Has Tjokroaminata..... We atuh Sent from my AXIS Worry Free BlackBerry® smartphone
-----Original Message----- From: "mj" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 10 Jun 2010 11:17:17 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] neangan sunda di hotel bandung (hilton) Di bandung aya hotel anyar, ngarana Hilton, di jl pasir kaliki (paskal) nu ayeuna salin ngaran jadi HOS Tjokroaminoto. Rada teu ngeunah nyebutna, sabab HOS pikeun urang mah, kecap anteran pikeun paeh. Hehe. Kamari ngulampreng ka dinya, aya seminar peran seni islam dalam arsitektur. Ngahaja datang sabab aya Pak Achmad Noe'man, the legendary architect, the greatest asgar in architecture (haha), nu jadi panyatur konci, di awal acara. Ari acarana mah dibuku menpera, menteri perumahan rakyat, nu alumnus arsitektur itb, suharso monoarfa, duka ti partey naon. Beres acara nyampeurkeun ka pa Noe'man nu hadir nepi ka beres acara, hayang sasalaman jeung dosen paporit si kuring. Basa sasalaman, nyarita, "nuhun ari damang mah, pa." anjeuna unggut bari keom. Harita beliau keur dirubung penggemarna siga si kuring. Yuswana tos 86 taun. Saacan acara, kukurilingan di lobi. Desaina "modern minimalis" nu keur usum tea. Neangan cik aya teu nu bau-bau budaya sunda di ieu hotel. Aya. Naon? Balong! Haha. di lobi aya balong loba lauk baradag, nya siga nu rumah makan sunda di pasisian. Mun di hotel Holiday inn dago mah, di lobina aya patung-patung ti legenda tangkuban parahu tea, sangkuriang, dayang sumbi, si tumang jeung aki-aki duka saha poho deui. Tangtu patung eta ngan ukur hayalan figur tokoh legenda eta, tapi lumayan

