> Siddik Wiradireja <cikund...@...> wrote:
> Sanaos ka mantu, Adipati Tanu Baya ngaraos inggis kalungguhan bupati 
> Sumedang karebut atanapi di rebut ku Raden Suranagara, lajeng Raden 
> Suranagara ditundung, kedah ingkah ti tatar Sumedang.

Ah rame deui Kusnet euy, nuhun Apih Siddik. Lalakon Pangeran Kornel (raden 
Jamu) didamel roman ku Memed Sastrahadiprawira, sastrawan Sunda sateuacan 
Perang Dunya II. Ieu roman nu judulna oge "Pangeran Kornel" parantos di 
Indonesiakeun ku sastrawan urang Minang, Abdul Muis.

Dina roman ieu, Pangeran Kornel sanes ditundung ti Sumedangna teh, tapi kabur, 
margi bade dirogahala ku anak buah Demang Dongkol, sang "dorna" nu ngadu-ngadu 
Raden Jamu/ kulawarga Sumedang jeung Adipati Tanu Baya (kulawrga Parakan 
muncang). Saur Ayip Rosyidi mungkin tokoh Demang DOngkol teh tokoh fiktif, 
ciptaan sang sastrawan.

Bade dirogahalana teh waktos anjeunna nujo moro di Tegal licin, Cimalaka 
tutugan Gunung Tampomas. Dugi ka ayeuna di Cimalaka ( lembur kuring ...hehehe) 
aya tempat nu aranna Licin, ngan ayeuna mah janten lembur ageung, DESA LICIN di 
Cimalaka. Raden Jamu sadar aya nu bade ngakalakeun anjeunna, nya anjeunna teh 
kabur ka Malangbong/ Limbangan, nepangan kulawarga ti pihak Ramana (Rama Raden 
Jamu, ti Limbangan). Ti dinya anjeunna nembe ka Cianjur. Anjeunna norobos 
leuweung geledegan jeung loba begal supados dugi Ka Cianjur. 

Cianjur jaman harita, kalebet kota di Priangan pang majengna, puseur 
pamaretahan priangan jeung oge kota budaya (Bandung mah masih leuweung 
geledegan ...hehehe). Raden Jamu di Cianjurna teh nyamar jadi cacah kuricakan, 
anjeunna jadi paninggaran, bari sakantenan diajar elmu-elmu kadigjayaan nu 
harita karesep urang Cianjur. Ku kahebatanna jadi Paninggaran anjeunna jadi 
kawentar, duga ka kadangu ku Bupati Cianjur. Akhirna kasang-tukang sang 
paninggaran kabuka, yen anjeunna teh sanes paninggaran "samanea" ....

Roman ieu akhirna "happy ending" ...hehehe jeung  kalebet roman nu "enak dibaca 
dan perlu". Mung  nu namina roman kedah tetep dianggap karya satra, sanes buku 
sajarah nu ilmiah pinuh bukti jeung fakta, sanaos Memed Sastraprawira cenah mah 
dugika ngalakukeun survey/ panalungtikan  heula, sateuacan ngarang roman ieu. 
(Memed tiasa disebat sastrawan munggaran di Indonesia nu ngalakukeun hal ieu).

Baktos,
WALUYA




 




 


Kirim email ke