Sanes paham, ieu mah nostalgia. keur burey keneh emut pami dipiwarang nyangu teh seueur aturan ti pun biang. Nyandak beas kedah tapak deku, teu ke ngeng nagog, komo deui nonggeng. Nyandak nganggo leter tina batok. Teras beas dikanabobokokeun, diisikan dugi ka cai pangisikana herang. diaronan, pami beas saleter cai oge saleter;beas pangisikan kedah tuus heula oge cai pangaronan kedah ngagolak,nembe beas diabruskeun. Tos saat ,teras di seupankeun, kinten dugi ka haseupna ngirangan,aya kana satengah jam rupina. Tah nu lami teh abdi mah diajar ngakeul, pan memerlukan koordinasi karena kedua tangan beda cepengan, hihid sareng cukil (?) di gerakan bersamaan. Pami upacara na mah rupi na nyuguhnya. Di goah almarhumah Mamah,ngajajar gentong. Kadang sok diseungeutan menyan, dipurulukkeun kana tapas ruhay. Aya bubur beureum bubur bodas , rujak kalapa,sareng cau. Nya eta mah lalakon baheula da abdi Ayeeuna mah nyandak beas tina laci cosmos, diisikan dina bas ko m, lajeng diasakan dina rice cooker..
Terkirim dari telepon Nokia saya -----Pesan Asli----- Dari: mj Terkirim: 06-05-2010 13.24.20 Subjek: [Urang Sunda] pabeasan padaringan wadah beas Salah sahiji objek studi teh wadah beas. Kamari ka kampung naga, ku nu boga imah teu kaci nempo jerona goah. Ari di ciranji baduy mah meunang, kitu deui di gajeboh. Sawareh goah di baduy mah teu mangrupa rohangan husus, tapi ngahiji jeung dapur. Aya nu dipisahkeun, tapi teu make panto, nya teu beda di pendeng/enggon, ngan eusina pabeasan nu rupana gentong tea jeung sagala rupa peralatan dapur, kayaning boboko jeung baris. Dina ensiklopedia sunda mah, bedana padaringan jeung pabeasan ( nu gentong tea) ngan dibedakeun dina tatacara atawa memperlakukanana. Padaringan mah cenah masih keneh make acara adat, make sagala rupa upacara, menyan, rupa rupa kembang, jst, ari pabeasan mah nya ukur wadah beas. Rupana mah eta-eta keneh. Can kapaluruh di lokasi studi, kumaha bae bag-bagan upacara adatna pikeun padaringan teh. Tapi sigana patali jeung asal usul pare beas tea, ti nyi pohaci sang hyang asri (dewi sri tea). Saliwatan nempo goah di kp naga, biasana rohangan leutik gigireun dapur. Beulah kencaeun dapur. Kenca teh meureun ruang istri, katuhu pameget. Ngan nya kitu, unikna, sanajan gentong pabeasan teh wadah wajib kudu aya di unggal goah, di baduy, teu aya warga nu nyieun gerabah gentong kitu. Hartina meureun teknologi gerabah teu kakuasai, teu cara nyieun bedog, di baduy kampung nu kakoncara kampung batubeulah. Jadi si gentong pabeasan teh meuli ti luar. Ari urang kp kuta kp naga mah meuli ka pasar garut, salawu atawa singaparna, ari urang baduy mah cenah sok meuli kanu jualan nu datang ti luar. Kitu deui seeng. Sanajan wajib aya paranti nyepan sangu, teu dijarieun ku urang dinya, tapi meuli ka luar atawa aya nu jualan ka baduy. Mangga dilajeng kanu terang, ketrukeun deui :-) nuhuns

