Assalamualaikum......para wargi daramang?...
Kaemutan ku salah sawios kawargian di facebook (Mang Jojo) nyobian diajar ngadamel pupuh...dasar nembean tangtos tempatna kakirang...ieu pupuh nu ka tilu didamel- kahiji nu ngahajakeun- da nu dua (ka hij sapada kadua tilu pada ngawitan mah mung ngalokan/masihan komment ka kinanti kintunan anjeuna (Mang Jojo)... sepertos kauninga, taunan kapengker (2005) di kisunda kantos dikintunkeun pupuh surat alfatihah yasana Pa Hidayat suryalaga (Abah Surya) ku Kang Oman, ku kituna didieu ge dikintunkeun deui supados janten pangemut ngemut. Disuhunkeun pasieupna ti kadang wargi...baktos ================= Kinanti jadi Bubuka Ku Eddy Nugraha ---------------------- Audzubillahiminasyaithanir rajiim ---------------------- Nyalindung ka Maha Agung Maha Mulya Maha Suci Allah nu maha uninga Tina poek sasar diri Alatan gogoda setan nu nyiruruk nyiriwuri ---------------------- Bismillahirrahmanirrahiim ---------------------- Kalawan Asma Hyang Agung marengan lampah sayakti nu janten marga lantaran sadaya usik ngajadi nyaah asih taya kendat nganteur mahluk nu kumelip ---------------------- Alhamdulillahiraabil alamin ---------------------- Saniskara nu dipunjung puja puji anu murti kagungan anu ngamurba nga wisesa bumi langit katut sagala eusina kajaga kariksa pasti ---------------------- Arrahman nirahiim ---------------------- Asmana anu agung teges pisan maha asih maha nyaah saenyana salamina nyaah asih nyaah ning nyaah nu nyata asih ning asih nu jati ---------------------- Maalikiyaummidin ---------------------- Nu kawasa tur katurut waktu geus kiamat diri tumut ka sejana Allah aya di wiwitan jati dugi ka wekasanana kapurba ku nu sajati ---------------------- Iyyaka nabudu wa iyyaka nastain ---------------------- Ka Allah sejana ngaub bakti ngadarmakeun diri taat tumut salamina gumantung teu ka nu lain paneja teu kanu lian estuning mung ka Ilahi. ---------------------- Ihdinasirathal mustaqim ---------------------- Tuduhkeun sarengna tungtun Supados diri ngajadi Nangtung ku suku sorangan Aya dina jalan gusti Ajeg kasarian caang Ageman nyata ngajadi ---------------------- shirotoladzina an amta alaihim ---------------------- Sapertos para luluhur Para rasul para nabi Para salihin suhada Teu hilap para sidiqin Nu teras ginulur ni’mat Najan tos hening di jati ---------------------- Ghairil maghdubi alaihim wa ladhaalin ---------------------- Ulah kawas batur batur Anu cilaka ka badi Sasat ngalampahkeun dosa Oge ulah sasar diri Nga lain lain nu enya Nga ennya enya nu lain. ========= Kintunan ti Kang Oman nyutat tina Nurhidayahan, yasana Abah Surya, Mon, 07 Mar 2005 22:27:30 -0800 Al-Fatihah Surat Kahiji, 7 ayat Kalayan Asma Alloh Nu Welas Asih Lagu Papatet 1/I/:1/1, 2, 3, 4, 5. (pada kahiji, Juz kahiji, Surat kahiji, ayat 1 dugi ka 5) Nyebat asma-Ning Nu Agung Alloh Anu Welas Asih, sembaheun saalam dunya, puja-puji mung ka Gusti, Nu Heman taya kendatna, Hakim di Yaomil Ahir, ka Alloh abdi sumembah, neda pitulung pangjaring 2/I/:1/6, 7. Mugi maparin pituduh, kana jalan rido Gusti, jalan lempeng tur iman, nu pinuh ku rahmat Gusti, nyaeta jalan nu iman, sanes jalan nu kalapir, anggang ti lampah nu sasab, lampah nu dibendon Gusti

