Kabeneran salah sapuluh objek desain nu keur ditalungtik teh eta, leuit.
Mun ngilikan foto jadul leuit van indihiang eta, awakna mah sarua jeung
leuit nu aya di baduy oge ciptagelar. Pasagi, bari jeung ngagedean ka luhur.
Ngan nu di baduy mah sampeanana, tihang opatna, jangkung (dibanding suku
leuit indihiang ieu). Jadi ku urang baduy disebutna teh leuit lenjang, alias
leuit jangkung. Bade fotona? Aya di file foto, baduy republik leuit, di
mangjamal.multiply.com atawa asana aya di fesbuk.
Aya model sejen leuit baduy mah, disebut gugudangan, nu leutikna disebut
karumbung. nya siga gudang, teu seksi siga leuit lenjang. Leuit lenjang rada
unik, kaasup aya papan buleud di handapna, dipasang dina tihang handapeun
leuitna. Galabag asana mah ngarana teh. Cenah sangkan beurit teu bisa asup
ka leuit. Da moal bisaeun ngarayap di bagean handap papan horisontal.
Nu unik basa survey ka kampung kuta ciamis. Aya leuit, ditilik semu anyar.
Sihoreng leuit di eta kampung adat mah hiasan, sakadar salah lima sarat sah
hiji kampung adat. Heuheu, jadi teu dipake nyimpen pare. Ari di kampung naga
tasik, aya leuit hiji, pikeun pare nu engkena dipake pikeun upacara adat,
jadi pikeun kapentingan umum. Pare nu pribadi mah ditunda di dapur atawa
goah, dina karung atawa tolombong.
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of Waluya
Sent: Thursday, June 17, 2010 12:57 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: Imah Sunda di Indihiang (Indihiang, 1880)
> Kumincir Wikidisastra <ia.ad...@...> wrote:
> nu di tengah mah leuitna panginten nya?
Sigana mah enya, leuit. Leuit (tempat pare) 10 taun katukang mah, masih bisa
ditempo di daerah antara Bayah-Sukabumi.
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links