Yi, leres, dina sastra aya siloka, dina siloka aya papatah, dina papatah aya amanat. Tapi, jaman sastra geus kaliwat, ayeuna mangsana balaka. Mun dipaksa, moal aya nu daek mikiran, ku sastra mah karek nempo bungkeuleukanana ge geus ting birigidig, sieuneun. Basana teh, eta mah konsumsi para pujangga (harianeun). Jadi, ayeuna mah kudu bruk-brak atanapi blak-blakan, blak nagkarak, bluk nangkuban..hahaha. Kade ticatrok... Gara-gara HAM jeung kebebasan mengemukakan pendapat, nu buni moal kakoreh, malah mah kalah katincak da jelemana marotah, teu kaop kagebah sok tuluy DEMO, gagabah. Hahahaha..
Sok ah, milarian deui dongengna, urang sundakeun (tafsirkeun) ku Aki ! Tafsir heureuy, make rumus filsafat meureun. Salam sono ti Aki ---

