Kang Eddy oge nu sanesna, haturan...

Bingah kacida kang Eddy tos ngawitan neraskeun panaratas abah Surya dina
ngadumaniskeun antara agama (religi, tarjamahan Al Qur'an) sareng budaya
local - dina lebah dieu Sunda - dina wangun sastra. Abdi nyebat karya-karya
abah ieu salaku "the extended translation of Al Qur'an". Istilah ieu (the
extended translation of Al Qur'an) Insya Alloh ke kapayun bade disurahan
rada panjang.

Leres, ti payun sim kuring kantos posting karya-karya Abah Surya dina wangun
pupuh pikeun tarjamahan Al Qur'an basa Sunda. Dina leresan ieu, aya dua rupi
karya Abah. Kahiji, tarjamahan Al Qur'an kana basa Sunda dina wangun pupuh,
dipaparin nami Nurul Hidayah. Kadua, tarjamahan Al Qur'an kana basa Sunda
dina wangun nadoman, dinamian Nurul Hikmah. Dina Nurul Hidayah aya opat
wangun pupuh anu dianggo, nyaeta anu disebat sekar ageung (Kinanti,
Asmarandana, Sinom sareng Dandanggula).

Jadi, dina Nurul Hidayah, sadaya Al Qur'an tiasa ditajamahkeun kana wangun
pupuh sekar ageung. Singgetna, dina Nurul Hidayah urang tiasa mendakan boh
pupuh Kinanti. Asmarandana, Sinom, atawa Dandanggula salaku tarjamahan basa
Sunda tina Al Qur'an. Kukituna, Nurul Hidayah tiasa dipintonkeun dina wangun
pagelaran kacapi suling anu eusining mamaosna dicandak tina Nurul Hidayah
yasana Abah. Memang tiasa sareng mindeng dipintonkeun ku Bandung TV. Ieu
pagelaran anu nganggo tarjamahan Nurul Hidayah salaku eusi mamaosna
dinamian: Nur-Hidayahan

Anapon Nurul Hikmah eusina bait-bait atawa padalisan-padalisan pikeun
nadoman atawa pupujian. Sababaraha wanda pupujian di Tatar Sunda tiasa
dianggo media kanggo ngadugikeun Nurul Hikmah. Ieu Nurul Hikmah oge parantos
rengse sareng tos dianggo di sababaraha pasantren kanggo atikan boh Al
Qur'an atawa kasenian Sunda (khususna pupujian atawa nadoman).

Maksad abah ngadamel Nurul Hikmah (oge Nurul Hidayah) taya lian sangkan
urang, utamana para murid di sakola, para santri sareng saha wae anu minat,
tiasa gampil apal kana eusining Al Qur'an, minimal tarjamahanana (sanajan
teu acan noel kana tafsirna). Jeung deui, salah sahiji mu'jizat Al Qur'an
nyaeta sabagean eusina teu kedah meryogikeun tafsir anu hese mahamkeunana.
Nya anu disebat ayat-ayat muhkamat tea (kapaham langsung sapada harita). Ku
cara noel aspek rasa/seni anu aya dina diri satiap manusa, oge diharepkeun
eusining Al Qur'an leuwih gancang nerap sareng langkung kuat sumerepna kana
diri. Manfaat sanesna tina Nurul Hidayah sareng Nurul Hikmah taya sanes
ngamumule salah sahiji ikon budaya Sunda: seni pupuh, mamaos Cianjuran,
sareng seni nadoman.

Pangemut abah ieu parantos dibuktikeun kaampuhanana ku hiji riset mahasiswa
S2. Dilaporkeun dina eta riset yen barudak anu parantos mraktekkeun Nurul
Hikmah gampang pisan apalna kana eusi Al Qur'an. Pon kitu deui, seueur
ibu-ibu anu maos Nurul Hikmah dina pangaosan, pas lebah ayat-ayat ngeunaan
karusakan akhlak, ngabirigidig bari jeung paur kacida nalikan nganadomkeun
ayat-ayat ngeunaan kumaha akibatna jalma-jalma anu ngalakukeun zinah jeung
ngamomorekeun katurunan. Kitu sakuma didugikeun ku abah ka sim kuring dina
hiji obrolan.

Rupina sakitu heula pangbagea ka kang Eddy sareng katerangan singget
ngeunaan karya Abah Surya: Nurul Hidayah sareng Nurul Hikmah.
baktosna,

manar.



2010/6/17 Eddy Nugraha <[email protected]>

>
>
>
> Kang Zen, Kang Tedi,....Kang Abbas.. sareng kawargian sanesna...hatur
> nuhun. Sareng punten ka sadayana aya nu kakintun sababaraha kali..nembean
> deui ngapung ka millist.....teras pacorok antawis account google sareng
> yahoo.
>
> bilih peryogi tambihna..manawi wae kaanggo.
>
> baktos
>
> --------------------
>
> Surat Sapi Bikang (ayat 1 s/d 5)
>
> ku Eddy Nugraha
>
> BAG I
> Kinanti
>
> ===========
> Audzubillahiminasyaithanir
> rajiim
> ===========
>
> Nyalindung ka Maha Agung
> Maha Mulya Maha Suci
> Allah nu maha uninga
> Tina poek sasar diri
> Alatan gogoda setan
> nu nyiruruk nyiriwuri
>
> ===========
> Bismillahirrahmanirrahiim
> ===========
>
> Kalawan Asma Hyang Agung
> marengan lampah sayakti
> nu janten marga lantaran
> sadaya usik ngajadi
> nyaah asih taya kendat
> nganteur mahluk nu kumelip
>
> BAG II
> Asmarandana surat sapi bikang (ayat 1 s/d 5)
>
> ======
> Alif lam mim
> ======
>
> Alif laam miim paku aji
> rasiahna rasulullah
> lain ngan sakadar kunyem
> rajah mujijat ti Allah
> metu diawal surah
> nu ngajelaskeun wahyu
> Suhuf keur eunteung manusa
>
> ======
> Daalikal kitabu laaroiba fiihi hudan lil muttaqin
> ======
>
> Heh kabeh nu kumelip
> saenyana ieu kitab
> dibetuskeun ka sakabeh
> eusina taya nu mangmang
> tuduh keur anu takwa
> nyatana nu pararengkuh
> nu nurut tumut tur taat
>
> ======
> Alladzina yu’minuuna bil ghaib
> ======
>
> Nyaeta jalma nu wacis
> yakin tur bari percaya
> terus ngandel tara mindo
> ka nu teu katangen mata
> jeung sakabeh indriya
> najan teu pangih ku batur
> nu aya dikajalmaan
>
> ======
> Wayuqimunas shalat
> ======
>
> Jeung ngadegkeun fitrah diri
> shalat jadi pamakena
> netepan netepkeun maneh
> berkah jeung rahmat Allahna
> mancur tur murub mubyar
> alif lam lam he na hirup
> tasjid jadi kamudina
>
> ======
> wa mimmaa rajaknahum yunfiqun
> ======
>
> Oge ngadarmakeun rijki
> boh kabeh boh sabagian
> migawena ikhlas rido
> seja nyieun kahadean
> keur nalang kanu susah
> keur nulung ka anu butuh
> mere maweh ka sasama
>
> ======
> walladzina yuminuuna bimaa unjila ilaika wamaa unjila minkoblik
> ======
>
> Jeung ngandel kanu geus nitisl
> ka ayat dina hatena
> nu nyaangan diri kabeh
> ku tuduh qur’an nu enya
> jeung weruh kana layang
> cepengan para luluhur
> nu mulya kaselir kitab
>
> ======
> Wabil akhirati humyuqinun
> ======
>
> Jeung ka wekasanna yakin
> lain ngan saukur beja
> sabab dianjangan wae
> kiamat sapapanjangna
> wiwitan jeung wekasan
> ngan saukurana tangtung
> tepi najan siga mapay
>
> ======
> ulaaika alaa hudam mirobbihin wa ulaaika humul muflihun
> =======
>
> Satemena eta jalmi
> geus meunang tuduh gustina
> ngambah naon wae oge
> moal teu aya tungtunna
> pasti kasinugrahan
> punjul jadi jalma untung
> rahayu salamet bagja
>
> catatan: ....
> Albaqarah kenging Abah Surya- kintunan kang Oman di kisunda 2005.
>
> Kalayan Asma Alloh Nu Welas Asih
>
> Pupuh Sinom
>
> 1/I/:2/1
> Alif Laam Miim awal ayat,
> mung Alloh Maha
> Tingali,
> dupi Qur'an sayaktosna,
> eusina teu hamham deui,
> pituduh nu kumelip,
> tumut dawuhan Nu Agung,
> ari jalma nu tarakwa,
> nu
> percaya ka anu gaib,
> sarta tuhu solatna teh tara pegat.
>
> 2/I/:2/2, 3, 4
> Sarta jelema nu iman,
> ngamangfaatkeunana rijki,
> mere
> maweh ka sasama,
> rijki paparin Ilahi,
> jeung percaya tur yakin,
> kana sugri kitab luhung,
> Qur'an jeung nu samemehna,
> tur yakin jeroning ati,
> yen dirina bakal hirup di akherat
>
>  
>

Kirim email ke