Sateu acan mungkas ieu postingan perkawis Pangeran Kornel, bilih bae aya wargi 
ieu 
milis kagungan sajarah anu patulang-tonggong sareng postingan sim abdi, mangga
dihaturana, kanggo ngalereskeun atanapi mairan.

Dina postingan anu kalangkung, disebat yen Raden Abas  nikah ka Nyi Raden 
Purnama putra Aria Jayanagara.
Waktos harita Aria Jayanagara mangku kalungguhan Patih di Limbangan, ari Raden 
Abas
mangku kalungguhan janten Wadana di Pasanggrahan (kirang langkung taun 
1830/1831)
nganggo gelar Raden Wiranagara, anapon anu mangku kalungguhan janten Bupati 
Limbangan waktos harita nya eta Adipati Adiwijaya.
Saparantos pupus Adipati Adiwijaya, anu ngagentosna janten Bupati Limbangan teh 
nyaeta Aria Jayanagara (putra Adipati Adiwijaya oge mertua Raden Abas).

Aria Jayanagara saparantos janten Bupati Limbangan nganggo gelar Tumenggung 
Kusumah Ningrat, waktos harita Raden Abas/Raden Wiranagara diangkat janten Patih
di Limbangan, nganggo gelar Demang Wiranagara.

Dina taun 1833 Bupati Sumedang, Adipati Kusumah Yuda pupus, Bupati Limbangan 
Tumenggung Kusumah Ningrat dibenum janten Bupati Sumedang, nganggo gelar 
Adipati Kusumah Dinata ( disebat oge Dalem Alit, taun 1833 ~ 1834).
Patih Limbangan Raden Abas/Demang Wiranagara ngagentos mertua  Bupati 
Tumenggung Kusumah Ningrat, janten Bupati Limbangan, nganggo gelar Tumenggung 
Jayaningrat.

Lami-lami puseur kota Limbangan narikkolot, karamean ngised ka kota Garut 
kuayana
hiji afdeling enggal. Garut janten puseur kota, nya kitu deui kabupatian ngalih 
ka kota
Garut tug dugi ka kiwari.
Raden Abas/Demang Wiranagara/Tumenggung Jayaningrat gentos sesebatan tina 
Bupati Lambangan janten Bupati Garut, saparantos janten Bupati Garut nganggo 
gelar Adipati Suria Kusumah, anjeuna henteu nganggo gelar Adipati Wira Tanu 
Datar VII.

Saparantos Raden Abas/Demang Wiranagara/Tumenggung Jayaningrat/Adipati Suria 
Kusumah pupus, kalungguhan bupati Garut digentos ku Raden Jenon, putra cikal 
Raden Abas, Raden Jenon ieu saparantos janten Bupati Garut nganggo gelar Wira 
Tanu Datar VIII
nyepeng kalungguhan janten bupati Garut taun 1872 ~ 1916.

Sakitu anu tiasa kapidangkeun sajarah Pangeran Kornel sareng asal muasalna 
turunan
Dalem Cikundul janten Bupati di Garut.

Kenging nyutat tina buku "Sajarah Cianjur sareng Raden Aria Wira Tanu Datar 
Dalem Cikundul", kalayan sakedik dirobah susunan kalimatna supados gampil 
diaosna.
Kirang langkungna neda ageung nya tawakup jembar pangapuntena, leres henteuna
wallahu alam, mung Anu Maha Uninga anu uningaeun kana jalur sajarah.
Mung bae upami eta seratan sajarah leres, nyaaa...panginten parantos kitu 
seratan ti Azalina.

Pihatur,
ssw
http://cikundul3.multiply.com  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda  
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda


 



  






      

Kirim email ke