Kenging ngorowot tina 
http://www.facebook.com/#!/notes/wangsa-oerang-soebang-pitoein/pieunteungeun/404124707983.
 Ejahan sareng sawatara hal aya nu diomean.

Mugi mangpaat,

MGT
======================================





Pieunteungeun:

Dagang
jeung Allah

Wangsa Oerang Soebang Pitoein

Allah Ngadawuh: 



وَمِنَ النَّاسِ مَن يَشْرِي نَفْسَهُ ابْتِغَاء مَرْضَاتِ اللّهِ
....(ألبقرة:207)



“Jeung di antara manusa aya nu ngorbankeun dirina, sabab nyiar karidhoan
Alloh…..”(Al-Baqarah: 207)



Ayat ieu lungsur nalika salah saurang Shohabat nu namina Shuhaib atanapi nu ka
telah Abu Yahya hijrah nyusul Rasulullah SAW ka Madinah.

Di tengah jalan anjeunna dicegat ku Kaum Quraisy nu memang geus ngunguntit
ti satukangeun anjeunna ti Mekkah keneh, kadenge salah saurang gegeden kaum
Quraisy nyarita ka Shohabat Shuhaib:



“Yeuh, Shuhaib! Baheula anjeun datang ka kami kalayan teu boga naon-naon, tuluy
anjeun hirup babarengan jeung kami nepi ka anjeun boga harta banda tur jadi
jalma siga kieu ayeuna. Ayeuna anjeun rek kaluar ninggalkeun kami ..kalayan
mawa harta banda anjeun”

“Demi Allah, kitu lampah teh moal dilakukeun ku kami” waler Shohabat
Shuhaib, bari turun tina kudana, tuluy ngaluarkeun jamparing tina tempatna.
“Yeuh Kaum Quraisy..! arandika apal yen kami teh kaasup jalma nu maher dina
ngajamparing, demi Allah arandika hamo bisa noel kami, kajaba arandika haying
kapanggang ku jamparing kami ieu… atawa hayang ditilasan ku pedang kami ieu.
Sok lakukeun naon nu jadi karep andika ka kami!,“ saur Shohabat Shuhaib. 



“Kumaha lamun kieu...“. Shohabat Shuhaib neraskeun deui cariosanana: “Harta
banda kami prak tah keur arandika kabeh, mun seug eta harta banda nu jadi
pasualanana matak arandika ngahalangan kami pikeun hijrah nyusul panutan kami
Rasulullah ka nagri Yatsrib, kumaha mun kitu? Naha anjeun bakal tetep
ngahalangan karep kami pikeun hijrah ?” 

“Nya ..seug mun kitu mah! Kami moal ngahalangan anjeun pikeun hijrah nyusul
Muhammad ka nagri Yatsrib !” jawab salah saurang gegeden kaum Quraisy nu harita
milu ngahalangan lalampahan Shohabat Shuhaib nu seja hijrah ka Yatsrib.

Beres kitu mah Shohabat Shuhaib ngalajengkeun deui lalampahan Hijrahna.
Nalika anjeunna dugi ka payuneun Rasulullah SAW lajeng anjeunna nyarioskeun
naon nu karandapan di jalan teu kakantun nyarioskeun naon nu tos dipilampah,
nyaeta ngeunaan masrahkeun sadayana harta banda ka Kaum Quraisy. 



Nguping kana sasauran Shohabat Shuhaib, Rasulullah SAW ngadawuh:

“Bagja anjeun ..yeuh Abu Yahya! Anjeun geus ngayakeun dagang reujeung
Allah, nu eta dagang teh hamo tepung reujeung rugi…”. Rengse Kanjeng Nabi SAW
ngadawuh kitu, teu lami lungsur Wahyu Allah Qur’an Surat Al-Baqarah ayat 207
tadi :



وَمِنَ النَّاسِ مَن يَشْرِي نَفْسَهُ ابْتِغَاء مَرْضَاتِ اللّهِ
....(ألبقرة:207)



“Jeung di antara manusa aya nu ngorbankeun dirina, sabab nyiar karidhoan
Alloh…..”(Al-Baqarah: 207).



Tah, ayeuna, naon nu tos diniagakeun ku urang kangge ngabela agama Allah?

Mangga emutan! Da geuningan eta para shohabat mah tos maparin conto ka
urang dina ngabela agama Allah. Kalayan nandonkeun pati, jiwa, raga katut harta
banda. Nepi ka aranjeunna teh kalebet kana golongan jalmi-jalmi nu paling utama
mun seug aranjeunna janten Mujahid. 

Hal ieu teh taya kajaba, aranjeunna ngajantenkeun ajaran Islam teh minangka
tungtunan dina tiap laku lampah, oge nempel kuat dina ati sanubari, kajeun
paragat nyawa batan kudu coplok iman sareng islam, kajeun bitotama mun seug aya
nu ngahina atawa ngahancurkeun agama Allah. 

 

Wallohu A’lam Bish-Showaaab. 



Subang, 1072010



Maman Gantra

Jalan Salemba Tengah 51,

Jakarta 10440.

0812-940-5441


      

Kirim email ke