MJ, InsyaAllah manawi teu nuju pakepuk janten tiasa nguliwedh sakedap,
da ka Gramed mah caket kantun meuntas & mapah sakedik. 



Haturnuhun pangangkenna,

ro2.

--- On Thu, 6/5/10, mj <[email protected]> wrote:

From: mj <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] Acara Serah Terima Sumbangan Buku ti Gramedia 17 mei
To: [email protected]
Cc:
[email protected], "'mamat'" <[email protected]>,
[email protected], "'irpan rispandi'" <[email protected]>,
"'Roro Rohmah'" <[email protected]>, [email protected]
Date: Thursday, 6 May, 2010, 11:56 AM







 



  


    
      
      
      







Baraya sadayana

Kamari
oge bieu aya telpon ti tb Gramedia Merdeka Bdg, yen tanggal 17 Mei poe
Senen jam 09.00-11.00 di tempat parkir tb Gramedia jl Merdeka Bandung (tempat 
parkirna di pengker tb gramedia, caket jl Purnawarman) 
baris diayakeun serah terima sumbangan buku nu dikumpulkeun ku tb
Gramedia pikeun pabukon/perpustakaa n di desa-desa nu kabeneran Pasaka
(pabukon simpay katresna) nu dijieun kusnet ngaliwatan yayasan perceka
tea, minangka calon penerima nu panglobana.

Ku
kituna, ka baraya nu kantos atawa atanapi rumaos ngawakilan hiji dua
tempat Pasaka di lemburna atawa di lembur mana bae, nu cek basa kota
mah contact person tea, mugia aya waktos kanggo nyakseni acara ieu da
saurna, sareng engkena ngaringkid buku-buku sumbangan eta ka pasaka 
masing-masing atanapi dikempelkeun heula, ke dikintun via pos. 

Ti pihak yayasan perceka (duka aspek legalna masih berlaku atawa kadaluwarsa, 
da can diperpanjang) nya
meureun diwakilan si kuring jeung wa sasmita. Sapalih ti pabukon/nu
ngurus ti desa-desa, oge kacilah perwakilanana. Janten si kuring
miharep kang Oman Manar, Teh Roro, kang Boim pa Haji Iim, Agung Cupumanik 
(ngawakilan pasaka tanjungsari nu diurus ibuna di desa kawasan tanjungsari) 
kang Deni Suwarja Waterstone (ieu mah nu ngurus pasaka di cibatu pasantren 
keresek), oge nu teu kasebat tapi gaduh katineung ka program ieu mangga tiasa 
ngabring ka acara.

Di ieu acara oge cenah baris aya acara donor darah. Hanjakal si kuring teu bisa 
ngadonorkeun darah, sabab asana getih di jero awak teh, jenis darah muda, jeung 
darah rendah, sakapeung asa boga darah dracula, jenis darah nu teu hade 
disumbangkeun. Heuheu

Anapon acara si kuring ti 9 mei-16 mei rek ka Bali, maturan msiswa kunjungan 
studi, noongan desain interior hotel-hotel di bali, jrrd. Acara di gramedia 
isukna senen 17 mei.

Sakitu nu kapihatur,

Hatur nuhun

mj




    
     

    
    


 



  





Kirim email ke