Satutasna disatujuan Kontrak BBagp Hasil Produksi, nya ditandatangani. Disebat
Initial
signature, persetujuan awal. Nu kudu dibayar ku si Operator ka Pertamina kira2
sakitu
ratus rebu Dollar.
Tah duit nu ieu teu meunang diasupkeun ka na biaya nu bisa dikurangkeun tina
Hasil
Produksi, ieu kudu dianggap duit lapur we. Nya di treat na pangaluaran ieu teh
samodel GOODWill, lantaran ngawengku Hak ngolah lahan.
Tah geus kitu kakara Team Gawe ti asing teh ngamimitian mariksa leuwih serius.
Da waktu
Initial signatures ge sanggeus aya papariksaan, ngan can intensif. Sacara kasar
wungkul,
ngan waktu awal teh nangtukeun pisan daek henteuna pihak ASING nanda tangan
kontrak;
cek di na gambar Biru, cenah bakal aya produksi tah di na lahan eta teh.
Upamana wae ieu Kontrak KPS teh ngali minyak. Tah cek gambar awal nu ti
Pertamina, nangtukeun yen
eta lahan nu sakitu rebu hektar teh ngandung minyak Bumi. Dumasar gambar ieu,
terus
dilalanyak ku ahli ti pihak Asing. Cek si Ahli teh enya ngandung minyak cenah.
Tah der
we disatujuan kontrak teh, da meureun Indonesia mah teu boga DUIT keur ngolahna.
Estu Modal teh ngan sa lahan2na pisan.
Nu tangtu bakal kaluar duit gede, di na usaha awal, nya tangtu biaya
ngabebaskeun
lahan, da masing geus disatujuan Pamarentah oge, kudu aya UANG USIR tea, ka
nu geus lila cicing di lahan eta.
NB : Nu matak jaman harita, nu geus nyaho mah, atawa nu boga dulur di LUHUR,
atawa ngahaja dibejaan supaya meunang DUIT cenah, sok ujug2 parentul imah2
nu anyar diadegkeun, bari teu kireum2 ngaku geus mang bulan2 di eta tempat.
Mun dihesekeun, ditanya itu inih, tah maranehanana nu sok ngaramuk teh, ti batan
pusing eleh deet, nya dibayaran we tah jelema2 teh. Kalan2 nu tadina euweuh2
acan
tatanen, make parentul aya kebon bayem, eceng, kangkung jrrd. terus nungtut
menta
diganti. Memang loba pisan garongna na nya bangsa URANG mah ? Loba NIPU ?
Nu matak teu jaramuga. Loba nu ngadadak baleunghar, tina nipu. Geus kitu teh,
make
aya DEMO, WARGA ASLI cenah, menta diasupkeun sabage pagawe di usaha nu
kakara diadegkeun. Nu Bangsa kieu, bener2 ngalieurkeun ka Investor.
Kumaha daraekeun asup Investor nu anyar ?
Di na mangsana perusahaan Operator butuh itu ieu; maranehanana ngadadak jadi
PENGUSAHA pribumi, bari kwalitasna kacida GORENG PUTATNA; nya kapaksa dibeuli.
Jadi saenyana mah loba pisan INVESTOR ASING nu asup ka Indonesia, ngadon
ngayakeun TRANSAKSI jeung para tukang Tipu, Plus GARONG.
Matak ngapokkeun.
Tak sagala biaya eta, naon wae samemeh produksi, dicatetna atawa diasupkeun kana
REKENING Khusus, nya eta PREDEVELOPMENT EXPENSES. Nu di na mangsana
Produksi, biaya2 ieu teh bakal dijadikeun Beaya ditungtut, misalna 10 tauneun,
kumaha
perjangjianana jeung Pertamina.Henteu disakaliguskeun.
Jadi satiap tau8n lamun geus produksi nu disebut biaya teh nya eta :
1. Predevelopment Expenses 10%
2. Depreciation ti na Fixed Assets, bisa rupa2
3. Biaya Operasi.
Tah eta beaya nu tilu nu bakal diasupkeun ka na itung2an jeung Hasil MINYAK nu
dihasilkeun.
Hanca deui wae........................