Aduh ngiler euy..teu kabayang eta raosna  ambeuna..teh murni hejo.....

On 5/17/10, MRachmat Rawyani <[email protected]> wrote:
> Ari kuring mah "nyandu" kana teh hejo, ti wewengkon Cianjur Kidul
> (pagelaran), dimana pun bojo sakola nepi ka SMP. Pucuk teh anu tos dipetik,
> dipoe sina garing nepi ka murintil alias garing pisan, heunteu digongseng
> dina panggorengan atawa ngaliwatan proses fermentasi jiga teh walini. Jadi
> eta enteh teh murni daun teh teu aya pangawet atanapi aya aroma malati.
> Upama diseduh ku cai heksagonal anu dipanaskeun, warna cai enteh semu hejo,
> heunteu beureum siga teh celup. Gegedoh/hampas entehna balik deui jiga daun
> teh. Beda pisan rasana, aromana oge khas daun teh.
>
> baktos,
>
> mrachmatrawyani
>
>
>
>
>
> ________________________________
> From: Jalak Pakuan <[email protected]>
> To: [email protected]; [email protected]
> Sent: Mon, May 17, 2010 11:02:55 AM
> Subject: [Urang Sunda] Hayu ngenteh jeung ngopi asal tatar sunda
>
>
> Tadi isuk dina TV aya warta serangan ti Inggris mulai Juni, bulan hareup
> nyaeta serangan enteh Twinning. Luar biasa lian ti Jepang geuning Inggris nu
> boga seremoni nginum enteh nyerbu ka Indonesia kaasup ka tatar sunda!. Ari
> urang sunda nu ti leuleutik cegluk2 nginum moal kitu jadi serabeun lamun teu
> boga seremoni?
>
> Ti taun 2004 kuring geus nyoba ngabiasakeun ngopi jeung ngenteh make produk
> ti tatar sunda. utamana mun aya rapat/coffee morning. Supaya menarik kuring
> sok campur wadul make nyonto menak eropa. Lamun ngopi biasa make kopi aroma
> make carita model wine tea. Jadi kopi best quality mirip wine kudu diteunden
> hela bisa taunan memeh digiling. Tah kopi ieu kualitas top sabab teu
> sagawayah nyieuna, mirip wine keur menak, top eksekutif.
>
> Lamun carita enteh kuring mawa merek Walini ti kebon enteh pangalengan.
> Promosina kieu, ieu teh selektif pisan, husus ka eropa keur nginum teh
> menak2 eropa. Tah nu dina gelas khususon meunang meuli ti pabrikna, teu aya
> di pasaran lokal (he...he...pede we nyarita kitu teh).Mun aya lokal oge
> tradisina keur walanda atawa menak2 hungkul! (??)
>
> Teuing rasana atawa caritana, lolobana bareuki disuguhan kopi jeung teh
> lamun keur rapat. Ngan hesena eta kudu meuli ka Bandung.
>
> Tapi intina mah hayu urang ngenteh jeung ngopi nu asal usulna ti tatar
> sunda. Aku Cinta Produk Tatar Sunda!
>
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
>
>
>
>
>

Kirim email ke