Baraya sadayana Kamari oge bieu aya telpon ti tb Gramedia Merdeka Bdg, yen tanggal 17 Mei poe Senen jam 09.00-11.00 di tempat parkir tb Gramedia jl Merdeka Bandung (tempat parkirna di pengker tb gramedia, caket jl Purnawarman) baris diayakeun serah terima sumbangan buku nu dikumpulkeun ku tb Gramedia pikeun pabukon/perpustakaan di desa-desa nu kabeneran Pasaka (pabukon simpay katresna) nu dijieun kusnet ngaliwatan yayasan perceka tea, minangka calon penerima nu panglobana.
Ku kituna, ka baraya nu kantos atawa atanapi rumaos ngawakilan hiji dua tempat Pasaka di lemburna atawa di lembur mana bae, nu cek basa kota mah contact person tea, mugia aya waktos kanggo nyakseni acara ieu da saurna, sareng engkena ngaringkid buku-buku sumbangan eta ka pasaka masing-masing atanapi dikempelkeun heula, ke dikintun via pos. Ti pihak yayasan perceka (duka aspek legalna masih berlaku atawa kadaluwarsa, da can diperpanjang) nya meureun diwakilan si kuring jeung wa sasmita. Sapalih ti pabukon/nu ngurus ti desa-desa, oge kacilah perwakilanana. Janten si kuring miharep kang Oman Manar, Teh Roro, kang Boim pa Haji Iim, Agung Cupumanik (ngawakilan pasaka tanjungsari nu diurus ibuna di desa kawasan tanjungsari) kang Deni Suwarja Waterstone (ieu mah nu ngurus pasaka di cibatu pasantren keresek), oge nu teu kasebat tapi gaduh katineung ka program ieu mangga tiasa ngabring ka acara. Di ieu acara oge cenah baris aya acara donor darah. Hanjakal si kuring teu bisa ngadonorkeun darah, sabab asana getih di jero awak teh, jenis darah muda, jeung darah rendah, sakapeung asa boga darah dracula, jenis darah nu teu hade disumbangkeun. Heuheu Anapon acara si kuring ti 9 mei-16 mei rek ka Bali, maturan msiswa kunjungan studi, noongan desain interior hotel-hotel di bali, jrrd. Acara di gramedia isukna senen 17 mei. Sakitu nu kapihatur, Hatur nuhun mj

