> mh <khs...@...> wrote: > macan tutul mah di leuweung kamojang ge masih aya bah.
Enya, macan tutul/ kumbang aya keneh di Pulo Jawa, ngan ari seueur mah sigana henteu. Lamun teu salah kira-kira 10 taun katukang, di kota Sumedang aya macan kumbang (sabenerna mah macan tutul keneh, pedah beda warna), nyirekeum dina lalangit hiji WC sakola STM swasta(??). Pas penjaga sakola asup ka WC, si maung teh tigudubrag numbruk pa Penjaga, der gelut. Cenah mah penjagana oge tatu, da dikoet maung. Kajadian aneh mah di Kota Bandung. Di Ciumbuleuit (deukuet kampus UNPAR) aya maung "jalan-jalan": nyirekem di kolong mobil nu parkir, ajleng-ajlengan dina hateup imah, atuh jadi gujrud. Maung akhirna ditewak hirup-hirup. Baktos, WALUYA

