mereunan sejarah urang nu kudu dilurusan... atawa mereun revolusi dijaman
penjajahan harita teh sarupaning reformasi ayeuna... teu bisa ngarumpi
ngeunaan unsur2 nu tertentu... salah sahijina mereun politic tea.. sareng
aya rasa hayang sajajar jeung bagsa sejen... tah mereun iyeu nu dibela ku
pemuda2 bareto sarupaning bung karno jrrd, padahal mah mereun mung nepi ka
ayeuna di jajah sugan.. iyeu mah sugan... urang bakal bisa ngajanteunkeun
malaysia tetanggi urang contoh atawa beh ditueun deui hongkong nu karek
kamari merdeka ti inggris tea... tina paninggalan boh dina tehnologi atawa
kamajuan nu sejenna ... sugan tea ge sakali deui da sakapeung sok bingung
oge jeung nu ngarana penjajahan teh... ceuk aki kapungkur mah rahayat teh
teu susah susah teuing mung nurut ka kumpeni ceunah.

ari ayeuna ge urang teh can aya nu standar nu disebat merdeka teh kawas
kumaha... da uing ge harita teh masih di jajah ku harga-harga nu ngapung ka
awang-awang jeung didamel ge dijero penjajahan nu model anyar liberalisasi
ceunah


2010/6/29 mj <[email protected]>

>
>
>  Enya, mun nilik tina foto-foto jadul, boh soal bandung, foto menak, atawa
> lingkungan jeung manusa baheula, teu kaciri atra atawa teu mere gambaran nu
> kumaha sabenerna nu disebut kolonialisasi, ongkoh dibasaurangkeun mah jadina
> penjajahan. Harti ngajajah tea teu mere makna nu positif.
>
>
>
> Cek prof sudjoko (alm), uj tapi lahir gede di bandung, dina buku pengantar
> senirupa, aya bagean nu nyaritakeun kondisi bandung jaman walanda. Yen
> urang bandung nya meureun us legana, bisa ngabedakeun mana walanda penjajah
> mana walanda pemaju. Sihoreng aya dua kategori walanda harita dimata
> bumiputra. Nya walanda penjajah mah tangtu nu meres nu ngarugikeun
> bumiputra, sedeng ari walanda pemaju, nu ngamajukeun bumiputra dina widangna
> sewang-sewangan. Cara KF Holle, Pleyte, Boscha, jeung elmuwan walanda
> baheula sejena nu dumuk di urang, nu sanajan gawe tetepna juragan perkebunan
> atawa malah pendeta pisan, baroga gawe sejen nu kadieunakeun jadi dadasar
> pikeun neruskeun hasil gawe maranehna. Cara panalungtikan naskah sunda kuno
> tea, nu dirintis ku walanda. Kitu deui boscha, juragan kebon enteh, milu
> ngawaragadan ths (itb) ayeuna jeung oge ngadanaan nyieun observatorium nu
> make ngarana boscha tea di lembang-hiji-hijina di asia tenggara.
>
>
>
> Para menak bumiputra harita meureun sacara status mah penguasa lokal
> panghandapna,  perantara antara penjajah/kolonial jeung rahayat bumiputra.
> Para bupati, asana kabeh ge menak bumiputra/pribumi, pangkat saluhureunana,
> residen nu ngurus karesidenan-kumpulan sababaraha kabupaten, walanda, terus
> nepi ka gupernur jenderal.
>
>
>
> Saliwat sok matak lieur, di hiji sisi urang keuheul ambek ka walanda nu
> ngajajah ratusan taun, tapi di sisi sejen, urang reueus ka sagala rupa
> titingal jaman kolonialisasi. Kaasup ka kota bandung atawa kota sejena nu
> dijieun walanda harita, bari jeung ayeuna urang teu bisa miara atawa
> ngembangkeun jadi hade. Heuheu
>
>
>
> Taun ieu jeung kamari ngalaman sarupaning lini dina hate jeung pikiran
> alatan ngarasaan ngulampreng ka negeri penjajah tea. Sakapeung hulang-huleng
> mikiran nu katempo, kabaca jeung kadenge. Cara di den haag aya ngaran
> stasion kareta api NOI. Ditanya ka batur kos nu s2 di leiden. Cenah NOI teh
> ti nederlans oost indie, alias indonesia ayeuna. Unggal kota di walanda aya
> komplek ngaran jalan make ngaran-ngaran pulaw jeung kota di urang. Di urang
> ge baheula, keur jaman walanda, ngaran-ngaran jalan teh make ngaran bau
> walanda.
>
>
>
> Di ruang introduksi tropen museum aya tulisan nu siga ngajentrekeun sikep
> walanda datang jeung ngajajah nusantara, yen maranehna datang teh ku
> maranehna mah dianggap hade, sabab nyieun kamajuan pikeun bangsa di asia
> tenggara. Tangtu kacamata bule, sanajan sacara realistis kaayeunakeun teu
> salah teuing. Sanajan teu ukur kitu. sabab keukeuh unsur bisnis/dagang
> pangutamana dina motivasi maranehna.
>  
>



-- 
Aldo Desatura ® & ©
================
Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

Kirim email ke