Tos janten hutang pih, diantos naur terasanana.
Baktos, JP
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Siddik Wiradireja <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Sat, 12 Jun 2010 09:43:35 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Pangeran Kornel >>> Terasanana

Urang teraskeun, meungpeung nuju rada rineh, bilih janten hutang....
Aya anu kalangkung dina pedaran anu tipayun, isteri Raden Suranagara nyaeta Nyi 
Rd. Lenggang Kusumah teh putra kawalon Raden Rangga Gede, wadana Cikalong.

Sabaraha taun ti harita Raden Rangga Gede/wadana Cikalong dibenum janten Bupati 
Buitenzorg (Bogor).
Raden Suranagara ngagentos kalungguhan mertua janten wadana Cikalong, ti Nyi 
Rd. Lenggang Kusumah, Raden Suranagara kagungan putra 3 ;
1. Raden Abdul, anu engkena janten bupati Limbangan, nganggo gelar Adipati 
Adiwijaya.
2. Raden Ewok, anu engkena janten Bupati Sumedang, nganggo gelar Adipati Kusumah
    Yuda, ngagentos Pangeran Kornel (Raden Suranagara).
3. Nyi Raden Ajeng, nikah ka Adipati Wira Dadaha, bupati Sukapura.

Wangsul deui ka Sumedang, Adipati Wira Tanu Baya henteu lami janten bupati 
Sumendangna, pupus taun 1775, salajengna kalungguhan bupati Sumedang  
diteraskeun
ku Adipati Patrakusumah (1775~1791), saparantos Adipati Patra Kusumah pupus, nu 
janten wakil bupati nya eta Aria Sacapati (Patih Sumedang), nyeratan ka Aria 
Wira Tanu
Datar VI, mundut supados Raden Suranagara (harita Wadana Cikalong) diusulkeun ku
Aria Wira Tanu Datar VI ka pamarentah Walanda supados diangkat janten Bupati 
Sumedang.
Ieu usulan Aria Wira Tanu Datar disaluyuan ku pamarentah Walanda, salajengna 
Raden
Suranagara dibenum janten Bupati Sumedang, nganggo gelar Pangeran Kusumah 
Dinata,
katelahna Pangeran Kornel (1791 ~ 1828).

Raden Abas putra Wira Tanu Datar VI, waktos Wira Tanu Datar VI pupus, Raden 
Abas 
masih burey, yuswana kirang langkung 4 taunan.
Pangeran Kusumah Dinata/Pangeran Kornel, saparantos nguping Aria Wira Tanu 
Datar VI
pupus, lajeng Pangeran Kornel mundut ka Adipati Prawiradireja I/bupati Cianjur 
harita, supados ngawidian Raden Abas linggih di Sumedang, dina taun 1820 Raden 
Abas miang ka Sumedang, teras dirorok dugika dewasana.
Hal ieu, taya sanes bakat ngaraos nganuhunkeun ku kukasaean Adipati Wira Tanu 
Datar VI ka Raden Suranagara/Pangeran Kornel waktos ditundung ti tatar Sumedang 
dugika 
dibenumna janten Bupati Sumedang, nyasatna ku kasaean Aria Wira Tanu Datar VI.
Saparantos Raden Abas sawawa lajeng nikah ka wargi Pangeran Kornel jenengan Nyi.
Raden Purnama, putra Aria Jayanagara, putu Adipati Adiwijaya/bupati Limbangan.

Cag sakitu heula bilih panjang teuing.

Pihatur,
ssw
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda  Tapi talungtik naon nu bisa 
dibikeun ka kiSunda



 



  






      

Kirim email ke