Enya, mun nilik tina foto-foto jadul, boh soal bandung, foto menak, atawa
lingkungan jeung manusa baheula, teu kaciri atra atawa teu mere gambaran nu
kumaha sabenerna nu disebut kolonialisasi, ongkoh dibasaurangkeun mah jadina
penjajahan. Harti ngajajah tea teu mere makna nu positif. 

 

Cek prof sudjoko (alm), uj tapi lahir gede di bandung, dina buku pengantar
senirupa, aya bagean nu nyaritakeun kondisi bandung jaman walanda. Yen urang
bandung nya meureun us legana, bisa ngabedakeun mana walanda penjajah mana
walanda pemaju. Sihoreng aya dua kategori walanda harita dimata bumiputra.
Nya walanda penjajah mah tangtu nu meres nu ngarugikeun bumiputra, sedeng
ari walanda pemaju, nu ngamajukeun bumiputra dina widangna sewang-sewangan.
Cara KF Holle, Pleyte, Boscha, jeung elmuwan walanda baheula sejena nu dumuk
di urang, nu sanajan gawe tetepna juragan perkebunan atawa malah pendeta
pisan, baroga gawe sejen nu kadieunakeun jadi dadasar pikeun neruskeun hasil
gawe maranehna. Cara panalungtikan naskah sunda kuno tea, nu dirintis ku
walanda. Kitu deui boscha, juragan kebon enteh, milu ngawaragadan ths (itb)
ayeuna jeung oge ngadanaan nyieun observatorium nu make ngarana boscha tea
di lembang-hiji-hijina di asia tenggara.

 

Para menak bumiputra harita meureun sacara status mah penguasa lokal
panghandapna,  perantara antara penjajah/kolonial jeung rahayat bumiputra.
Para bupati, asana kabeh ge menak bumiputra/pribumi, pangkat saluhureunana,
residen nu ngurus karesidenan-kumpulan sababaraha kabupaten, walanda, terus
nepi ka gupernur jenderal.

 

Saliwat sok matak lieur, di hiji sisi urang keuheul ambek ka walanda nu
ngajajah ratusan taun, tapi di sisi sejen, urang reueus ka sagala rupa
titingal jaman kolonialisasi. Kaasup ka kota bandung atawa kota sejena nu
dijieun walanda harita, bari jeung ayeuna urang teu bisa miara atawa
ngembangkeun jadi hade. Heuheu

 

Taun ieu jeung kamari ngalaman sarupaning lini dina hate jeung pikiran
alatan ngarasaan ngulampreng ka negeri penjajah tea. Sakapeung hulang-huleng
mikiran nu katempo, kabaca jeung kadenge. Cara di den haag aya ngaran
stasion kareta api NOI. Ditanya ka batur kos nu s2 di leiden. Cenah NOI teh
ti nederlans oost indie, alias indonesia ayeuna. Unggal kota di walanda aya
komplek ngaran jalan make ngaran-ngaran pulaw jeung kota di urang. Di urang
ge baheula, keur jaman walanda, ngaran-ngaran jalan teh make ngaran bau
walanda. 

 

Di ruang introduksi tropen museum aya tulisan nu siga ngajentrekeun sikep
walanda datang jeung ngajajah nusantara, yen maranehna datang teh ku
maranehna mah dianggap hade, sabab nyieun kamajuan pikeun bangsa di asia
tenggara. Tangtu kacamata bule, sanajan sacara realistis kaayeunakeun teu
salah teuing. Sanajan teu ukur kitu. sabab keukeuh unsur bisnis/dagang
pangutamana dina motivasi maranehna.

Kirim email ke