Assalamualaikum
Punten Kang
dudi tanggapanana rada lambat , nembe katingali kulantaran emailna numpuk jadi kudu ditingal hiji2
tapi ieu aya tulisan sederhana mangga di aos , samisal diskusi anu aya hubunganana jeung tema
Imamah, Khalifah, UlilAmri—ngagaduhan makna anu mishdaq (
wujud lahirna ) sami .
Lamun dina hadits suni disebatkeun 12 khalifah, sabagean
deui 12 ulilamri , sabagean deui disebatkeun nami2 na.
Soal, tiasa kitu Jalmi saatos nabi tah jadi khalifah Allah ,
penghubung jeung wakil Allah di muka bumi ?
Jawab : tiasa, bahkan jadi sebuah perkara anu lazim ayana
aya Khalifah, pengganti , penerus nabi dimuka bumi nepi ka Akhir Zaman .
Soal : Naon Dalilna?
Jawab : Urang tiasa ningali dina dalil Aqli (akal) atawa
naqli (quran jeung hadits)
- Allah SWT Pemberi Hidayah, Adil, Pengatur, Maha raja,
ayeuna sederhana lamun Allah SWT maha pengatur naha teu aya di muka bumi jadi
wakil Allah Anu ngatur
Soal : aya , pan eta nabi jadi wakil Allah
Jawab : Tah kumaha lamun tos tutup kenabian
Soal : Apanan Aya Alquran anu ngatur
Jawab : Ayeuna Akang gaduh prosedur buku kanggo nyopir ,
naha eta buku prosedur the bisa ngajelaskeun ka urang nyalira, nyarios sorangan
Soal : nya henteu, kudu aya nu ngajelaskeun
JAwab : Ku kituna Alquran Oge kudu aya nu ngajelaskeun
Soal : Apanan atos aya Para Ulama
Jawab : Para Ulama teu ngajamin benerna 100%, teu lepas ti
salah jeung bener, lamun kitu mah Allah mere peluang kana jalan salah oge. Kumaha
Yen Allah the Maha sempurna anu mere HIdayah Ka urang? Atuh Jalmi moal bisa
sampai kana hakikat kebenaran . jadi ngambang beuki ka akhir zaman the teu aya
parameterna.
Soal : Ari kitu kumaha Atuh
Jawab : Kudu Aya Jalmi saatos nabi saww tapi sanes nabi ( kulantaran nabi terakhir
mah Muhammad saww) anu paham 100% kana eta wahyu Allah anu ngajelaskeun sunnah
Nabina 100% , sanes nu nyieun agama anyar.
Soal : Kumaha Model Jalmina
Jawab : Jalmi anu boga sifat Maksum ( suci) jeung elmu
laduni salahsahijina.
Soal : Wah ari kitu mah jiga nabi, naha aya jalmi suci
sangges nabi?
Jawab : Aya , Seueur pisan bukti ayat anu disebatkeun ku
Quran perhal jalmi suci lain ti Nabi. Bahkan deui boga sifat elmu laduni
kulantaran kasucianana, misalna Sayyidah Maryam, Ali Imran, Ibuna Nabi Musa,
Ahlulbaet nabi.
Misalna :
ilham –dibahasakeu ku quran wahyu (biasana wahyu istilahna
kanggo nabi)
ذْ أَوْحَيْنا إِلى
أُمِّكَ ما يُوحى![image002]()
yaitu ketika Kami mengilhamkan
kepada ibumu suatu yang diilhamkan,
أَنِ اقْذِفيهِ فِي
التَّابُوتِ فَاقْذِفيهِ فِي الْيَمِّ فَلْيُلْقِهِ الْيَمُّ بِالسَّاحِلِ
يَأْخُذْهُ عَدُوٌّ لي وَ عَدُوٌّ لَهُ وَ أَلْقَيْتُ عَلَيْكَ مَحَبَّةً مِنِّي
وَ لِتُصْنَعَ عَلى عَيْني![image002]()
yaitu, ‘Letakkanlah ia (Musa) di dalam
peti, kemudian lemparkanlah ia ke sungai (Nil), lalu sungai itu pasti membawanya
ke tepi, supaya diambil oleh (Fira‘un) musuh-Ku dan musuhnya.’ Dan Aku telah
melimpahkan kepadamu kasih sayang yang datang dari-Ku; dan supaya kamu diasuh
di bawah pengawasan-Ku.(Taha 37)
Ilham ka
sayyidah Maryam, sareng kanu sanesna, sadayana sanes nabi tapi suci maksum boga
ilmu ilham kaladunian.
Soal : teras
kumaha dalilna saatos nabi aya nu suni ?
Jawab :
dalilna seueur tapi nu paling jelas ku bahasa literal oge bisa paham misalna
Al-Ahzab 33:
إِنَّما
يُريدُ اللهُ لِيُذْهِبَ عَنْكُمُ الرِّجْسَ أَهْلَ الْبَيْتِ وَ يُطَهِّرَكُمْ
تَطْهيراً
. Sesungguhnya Allah bermaksud hendak menghilangkan dosa dari
kamu, hai Ahlul Bait, dan menyucikan kamu sesuci-sucinya.
Di dinya aya
makna Ta’kid (negeskeun) jadi Wayuthahhriakum tathhira , (bersih teras
dibersihkeun) eta ta’kid penekanan kana perkara kasucian, sareng fi ‘il na
nganggo fi’il modharae anu nandakeun berlangsung nepi ka zaman mendatang, jadi
kudu aya jaman mendatang anu bersih oge (suci)
Soal : Tapi
abdi ngadangu yen eta the kanggo istri nabi
Jawab : Ayat
eta turunna sanes kanggo Istri nabi, tapi kanggo ahli kisa
Soal : Tapi
ayat sebelum na tentang Istri Nabi
Jawab : Dina
ulumul Quran dijelaskeun yen Ayat Alquran teu disusun berdasarkeun urutan
turunna ayat, misalna dina hiji surat aya ayat makkhiah aya ayat madaniah, jadi
teu jadi masalah hal eta terjadi.
Soal NAon
dalilna ahli kisa teh :
Jawab : Urang
nyandak we tina dalil hadits suni pikeun asbabun nuzul ayat eta seueur pisan
misalna :
1. Hakim
Nisyaburi dina Mustadrakna anu nuliskeun hadits eta sahih , yen Nabi pas maca
ayat eta ngaleubeutkeun Ali, Fatimah , Hasan , HUsein kana Jubah Kisa na, teras
nabi nyarios ieu the Ahlulbait abdi.
2. Baihaqi
dina sunan Qubra na ngajelaskeun hal nu sarupa
3. TAbari
dina MU’jam Kabir na
Dlll seueur
pisan, dicekapkeun heula
Bahkan Ummu
Salamah (Istri Nabi) nyuhunkeun Izin kanggo lebet kana jubahna, Nabi saww
ngalarangna, jeung ngadawuh, anjeun sanes ahlubaet tapi anjeun jalmi Anu saleh.
Soal : Oh Jadi Ahlulbaet
teh anu suci , teras kumaha salajeungna, nepi ka jaman ayeuna
Jawab : Ahlulbaet
disimbolkeun ku nu 5 urang eta salajeung na diteraskeun ku putra dina sulbi
Al-Husein nepi ka Imam Mahdi.
Soal : dimana
sumberna
Jawab : Dina
Quran jeung Hadits, Lamun dina Alquran dijelaskeun , yen Allah ngajanjikeun
Bumi ieu dikuasai ku Orang2 nu beriman --- tah ieu teh maksudna ngaisyaratan ka
imam nepi ka Imam Mahdi anu bakal mimpin saluruh muka bumi ieu ku kaadilan. Lamun
ku hadits misalna nu tos disebatkeun
dina dalil2 suni oge seueur perihal 12 khalifah atawa ulil amri. Tah nami2
namina salah sahijina anu disebatkeun ku hadis suni
Al-Qunduzi
al-Hanafi di dalam Yanabi` al-Mawaddah61 meriwayatkan bahawa Jabir b. `Abdullah
berkata: Rasulullah (s.`a.w.) bersabda: "Wahai Jabir! Sesungguhnya
para wasiku dan para imam selepasku pertamanya `Ali kemudian Hasan kemudian
Husain kemudian `Ali b. Husain. Kemudian Muhammad b. `Ali al-Baqir. Anda akan
menemuinya wahai Jabir sekiranya anda mendapatinya, maka sampailah salamku
kepadanya. Kemudian Ja`far b. Muhammad, kemudian Musa b. Ja`far, kemudian `Ali
b. Musa, kemudian Muhammad b. `Ali, kemudian `Ali b. Muhammad, kemudian Hasan
b. `Ali. Kemudian al-Qa'im namanya sama dengan namaku dan kunyahnya adalah
kunyahku, anak Hasan b. `Ali. Dengan beliaulah Allah akan "memb!uka"
seluruh pelusuk bumi di Timur dan di Barat,dialah yang ghaib dari penglihatan.
Tidak akan percaya kepada imamahnya melainkan orang yang diuji hatinya oleh
Allah SWT".
Soal : Urang ragu keneh cing dalil tentang imamah dina Ayat
Alquran
JAwab : Kantos disebutkeun ku kuring yen Allah nyalira anu
ngajadikeun Khalfiah, Allah nyarila anu ngajadikeun Imamah , jadi ieu mah lain
urusan manusa dalilna salah sahijina
1.
وَ
إِذِ ابْتَلَى إِبْرَاهِيْمَ رَبُّهُ بِكَلِمَاتٍ فَأَتَمَّهُنَّ قَالَ إِنِّيْ
جَاعِلُكَ لِلنَّاسِ إِمَامًا قَالَ وَ مِنْ ذُرِّيَّتِيْ قَالَ لاَ يَنَالُ
عَهْدِي الظَّالِمِيْنَ![l]()
Dan
(ingatlah) ketika Ibrahim diuji oleh Tuhannya dengan beberapa kalimat (perintah
dan larangan), lalu ia menunaikannya (dengan baik). Allah berfirman, “Sesungguhnya
Aku menjadikanmu imam bagi seluruh manusia.” Ibrahim berkata, “Dan dari keturunanku
(juga)?” Allah berfirman, “Janji-Ku (ini) tidak mengenai orang-orang
yang zalim.” Albaqarah 124
Jadi janjina
pasti terjadi kana jalmi2 anu suci sanes nu zalim
Soal : Teras naon
kawajiban Urang
Jawab : kedah
ngajalankeun parentah Allah Rasul Jeung ulilAmri nu tos ditunjuk Ku Allah
Samisal :
يا أَيُّهَا الَّذينَ آمَنُوا أَطيعُوا اللهَ وَ
أَطيعُوا الرَّسُولَ وَ أُولِي الْأَمْرِ مِنْكُمْ
Hai orang beriman
kudu taat ka Allah jeung taat ka Nabi jeung ka Ulil Amri minkum (annisa 59)
Disebatkeun diluhur
yen taat ka Ulil Amri teu nganggo syarat disamikeun taatna ka Rasul jeung Ka
Allah SWT moal mungkin Allah mere mandat supaya taat ka salasahiji urang lamun
orang eta lain jalmi anu bersih elmuna akhlaqna 100% , jeung moal mungkin oge
lamun Allah mere kataatan anu teu ditunjuk ku ANJEUNNA.
Soal : Tapi eta
aya Minkum jadi jalmi biasa urang2
Jawab : Teu kitu
justru ku Minkum didinya Allah nunjukkeun sacara jelas, kulantaran jaman
baheula jalmi geus Apal Yen Ulil amri anu jadi wakil nabi teh Imam Ali as. Jadi
disebatkeunana “minkum” .
Samisal ayat lainna
anu nunjukkeun yen samisal minkum kitu teh perkara anu urang ge geus apal
klantaran makrufna eta jalmi samisal
"Dialah yang mengutus kepada kaum yang ummi
seorang Rasul di kalangan
mereka"(al-Jumu'ah:2).
Maksudna Rasul saww
Dan firman Allah SWT:
"Rasul-Rasul di kalangan kamu yang
menceritakan kepada kamu ayat-ayatKu"(al-A'raf:35).
MAksudna nabi2 as
Soal : Nuhun
Jawab : Mangga lamun aya patarosan deui ditaroskeun
we …
Alfaqir
Zen
Wassalam