Punten yeuh ka Baraya sadayana..

Sim kuring teh resep kana ieu isi caramah na;ngan hanjakal sim kuring henteu 
sapenuh na ngartos kana basa Sunda,sakedik sih ngartos dina emutan teh,tapi 
tetep henteu sapenuh na ngartos maksad na;sapalihan sim kuring ngemutan,naha 
ari eta teh naon nya maksadna upami dikana basa Indonesia na keun teh?Hehe..

Janten,bade nyuhunkeun pitulung ah ka sadaya Baraya,bilih,,manawi aya anu tiasa 
sinareng keresa ngahartoskeunana kana basa Indonesia.

Hatur nuhun pisan sa teu acan na sareng sa atos na ka sadaya Baraya.

Baktos,
Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!

-----Original Message-----
From: Faisal <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 10 Jun 2010 09:45:00 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Sumber Bagja jeung bahagia..

Ceuk ajengan baheula mah ujang,  ari meunang ridho Alloh mah masing hirup
ngagetek ngagoler dina kolomberan ge ngeunah we..

Tapi sabalikna kajeun bru di juru bro di panto — rejeki ngalayah di tengah
imah ari jauh tina karidhoan Alloh mah euweuh ngeunahna..

Kajeun sagala aya ari teu dibarengan ku karidhoan nu boga alam dunia mah
euweuh ngenahna.
Ibaratna: kajeun dahar di imah nu beunghar ari nu bogana teu riho mah da
dahar ge moal  ngeunah..

Urang sholat, urang puasa, urang mungah haji — lain lantaran sieun naraka
jeung hayang surga.. tapi hayang dipikaridho ku Alloh we..

Urang bakti ka ibu rama, urang ngalayanan caroge, urang ngalayanan ka bojo,
urang neangan nafkah keur keluarga, urang nyakolakeun jeung ngislamkeun anak
— da taya lain keur ngudag-ngudag karidhoan Alloh..

Tugas hirup urang islam mah taya lain keur ngudag-ngudag karedhoan Gusti
Alloh. Ari geus meunang ridho Alloh mah ku Gusti teh da bakal diogo..

Sumber bagja jeung bahagia teh lain dina duit, lain dina pangkat, lain dina
elmu.. tapi sumber bagja jeung bahagia teh aya dina karedhoan Gusti Alloh..

Duit, elmu jeung pangkat eta mah ngan sakadar useup atau kecrik… Lauk na mah
aya dina karedhoan Alloh. Numawi ngalana kudu bener salaras jeung
parentah-panyarek Gusti..

Untung jeung rugina manusa gumantung kana kanya’ah  jeung kadedeuh Gusti
Alloh — Sedengkeun kanya’ah jeung kadeudeuh Alloh moal daekeun lancar
datangna lamun kahalangan ku dosa…

---

http://isal.wordpress.com/2010/06/05/kanyaah-jeung-kadedeuh-allah/

Taken from Ceramah Alm KH AF Ghazali ulama sunda veteran era 70-80an

ceramahnya bisa di downlaod di

http://aslisunda.wordpress.com/2010/02/10/ceramah-kh-af-ghazali/

Kirim email ke