Ieu ngarinci objek nu baris dipaluruh tea unsur estetikana, nya meureun bari
leumpang, dibahas teknisna, bahan jsb. 

TEMPAT MELAK
Cikadu Baduy: huma, jenis pare, pare ranggeuyan
Kampung naga, sawah (rata jeung di pasir, terasering)
kampung kuta : sawah (rata jeung terasering)

Paranti ngakut
Cikadu baduy : sarupaning rancatan
Kp Naga :tolombong/dingkul
Kp kuta : tolombong/dingkul

TEMPAT MOE
Cikadu Baduy : teu aya tempat khusus, giribig aya cenah tapi teu umum. Aya
nu moe pare ranggeuyan make alas urut karung diamparkeun
Kp Naga : Tampir, giribig
Kp Kuta: tampir, giribig (can recheck deui, can survey deui, taun 2007,
survey munggaran can nepi ka motoan wawadahan, karek imah jeung hiji dua
parabot)

TEMPAT NYIMPEN
Cikadu baduy :leuit

Leuit di baduy aya dua rupa
1.      leuit lenjang/leuit jangkung, wangunana beuki kaluhur beuki gede
2.      leuit gugudangan, wangunana pasagi teu siga ngagedan ka luhur cara
leuit lenjang. Variasi leuit ieu, leuit karumbung, leuwih leutik.

Kampung naga: aya leuit hiji (model lenjang, ngan poho teu difoto kamari)
pikeun nyimpen pare paranti kapentingan umum (hajat sasih), pare (jenis
pare: ranggeuyan + murag) masing-masing disimpen dina tolombong/dingkul
karung di goah/dapur. Alesan leuit saeutik, kahiji kalolobana pare nu
dipelak pare murag, kadua, lahan kp naga heureut. 

Kampung kuta: aya leuit (model lenjang) ngan sipatna hiasan, pikeun
kalengkepan kampung adat. Pare (jenis pare murag) disimpen dina
tolombong/dingkul karung dapur/goah dina karung/tolombong
Bahan: tihang kai, dingding biliks anyaman kepang. Suhunan ku kiray atawa
injuks. tolombong

TEMPAT PROSES PARE (gabah)
Cikadu baduy: saung lisung, lisungna panjang nepi ka dalapan meter. Tina kai
nu teuas. Lisung + halu, disaungan tukaeung paimahan.
Kampung naga: saung lisung.lisungna kai teu panjang siga di baduy jeung aya
nu tina batu tipe stone ti walungan ciwulan. Lokasi di sisi balong. 
Kampung kuta: saung lisung (asumsi keneh, basa survey poho teu
kapariksa)+huler. Dina literatur mah saung lisungna di tukangen imah
masing-masing

Liang lisung umumna dua rupa, nu panjang, pikeun ngabaladah, terus liang nu
buleud pikeun nyosoh
Parabot sejen: nyiru paranti napi

TEMPAT NUNDA BEAS

Cikadu Baduy :Goah, wadahna pabeasan tina gentong +boboko/baris
Kp Naga : Goah, wadahna pabeasan gentong +boboko, karung
Kp Kuta : Goah, wadahna pabeasan gentong +boboko, karung

Imah Tukang Giribig, pabeasan merek Cosmos

TEMPAT NYANGU
Cikadu Baduy, hawu dina parako (luhureun lantey dapur nu panggung)
Kp Naga, hawu dina parako (luhureun lantey dapur nu panggung)
Kp Kuta, hawu dina taneuh. Dapur di Kuta mah turun, dina taneuh langsung,
teu di lantey panggung. 

Wadah nyangu
Cikadu Baduy :seeng+haseupan
Kp Naga : seeng + aseupan
Kp Kuta : seeng + aseupan
Imah Tukang Giribig : Magic jar
Pakakas tambahan: hihid, kuluwung (paranti nyimpen haseupan dina fase
ngagigihan). Di kp naga aya, ngarana beda. Sarua bahana, sakadang awi di
anyam siga tabung bolong.


WADAH SANGU DISAJIKEUN
Cikadu Baduy : wadah asli, jahas, piring kai nu oge dipake jadi cowet.
Piring buatan pabrik aya paranti tamu ( moal dibahas)
Kp Naga : piring buatan pabrik (moal dibahas)
Kp Kuta: piring buatan pabrik (moal dibahas)


Kirim email ke