Di surelek munggaran soal ieu geus dicaritakeun yen 'elemen sunda' dina hotel eta mangrupa balong nu eusina lauk baradag. Biasana desainer interior hotel baroga kasadaran ngeunaan local content atawa ciri khas lokasi, kandel ipisna nya kumaha maranehna we. Nu jelas salah sapuluh nu ngabedakeun chain-hotel eta, unsur lokal. Cara hilton bandung tangtu beda jeung hilton paris atawa kota sejena.
Hotel butik di jl dago, kamerna make gaya victoria. Tapi ngarana hotel Geulis. hehe Cara nu kaitung beda ti hotel sejen nu biasa mangrupa ragam hias sabangsaning seni ukir (preanger hotel aya unsur dekorasi mega mendung cirebon), matrial has cara awi, artefak kasenian has (hotel padma di ciumbuleuit, aya gunungan wayang golek), cara gamelan jeung saeutik model wangunan (cara hotel horison di lingkar selatan bdg), di horison ieu aya function room rada misah ti hotelna, dingaranana bale parahyangan. Apal pisan, da si kuring dikawinkeun urang kusnet di dinya pisan. Haha. _____ From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of tantan hermansah Sent: Wednesday, June 16, 2010 2:45 PM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] neangan sunda di hotel bandung (hilton) Kumaha mun disuratan bae tah hotel (na Paris) hilton teh. Cing sing nyunda saeutik mah kitu. Baktos Tantan 2010/6/15 mj <[email protected]>

