Sejarah Amerika geuning awalna tina masalah teh. Taun 17... raja George III 
ngeunakeun pajak teh ka Boston, koloni Inggris di tanah anyar (Amerika). Harita 
teh jadi simbol inuman ningrat/menak di Boston (tangtuna oge di Inggris Raya). 
Para menak nungtut lamun dikeunaan pajeg kudu dibere korsi perwakilan di 
London/Inggris. Karajaan Inggris teu satuju, menak Boston teu genah tuluy 
kapal2 nu rek nurunkeun teh di Boston disandera, tuluyna deui muatan teh 
dikunclungkeun ka laut. Tidinya mulai dikawitan pemberontakan nu akhirna koloni 
misah jadi tanah merdeka nu ayeuna jadi Amerika Serikat.

Sigana teh di tanah priangan aya nu boga carita.....pami aya ke tiasa jadi 
bumbu jualan model teh Twinings atanapi teh Dilmah. 

JP

 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: Jalak Pakuan <jalakpak...@yahoo.com>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Sen, 17 Mei, 2010 14:57:08
Judul: Bls: [Urang Sunda] Hayu ngenteh jeung ngopi asal tatar sunda

  
Kang Yani kantun ngantosan waktosna ngenteh darat yeuh, ke antosan konfirmasi 
Kang Akos sareng teh Imas iraha2na. Aya menu spesial...teh hejo Cianjur Kidul.

 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@ yahoo.com>
Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com
Terkirim: Sen, 17 Mei, 2010 12:55:15
Judul: Re: [Urang Sunda] Hayu ngenteh jeung ngopi asal tatar sunda

  
Ari kuring mah "nyandu" kana teh hejo, ti wewengkon Cianjur Kidul (pagelaran), 
dimana pun bojo sakola nepi ka SMP. Pucuk teh anu tos dipetik, dipoe sina 
garing nepi ka murintil alias garing pisan, heunteu digongseng dina 
panggorengan atawa ngaliwatan proses fermentasi jiga teh walini. Jadi eta enteh 
teh murni daun teh teu aya pangawet atanapi aya aroma malati. Upama diseduh ku 
cai heksagonal anu dipanaskeun, warna cai enteh semu hejo, heunteu beureum siga 
teh celup. Gegedoh/hampas entehna balik deui jiga daun teh. Beda pisan rasana, 
aromana oge khas daun teh.

baktos,

mrachmatrawyani





________________________________
From: Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com>
To: kisu...@yahoogroups .com; urangsu...@yahoogro ups.com
Sent: Mon, May 17, 2010 11:02:55 AM
Subject: [Urang Sunda] Hayu ngenteh jeung ngopi asal tatar sunda

  
Tadi isuk dina TV aya warta serangan ti Inggris mulai Juni, bulan hareup nyaeta 
serangan enteh Twinning. Luar biasa lian ti Jepang geuning Inggris nu boga 
seremoni nginum enteh nyerbu ka Indonesia kaasup ka tatar sunda!. Ari urang 
sunda nu ti leuleutik cegluk2 nginum moal kitu jadi serabeun lamun teu boga 
seremoni?

Ti taun 2004 kuring geus nyoba ngabiasakeun ngopi jeung ngenteh make produk ti 
tatar sunda. utamana mun aya rapat/coffee morning. Supaya menarik kuring sok 
campur wadul make nyonto menak eropa. Lamun ngopi biasa make kopi aroma make 
carita model wine tea. Jadi kopi best quality mirip wine kudu diteunden hela 
bisa taunan memeh digiling. Tah kopi ieu kualitas top sabab teu sagawayah 
nyieuna, mirip wine keur menak, top eksekutif.

Lamun carita enteh kuring mawa merek Walini ti kebon enteh pangalengan. 
Promosina kieu, ieu teh selektif pisan, husus ka eropa keur nginum teh menak2 
eropa. Tah nu dina gelas khususon meunang meuli ti pabrikna, teu aya di pasaran 
lokal (he...he...pede we nyarita kitu teh).Mun aya lokal oge tradisina keur 
walanda atawa menak2 hungkul! (??)

Teuing rasana atawa caritana, lolobana bareuki disuguhan kopi jeung teh lamun 
keur rapat. Ngan hesena eta kudu meuli ka Bandung.

Tapi intina mah hayu urang ngenteh jeung ngopi nu asal usulna ti tatar sunda. 
Aku Cinta Produk Tatar Sunda!

 
Makarya Mawa Raharja





 

Kirim email ke