Ampir sadaya urang Sunda terang ka Pangeran Kornel sahenteuna kantos nguping 
nami Pangeran Kornel, anu kawentar kagagahanana dina enggoning nolak parentah 
sareng ngalawan pamarentah Walanda, komo upami kaleresan ngalangkung ka Cadas 
Pangeran.
Namung moal seueur anu uninga, saha, kumaha waktos nuju bureyna, ieu Pangeran 
Kornel teh, anu kauninga ku sadayana, tangtos Pangeran Kornel bupati Sumedang.
Hal ieu aya patula-patalina sareng Aria Wira Tanu Datar VII janten bupati di 
Garut.

Urang cutat tina buku : "Sajarah Cianjur dareng Raden Aria Wira Tanu Datar, 
Dalem Cikundul".
Kumargi cariosna panjang insya Allah upami aya waktos urang alungkeun ka millis 
janten sabaraha bagian.

Pangeran Kornel gelarna Adipati Kusumah Dinata jenengan waktos bureyna Raden 
Suranagara nyepeng kalungguhan bupati Sumedang taun 1791 ~ 1828.

Raden Suranaga ieu putrana Kusumah Dinata, atanapi putuna Dalem Adipati 
Surianaga
(bupati Sumedang 1761 ~ 1765), alona Raden Ema atanapi Dalem Adipati Surialaga 
II disebat oge Dalem Talun.
Harita anu janten bupati Sumedang Dalem Adipati Surialaga I (ramana Raden Ema).
Dalem Adipati Surialaga I pupus dina taun 1773.
Raden Ema sareng Raden Suranaga harita masih aralit keneh, kalungguhan bupati 
Sumedang di cangking ku Adipati Wira Tanu Baya bupati Parakan Muncang, Adipati 
Wira Tanu Baya nyangking kalungguhan bupati Sumedang ti taun 1773 ~ 1775.
Saparantos dewasa Raden Suranaga dipulung mantu ku Adipati Wira Tanu Baya, 
gaduheun putra 3, teu dicarioskeun saha-sahana.

Sanaos ka mantu, Adipati Tanu Baya ngaraos inggis kalungguhan bupati Sumedang 
karebut atanapi di rebut ku Raden Suranagara, lajeng Raden Suranagara 
ditundung, kedah ingkah ti tatar Sumedang.
Raden Suranagara ieu ingkahna ka daerah Cianjur nyaeta ka kampung Kalapa 
Nunggal,
distrik Surawenang (Ciciug), namung teu kantos lami, kapendak ku Raden Astra 
kultur (?)
kopi ti Cianjur, salajengna dicandak ngadeuheus ka Adipati Wira Tanu Datar VI, 
harita
Raden Suranaga diangken pisan ku Wira Tanu Datar VI, namung henteu linggih di 
Cianjur 
namung masantren di kampung Ciajag kinten-kinten 2,5 km ti dayeh Cianjur.
Raden Suranagara nikah deui ka Nyi Rd. Lenggang Kusumah putrana Rd. Lenggang 
Nagara,  putuna Wira Tanu III.
Teu lami ti harita Raden Ema atanapi calon bupati Sumedang sumping nyusul ka 
Cianjur
alatan sami ditundung ku Adipati Tanu Baya, Raden Ema ieu tumorojog sumping ka 
kadaleman (kabupaten), namung ku bupati Wira Tanu Datar VI,  diangken pisan anu 
salajengna didamelkeun di kabupaten Cianjur, salami di Cianjur, Raden Ema 
nyantri pisan.
Lajeng Raden Ema ieu ku  Wira Tanu Datar VI ditikahkeun ka raka kawalonna 
jenengan
Raden Siti Ampiya, kagungan 3 putra : 1. Raden Amja alian Brata Surya, 2. Nyi 
Raden Empok sareng 3. Raden Atip alias Raden Suria Legawa anu kantos ngawakilan 
Bupati 
Sumedang nganggo gelar Tumenggung Suriadilaga taun 1834 ~ 1836.

Sakitu heula, bilih panjang teuing, ke kapayun urang teraskeun deui

Pihatur,
ssw
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda  Tapi talungtik naon nu bisa 
dibikeun ka kiSunda



 



  






      

Kirim email ke