Upami teu lepat, "kebo giro" mah eta mapag panganten versi kantor pos.
Hehehe, pis ah, eta mah heureuy wae.

Moal kitu kecap "jiro" dina istilah "kebo jero" teh asalna tina "siji-loro",
basa wetan anu hartina: "hiji-dua", nyaeta wirahma anu maneuh dina eta
langgam gamelan pamapag tamu?

manar

2010/6/13 mang mommo <[email protected]>

> Sampurasun saderek sadaya..
> Nepangkeun sim abdi mang mommo ti bandung..
> Tos lami ari ngagabung mah di milis ieu, seueur guaran nu ku abdi ka anggo
> pisan tur janten elmu panemu pikeun pribados nu rumaos urang sunda nu teu
> apal nanaon kana kasundaan..
> Dina waktos ieu sim abdi teh nuju bingung, panasaran.. Palay uninga.. Naha
> ari gamelan atanapi musik dina acara pangantenan sunda nu kasebatkeun
> pamapag panganten pameugeut dongkap teh namina kebo giro keneh ?? Da ari
> upami teu lepat kebo giro mah istilah urang sapalih nya ??
> Upami istilah atanapi nami leres na pikeun urang sunda teh naon atuh nya ??
> Sae pisan upami aya link na supados abdi tiasa ngupingkeun..
> Haturan nuhun kanggo sadaya.. Salam baktos kanggo sadaya..
> Walagri® on mobile Powered by Telkomsel BlackBerry®
>
> ------------------------------------
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Kirim email ke