Assalamualaikum......para wargi daramang?...

Kaemutan ku salah sawios kawargian di facebook (Mang Jojo) nyobian diajar
ngadamel pupuh...dasar nembean tangtos tempatna kakirang...ieu pupuh nu ka
tilu didamel- kahiji nu ngahajakeun- da nu dua (ka hij sapada kadua tilu
pada ngawitan mah mung ngalokan/masihan komment ka kinanti kintunan anjeuna
(Mang Jojo)...

sepertos kauninga, taunan kapengker (2005) di kisunda kantos dikintunkeun
pupuh surat alfatihah yasana Pa Hidayat suryalaga (Abah Surya) ku Kang Oman,
ku kituna didieu ge dikintunkeun deui supados janten pangemut ngemut.

Disuhunkeun pasieupna ti kadang wargi...baktos


=================

*Kinanti jadi Bubuka*

Ku
*Eddy Nugraha*

----------------------
Audzubillahiminasyaithanir
rajiim
----------------------

Nyalindung ka Maha Agung
Maha Mulya Maha Suci
Allah nu maha uninga
Tina poek sasar diri
Alatan gogoda setan
nu nyiruruk nyiriwuri

----------------------
Bismillahirrahmanirrahiim
----------------------

Kalawan Asma Hyang Agung
marengan lampah sayakti
nu janten marga lantaran
sadaya usik ngajadi
nyaah asih taya kendat
nganteur mahluk nu kumelip

----------------------
Alhamdulillahiraabil alamin
----------------------

Saniskara nu dipunjung
puja puji anu murti
kagungan anu ngamurba
nga wisesa bumi langit
katut sagala eusina
kajaga kariksa pasti

----------------------
Arrahman nirahiim
----------------------

Asmana anu agung
teges pisan maha asih
maha nyaah saenyana
salamina nyaah asih
nyaah ning nyaah nu nyata
asih ning asih nu jati

----------------------
Maalikiyaummidin
----------------------

Nu kawasa tur katurut
waktu geus kiamat diri
tumut ka sejana Allah
aya di wiwitan jati
dugi ka wekasanana
kapurba ku nu sajati

----------------------
Iyyaka nabudu wa iyyaka nastain
----------------------

Ka Allah sejana ngaub
bakti ngadarmakeun diri
taat tumut salamina
gumantung teu ka nu lain
paneja teu kanu lian
estuning mung ka Ilahi.

----------------------
Ihdinasirathal mustaqim
----------------------

Tuduhkeun sarengna tungtun
Supados diri ngajadi
Nangtung ku suku sorangan
Aya dina jalan gusti
Ajeg kasarian caang
Ageman nyata ngajadi


----------------------
shirotoladzina an amta alaihim
----------------------

Sapertos para luluhur
Para rasul para nabi
Para salihin suhada
Teu hilap para sidiqin
Nu teras ginulur ni’mat
Najan tos hening di jati

----------------------
Ghairil maghdubi alaihim wa ladhaalin
----------------------

Ulah kawas batur batur
Anu cilaka ka badi
Sasat ngalampahkeun dosa
Oge ulah sasar diri
Nga lain lain nu enya
Nga ennya enya nu lain.


=========


Kintunan ti Kang Oman nyutat tina Nurhidayahan, yasana Abah Surya, Mon, 07
Mar 2005 22:27:30 -0800


Al-Fatihah

Surat Kahiji, 7 ayat



Kalayan Asma Alloh Nu Welas Asih



Lagu Papatet

1/I/:1/1, 2, 3, 4, 5. (pada kahiji, Juz kahiji, Surat kahiji, ayat 1 dugi ka
5)



Nyebat asma-Ning Nu Agung

Alloh Anu Welas Asih,

sembaheun saalam dunya,

puja-puji mung ka Gusti,

Nu Heman taya kendatna,

Hakim di Yaomil Ahir,

ka Alloh abdi sumembah,

neda pitulung pangjaring



2/I/:1/6, 7.

Mugi maparin pituduh,

kana jalan rido Gusti,

jalan lempeng tur iman,

nu pinuh ku rahmat Gusti,

nyaeta jalan nu iman,

sanes jalan nu kalapir,

anggang ti lampah nu sasab,

lampah nu dibendon Gusti.

Kirim email ke