Kang Zen, Kang Tedi,....Kang Abbas.. sareng kawargian sanesna...hatur nuhun. Sareng punten ka sadayana aya nu kakintun sababaraha kali..nembean deui ngapung ka millist.....teras pacorok antawis account google sareng yahoo.
bilih peryogi tambihna..manawi wae kaanggo. baktos -------------------- Surat Sapi Bikang (ayat 1 s/d 5) ku Eddy Nugraha BAG I Kinanti =========== Audzubillahiminasyaithanir rajiim =========== Nyalindung ka Maha Agung Maha Mulya Maha Suci Allah nu maha uninga Tina poek sasar diri Alatan gogoda setan nu nyiruruk nyiriwuri =========== Bismillahirrahmanirrahiim =========== Kalawan Asma Hyang Agung marengan lampah sayakti nu janten marga lantaran sadaya usik ngajadi nyaah asih taya kendat nganteur mahluk nu kumelip BAG II Asmarandana surat sapi bikang (ayat 1 s/d 5) ====== Alif lam mim ====== Alif laam miim paku aji rasiahna rasulullah lain ngan sakadar kunyem rajah mujijat ti Allah metu diawal surah nu ngajelaskeun wahyu Suhuf keur eunteung manusa ====== Daalikal kitabu laaroiba fiihi hudan lil muttaqin ====== Heh kabeh nu kumelip saenyana ieu kitab dibetuskeun ka sakabeh eusina taya nu mangmang tuduh keur anu takwa nyatana nu pararengkuh nu nurut tumut tur taat ====== Alladzina yu’minuuna bil ghaib ====== Nyaeta jalma nu wacis yakin tur bari percaya terus ngandel tara mindo ka nu teu katangen mata jeung sakabeh indriya najan teu pangih ku batur nu aya dikajalmaan ====== Wayuqimunas shalat ====== Jeung ngadegkeun fitrah diri shalat jadi pamakena netepan netepkeun maneh berkah jeung rahmat Allahna mancur tur murub mubyar alif lam lam he na hirup tasjid jadi kamudina ====== wa mimmaa rajaknahum yunfiqun ====== Oge ngadarmakeun rijki boh kabeh boh sabagian migawena ikhlas rido seja nyieun kahadean keur nalang kanu susah keur nulung ka anu butuh mere maweh ka sasama ====== walladzina yuminuuna bimaa unjila ilaika wamaa unjila minkoblik ====== Jeung ngandel kanu geus nitisl ka ayat dina hatena nu nyaangan diri kabeh ku tuduh qur’an nu enya jeung weruh kana layang cepengan para luluhur nu mulya kaselir kitab ====== Wabil akhirati humyuqinun ====== Jeung ka wekasanna yakin lain ngan saukur beja sabab dianjangan wae kiamat sapapanjangna wiwitan jeung wekasan ngan saukurana tangtung tepi najan siga mapay ====== ulaaika alaa hudam mirobbihin wa ulaaika humul muflihun ======= Satemena eta jalmi geus meunang tuduh gustina ngambah naon wae oge moal teu aya tungtunna pasti kasinugrahan punjul jadi jalma untung rahayu salamet bagja catatan: .... Albaqarah kenging Abah Surya- kintunan kang Oman di kisunda 2005. Kalayan Asma Alloh Nu Welas Asih Pupuh Sinom 1/I/:2/1 Alif Laam Miim awal ayat, mung Alloh Maha Tingali, dupi Qur'an sayaktosna, eusina teu hamham deui, pituduh nu kumelip, tumut dawuhan Nu Agung, ari jalma nu tarakwa, nu percaya ka anu gaib, sarta tuhu solatna teh tara pegat. 2/I/:2/2, 3, 4 Sarta jelema nu iman, ngamangfaatkeunana rijki, mere maweh ka sasama, rijki paparin Ilahi, jeung percaya tur yakin, kana sugri kitab luhung, Qur'an jeung nu samemehna, tur yakin jeroning ati, yen dirina bakal hirup di akherat

