Supados ulah salah faham, novel Atheis teh nu boga lalakonna Hasan urang Garut (tapi sanes MH, Mang Hasan ..hahaha). Hasan teh keur budakna dididik ku kolot jeung lingkunganana leket ibadah, bari loba disingsieunan ku naraka. Waktu Hasan geus bujangan jeung digawe di Bandung manehna papanggih jeung wanoja, aranna Kartini. Manehna "jatuh cinta" ka Kartini. Ti Kartini manehna warawuh jeung jelema-jelema nu boga pamikiran beda jeung alam lingkungan manehna waktu keur budak. Hasan teu siap "gaul" jeung jelema-jelema nu ngarasa boga pamikiran kieu, kaasup pamikiran Atheis. Hasan kaombang-ambing, teu boga argumentasi keur nyanghareupan jelema nu kararieu, sabab manehna mah kadidik ti bubudak yen Tuhan teh "yang Maha Mengerikan", lain "Yang Maha Kasih". Manehna ngaku Atheis, tapi hatena sok murengked lamun disebut Atheis. Ku si "Aki Ahdiat" (pangarangna), tokoh Hasan teh akhirna "dipaehan", Dicaritakeun maotna tragis ....
Mangga aos novelna atawa ngaos caping Gunawan Muhammad nu ku kuring diposting. Mung maca caping GM kudu taliti, dilenyepan sababaraha kali, biasana kakara kahartos. Salam, WALUYA ----- Original Message ----- From: mj To: [email protected] Sent: Wednesday, July 14, 2010 10:04 AM Subject: RE: Bls: [Urang Sunda] Aki "Atheis" teh geus mulang! Hahaha punten kang Joko tingkir, sigana salah paham. Nu dimaksad aki 'atheis' teh, pangarang achdiat nu ngarang novel judulna Atheis. Sanes anjeuna nu atheis. Novel nu judulna atheis, novel heubeul klasik, medal taun 1949.

