Kang JP oge sadayana: Der ah...ke si kuring mudah2an biasa ilubiung nyumbang bagan skematik naon anu sakuduna dilakukeun ku instansi2 pamarentah dina lebah mekarkeun sumber daya energi ieu, ti mimiti hulu nepi ka hilir. Asana kungsi boga slide power point anu dimaksud.
Anu jelas, leres sakuma kasauran kang Surtiwa, Pamarentah urang lebah dieu mah siga anu kabobodo kabina-bina. Urang kudu mayar biaya survei keur kaperluan para kontraktor asing. Geus kitu teh eta coba talungtik pasoalan akses data jeung informasina. Ceuk aturan mah, data jeung informasina teh kudu aya di Pamarentah urang biga hak mibandana. Ari musababna mah asana lain teu boga-boga teuing fulus atawa modal, tapi teu wani wae nyieun aturan anu matak nguntungkeun bangsa sorangan. Kanggo Ambu: Searching biasa wae sanes? nganggo fasilitas search mail tea. Cag heula. manar 2010/5/24 <[email protected]> > > > Ok baraca materina, pami siap ngageroh sasarengan buka topik judul diskusi > anyar. > > Powered by Telkomsel BlackBerry® > ------------------------------ > *From: * mh <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Mon, 24 May 2010 15:24:33 +0800 > *To: *<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *Re: [kisunda] Kanggo Kang Jalak Pakuan Bag. 2 > > > > Bah AA, ieu mah sakadar saran ti sim uing nya. > > Jigana aya hadena upama judul postingan teh disaluyulkeun jeung eusina. > Najan eta postingan teh ditujukeun ka pribadi tertentu, taya salahna upama > ditoong ku balarea. > > Hal jiga kieu teh, ngajudulan postingan saluyu jeung eusina, baris > ngagampangkeun pikeun urang sarerea upama engke kahareup urang ngulayaban > (seraching) neangan eusi padungdengan nu pakait jeung topik tertentu. Ceuk > basa tukang informasi mah ngagampangkeun proses temu kembali (retrieval) > informasi nu diperlukeun. > > nuhun, > mh > > 2010/5/24 Abbas Amin <[email protected]> > >> >> >> Satutasna disatujuan Kontrak BBagp Hasil Produksi, nya ditandatangani. >> Disebat Initial >> signature, persetujuan awal. Nu kudu dibayar ku si Operator ka Pertamina >> kira2 sakitu >> ratus rebu Dollar. >> >> Tah duit nu ieu teu meunang diasupkeun ka na biaya nu bisa dikurangkeun >> tina Hasil >> Produksi, ieu kudu dianggap duit lapur we. Nya di treat na pangaluaran ieu >> teh samodel GOODWill, lantaran ngawengku Hak ngolah lahan. >> >> Tah geus kitu kakara Team Gawe ti asing teh ngamimitian mariksa leuwih >> serius. Da waktu >> Initial signatures ge sanggeus aya papariksaan, ngan can intensif. Sacara >> kasar wungkul, >> ngan waktu awal teh nangtukeun pisan daek henteuna pihak ASING nanda >> tangan kontrak; >> cek di na gambar Biru, cenah bakal aya produksi tah di na lahan eta teh. >> Upamana wae ieu Kontrak KPS teh ngali minyak. Tah cek gambar awal nu ti >> Pertamina, nangtukeun yen >> eta lahan nu sakitu rebu hektar teh ngandung minyak Bumi. Dumasar gambar >> ieu, terus >> dilalanyak ku ahli ti pihak Asing. Cek si Ahli teh enya ngandung minyak >> cenah. Tah der >> we disatujuan kontrak teh, da meureun Indonesia mah teu boga DUIT keur >> ngolahna. >> Estu Modal teh ngan sa lahan2na pisan. >> >> Nu tangtu bakal kaluar duit gede, di na usaha awal, nya tangtu biaya >> ngabebaskeun >> lahan, da masing geus disatujuan Pamarentah oge, kudu aya UANG USIR tea, >> ka >> nu geus lila cicing di lahan eta. >> NB : Nu matak jaman harita, nu geus nyaho mah, atawa nu boga dulur di >> LUHUR, >> atawa ngahaja dibejaan supaya meunang DUIT cenah, sok ujug2 parentul imah2 >> nu anyar diadegkeun, bari teu kireum2 ngaku geus mang bulan2 di eta >> tempat. >> Mun dihesekeun, ditanya itu inih, tah maranehanana nu sok ngaramuk teh, ti >> batan >> pusing eleh deet, nya dibayaran we tah jelema2 teh. Kalan2 nu tadina >> euweuh2 acan >> tatanen, make parentul aya kebon bayem, eceng, kangkung jrrd. terus >> nungtut menta >> diganti. Memang loba pisan garongna na nya bangsa URANG mah ? Loba NIPU ? >> Nu matak teu jaramuga. Loba nu ngadadak baleunghar, tina nipu. Geus kitu >> teh, make >> aya DEMO, WARGA ASLI cenah, menta diasupkeun sabage pagawe di usaha nu >> kakara diadegkeun. Nu Bangsa kieu, bener2 ngalieurkeun ka Investor. >> Kumaha daraekeun asup Investor nu anyar ? >> Di na mangsana perusahaan Operator butuh itu ieu; maranehanana ngadadak >> jadi PENGUSAHA pribumi, bari kwalitasna kacida GORENG PUTATNA; nya kapaksa >> dibeuli. >> Jadi saenyana mah loba pisan INVESTOR ASING nu asup ka Indonesia, ngadon >> ngayakeun TRANSAKSI jeung para tukang Tipu, Plus GARONG. >> Matak ngapokkeun. >> >> Tak sagala biaya eta, naon wae samemeh produksi, dicatetna atawa >> diasupkeun kana >> REKENING Khusus, nya eta PREDEVELOPMENT EXPENSES. Nu di na mangsana >> Produksi, biaya2 ieu teh bakal dijadikeun Beaya ditungtut, misalna 10 >> tauneun, kumaha >> perjangjianana jeung Pertamina.Henteu disakaliguskeun. >> >> Jadi satiap tau8n lamun geus produksi nu disebut biaya teh nya eta : >> >> 1. Predevelopment Expenses 10% >> 2. Depreciation ti na Fixed Assets, bisa rupa2 >> 3. Biaya Operasi. >> >> Tah eta beaya nu tilu nu bakal diasupkeun ka na itung2an jeung Hasil >> MINYAK nu dihasilkeun. >> >> Hanca deui wae........................ >> >> >> >> > >

