Wah [emr enteh yeuh...ari si kuring mah make enteh lokal anu di pelak do
kebon sorangan. duka jenis naon cindeknamah. Eta tangkal enteh teh nu
melakna nini uing da tangkalna geus gede jeung ngaguyun pisan. ngan hanjakal
ngan 3 tangkal2na.
Wa Tito di Surabaya di Telkom?



2010/5/18 Tito Suryana <[email protected]>

>
>
> enteh wanayasa oge nikmat....pisan........
> ================================
> TITO SURYANA - AR SURABAYA
> DIVISI BUSINESS SERVICE REGIONAL II
> TLP. 031 5350510
> FLEXI. 031 70951507
> HP. 08123548519
> ----------------------------------------------------------
>
>  ----- Original Message -----
> *From:* jangdede <[email protected]>
> *To:* [email protected]
>  *Sent:* Tuesday, May 18, 2010 12:11 PM
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Hayu ngenteh jeung ngopi asal tatar sunda
>
>
>
> kuring oge mun balik ka lembur teh sok mawa enteh nau siga di leueut ku wa
> Rahmat. Enteh tanpa pengawet jeung jiganamah leuwih ngeunah...
>
>
> Hah,.....
>
> 2010/5/17 MRachmat Rawyani <[email protected]>
>
>>
>>
>> Ari kuring mah "nyandu" kana teh hejo, ti wewengkon Cianjur Kidul
>> (pagelaran), dimana pun bojo sakola nepi ka SMP. Pucuk teh anu tos dipetik,
>> dipoe sina garing nepi ka murintil alias garing pisan, heunteu digongseng
>> dina panggorengan atawa ngaliwatan proses fermentasi jiga teh walini. Jadi
>> eta enteh teh murni daun teh teu aya pangawet atanapi aya aroma malati.
>> Upama diseduh ku cai heksagonal anu dipanaskeun, warna cai enteh semu hejo,
>> heunteu beureum siga teh celup. Gegedoh/hampas entehna balik deui jiga daun
>> teh. Beda pisan rasana, aromana oge khas daun teh.
>>
>> baktos,
>>
>> mrachmatrawyani
>>
>>
>>  ------------------------------
>> *From:* Jalak Pakuan <[email protected]>
>> *To:* [email protected]; [email protected]
>> *Sent:* Mon, May 17, 2010 11:02:55 AM
>> *Subject:* [Urang Sunda] Hayu ngenteh jeung ngopi asal tatar sunda
>>
>>
>>
>> Tadi isuk dina TV aya warta serangan ti Inggris mulai Juni, bulan hareup
>> nyaeta serangan enteh Twinning. Luar biasa lian ti Jepang geuning Inggris nu
>> boga seremoni nginum enteh nyerbu ka Indonesia kaasup ka tatar sunda!. Ari
>> urang sunda nu ti leuleutik cegluk2 nginum moal kitu jadi serabeun lamun teu
>> boga seremoni?
>>
>> Ti taun 2004 kuring geus nyoba ngabiasakeun ngopi jeung ngenteh make
>> produk ti tatar sunda. utamana mun aya rapat/coffee morning. Supaya menarik
>> kuring sok campur wadul make nyonto menak eropa. Lamun ngopi biasa make kopi
>> aroma make carita model wine tea. Jadi kopi best quality mirip wine kudu
>> diteunden hela bisa taunan memeh digiling. Tah kopi ieu kualitas top sabab
>> teu sagawayah nyieuna, mirip wine keur menak, top eksekutif.
>>
>> Lamun carita enteh kuring mawa merek Walini ti kebon enteh pangalengan.
>> Promosina kieu, ieu teh selektif pisan, husus ka eropa keur nginum teh
>> menak2 eropa. Tah nu dina gelas khususon meunang meuli ti pabrikna, teu aya
>> di pasaran lokal (he...he...pede we nyarita kitu teh).Mun aya lokal oge
>> tradisina keur walanda atawa menak2 hungkul! (??)
>>
>> Teuing rasana atawa caritana, lolobana bareuki disuguhan kopi jeung teh
>> lamun keur rapat. Ngan hesena eta kudu meuli ka Bandung.
>>
>> Tapi intina mah hayu urang ngenteh jeung ngopi nu asal usulna ti tatar
>> sunda. Aku Cinta Produk Tatar Sunda!
>>
>> Makarya Mawa Raharja
>>
>>
>>
>>
>>
>  ==============================================
> Flexi Irit Mingguan:
>
> Flexi Irit Mingguan, Pulsa Rp 500.000 cuma bayar Rp 5.000, buat nelpon FLEXI
> Lokal & SLJJ 01017 seminggu. Ketik 5000 kirim ke 123. Flexi Lebih Irit Kan !
>
> Flexi Chatting:
>
> Buat yg suka Chatting, dapatkan HP Chatting mulai dari Rp 260rb bisa YM,
> GTalk, Flexi Messenger sepuasnya Rp 2.000/Mg & akses Facebook/Twitter
> masing2 Rp 1.000/Mg
> ==============================================
>               This Email Has been Scanned by Anti Virus
> ==============================================
>
>  
>

Kirim email ke