oman abdurahman <omana...@gmail. com>
Date: Tue, 4 May 2010 21:30:26 +0700To: <urangsu...@yahoogro ups.com>Subject:
Re: [Urang Sunda] Garut ku Waas
Genep
taun ka tukang mah jeruk Garut anu asli eta aya keneh, ngan geus
langka. Harita, si kuring teu nginjeum ceuli, teu nginjeum mata,
nyaksian pisan, keur nganjang ka bumina kang Erry (mantan ketua kpk
samemeh Antasari Azhar), kaparengkeun panggih jeung anu nyandak jeruk
Garut satanggungan aralit, eusina kl aya 30 siki.
Saur kang Erry, harita, eta emang anu nyandak jeruk Garut teh asli
urang Wanaraja, Garut. Si Emang nganjang ka bumi kang Erry maneuh
unggal tangkal jeruk Garut bogana di Wanaraja buahan. Nganjang bari
ngintun jeruk pesenan kang Erry anu engkena ku kang Erry eta jeruk teh
digaleuh. Saur kang Erry, sanes keur sasaha eta jeruk teh, tapi
tuangeun anjeunna wae sakulawargi. Upama rada seueur jerukna, ku kang
Erry - saparantos digaleuh -sawareh dibagikeun ka tatangga.
Harita oge si kuring ngaraosan sasiki da jeruk Garut kintunan teh
harita mah disuguhikeun ka kuring saparakanca anu harita keur nganjang
tea. Enya jeruk Garut da masih apal tanda-tandana. Nyaan seungit jeung
pelem pisan, bubuhan jeruk Garut jeung sasatna asak dina tangkal.
Taun ieu, 2010, kl 3 bulan ka tukan si kuring meunang bibit tangkal
jeruk, ngahaja meunang mesen ti dulur pamajikan (kabeneran jikan teh
asgar). Ceuk beja eta bbit anak jeruk teh jeruk Garut ti Wanaraja. Laju
dipelak dina taneuh sacangkewok hareupeun imah. Sugan wae bener eta teh
jeruk Garut, keur dinangna-nengne pisan dipiara, sugan pareng jadi tur
buahan dina waktuna. Ka para wargi neda pidu'ana kum ka sadayana wae,
mugia eta jeruk teh leres jeruk Garut, terus tumuwuh subur sarta
engkena lamun geus waktuna buahan nya buahan sakumaha normalna tangkal
jeruk.
Nyuhunkeun pidu'ana kenging meureun ti sadayana demi keur neruskeun
turunan jeruk Garut anu meh leungit. Hehehe, punten ngaririhann do'a ka
balarea kalayan ngamanfaatkeun keanekaragaman hayati anu meh musnah,
sugan kaci ceuk Mj tea mah.
manar
2010/5/3 Aldo Desatura ™ <hanja...@gmail. com>
sabab gues ka
alaman ku kuring ge... mung meser ka tukang jeruk sigana di tol kitunya
sok ka tipu wae teu ku jumlah na teu ku rasana .. mereunan "citra
negatif" kiyeu nu geus ka sandang ku Jeruk Garut teh kang... teu siga
jeruk ponkam, jeruk mandarin jeung nu sejen na... meskipun urang papada
terang mung meser jeruk mandarin dina beus pasti awon ngan urang papada
ngarti yen eta mah pasti barang sesa mung nu aslina pasti eta jeruk teh
alus... kirang lewih kitu tah
On Mon, May 3, 2010 at 9:38 PM, <jalakpakuan@ yahoo.com> wrote:
Poster gede dimana2 ditambah gandengna speaker promosi harga murah
impor ti China. Lian ti medan jeung pontianak aya mucunghul ti
lumajang. Ngan keukeuh hate mah leungiteun Jeruk garut. Ngamplang jeung
jeruk garut kantun waasna.
Powered by Telkomsel BlackBerry®