Sarua uing ge karek apal Ma' ung beuki kadu? Kumaha ngadaharna?
Boa-boa siga sakadang monyet… bedana ieu mah kadu heheh…


 


Ngadongeng ah…. nyingcet, bae nya? Disebut nyingcet soteh, lain
rek ngadongengkeun maungna, tapi kaduna.



Inget dongeng nu jadi kolot, keur taun 70an ngontrak di
wewengkon Chile… deukeut jambatan tol Jagorawi, nya Cililitan-Jakarta heuheu...



Di hareupeun kontrakan nu ngajejer aya kana 5 pantona, aya
tangkal kadu. Ceuk kolot uing ceunah, kaduna
amis & dagingna kandel, ngeunah pokona mah… 


 


Hiji peuting keur jemplang-jempling, geus rek sareupreupeun
sarare, ujug2…


BUUUGH!!!


Teu mudu make komando… lol! Di unggal panto naronghol sirah nu
ngalontrak bari
carulang-cileung rek muru kadu nu karek pisan ngagebut. Tapi anehna euweuh nu
wanieun nyokot, ti dituna mah silih ragangan jeung tatangga meureun… 

Antukna, nepi ka
isuk euweuh nu “meunang” … dicokot soteh ku nu boga kontrakan, kabeneran keur
ngalanto ka bah dinya.



ro2

--- On Tue, 15/6/10, Kumincir Wikidisastra <[email protected]> wrote:

From: Kumincir Wikidisastra <[email protected]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Meunang Maung euy (1941)
To: [email protected]
Date: Tuesday, 15 June, 2010, 11:38 AM







 



  


    
      
      
      karek apal, si belang beuki kadu... :P kang gun ayeuna di mana linggih?

kabeneran
di tempat kuring gawe aya nu keur nalungtik lodaya sumatra. manehna
nalungtik lodaya sacara genetik, ku cara ngekstrak DNA tina taina.
bener we eung ceuk beja, maung lodaya mah gede simana. eta we, kakara
nempo taina bae, mani asa ngaroroncod. .. heuheu... ceuk cenah, lodaya
teh sabenerna eraan. mun kaparengkeun panggih jeung jelema, kusabab
pangambeu & panenjona seukeut, ilaharna mah sok nyingkah batan kudu
amprok. mun kacaritakeun aya nu diudag lodaya, sigana kusabab eta
sakadang maung teh kalaparan lan hayang baranghakan. anu kaalaman ku nu
ngadongeng ti pasisian garut tea ge kitu. pabeubeurang manehna paamprok
jeung sakadang maung di jalan satapak, anggang kira welasan-puluhan
meterna, tapi masih atra gebay buntutna. leungeun langsung gap kana
perah bedog nu disoren, bari angger tuur mah ngaroroncod. manehna
ngarandeg, sakadang maung ngajengjen. tapi sabot neger-neger maneh,
katenjo sakadang maung leumpang nguliwed ngajauhan jalan satapak.
sanggeus yakin sakadang maung teu katenjo, manehna neruskeun leumpang.
teu lila ti leumpang, pas manehna ngalieuk ka tukang, horeng sakadang
maung ge geus jol deui dina jalan satapak. sarua deuih keur ngalieuk ka
tukang, ka manehna. atuh kusabab paamprok teuteup, duanana asa
kaisinan. gelenyu bareng papada imut, terus dipungkas ku silih gupay
silih dadahan... :P



sikandar
su.wikipedia. org

2010/6/15 Gunawan Yusuf Miarsadireja


  


    
      
      
      basa
taun 1980-an di Saketi, Pandeglang, Banten, harita nuju usum kadu,
dulur misan teh keur ngajagaan kebon kadu anu di tengah leuwueng,
tengah peuting aya kadu ngagubrag dina rungkun tangkal awi, belecet
manehna lumpat rek nyandak kadu (bisi kapiheulaan ku batur), naha eta
mah barang jol, teh si kadu kapiheulaan dicandak ku si belang, atuh
dulur misan lumpat sakaparan paran, 





    
     

    
    


 



  





Kirim email ke