mj, di kampung urug di bogor aya leuit nu beda jeung leuit-leuit baduy,
ciptagelar, jeung indihiang ieu. kuring kungsi ka ditu, kungsi moto eta
leuit, hanjakal kabeuleum jeung hardisk-hardiskna. manggih gambarna ukut ti
internet tah disisipkeun di handap. leuitna nu di juru handap katuhu.

dudi


[image: 26235_382467862490_121994582490_3667702_2974585_n.jpg]

2010/6/17 mj <[email protected]>

>
>
>
>
> Kabeneran salah sapuluh objek desain nu keur ditalungtik teh eta, leuit.
>
> Mun ngilikan foto jadul leuit van indihiang eta, awakna mah sarua jeung
> leuit nu aya di baduy oge ciptagelar. Pasagi, bari jeung ngagedean ka
> luhur.
> Ngan nu di baduy mah sampeanana, tihang opatna, jangkung (dibanding suku
> leuit indihiang ieu). Jadi ku urang baduy disebutna teh leuit lenjang,
> alias
> leuit jangkung. Bade fotona? Aya di file foto, baduy republik leuit, di
> mangjamal.multiply.com atawa asana aya di fesbuk.
>
> Aya model sejen leuit baduy mah, disebut gugudangan, nu leutikna disebut
> karumbung. nya siga gudang, teu seksi siga leuit lenjang. Leuit lenjang
> rada
> unik, kaasup aya papan buleud di handapna, dipasang dina tihang handapeun
> leuitna. Galabag asana mah ngarana teh. Cenah sangkan beurit teu bisa asup
> ka leuit. Da moal bisaeun ngarayap di bagean handap papan horisontal.
>
> Nu unik basa survey ka kampung kuta ciamis. Aya leuit, ditilik semu anyar.
> Sihoreng leuit di eta kampung adat mah hiasan, sakadar salah lima sarat sah
> hiji kampung adat. Heuheu, jadi teu dipake nyimpen pare. Ari di kampung
> naga
> tasik, aya leuit hiji, pikeun pare nu engkena dipake pikeun upacara adat,
> jadi pikeun kapentingan umum. Pare nu pribadi mah ditunda di dapur atawa
> goah, dina karung atawa tolombong.
>
>
> -----Original Message-----
> From: [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com> [mailto:
> [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>] On
> Behalf Of Waluya
> Sent: Thursday, June 17, 2010 12:57 PM
> To: [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>
> Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: Imah Sunda di Indihiang (Indihiang, 1880)
>
> > Kumincir Wikidisastra <ia.ad...@...> wrote:
> > nu di tengah mah leuitna panginten nya?
>
> Sigana mah enya, leuit. Leuit (tempat pare) 10 taun katukang mah, masih
> bisa
> ditempo di daerah antara Bayah-Sukabumi.
>
> Baktos,
> WALUYA
>
> ------------------------------------
> _._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke